Dra. Nunung Kuraesin, M.M.Pd., Kepalas SMPN 28 Kota Bandung
majalahsora.com, Kota Bandung – SMPN 28 Kota Bandung kiwari keur soson-soson ngahangkeutkeun kagiatan pembelajaran nu aya patalina jeung kamajuan tehnologi. Di antarana dina nyanghareupan UNBK (Ujian Nasional Bebasis Komputer) taun 2018 nu bakal datang. Rencanana rék ngalaksanakeun sacara mandiri.
Kegiatan pelatihan nyieun soal simulasi UNBK, ti poé Salasa (7/11/2017) nepi ka Kemis (9/11/2017)
“Sumuhun ayeuna di SMPN 28 Kota Bandung nuju tatahar mayunan UNBK taun 2018. Dina taun 2017 kamari, siswa-siswi kelas IX UNBK-na ngiring di SMKN 3 Kota Bandung, di sakola nu dipupuhuan ku Bu Euis Purnama. Taun ayeuna mah hoyong mandiri, lumangsung di sakola baé,” cék Nunung Kuraésin, M.M.Pd., Kepala SMPN 28, basa ngobrol santéy di rohang damelna, Rebo isuk-isuk (8/11/2017).
Guru SMPN 28 Kota Bandung dipiharep ngawasa TI
Nilik kana éta hal, anjeunna ngagagas sangkan para guru SMPN 28 ngawasa kana TI (Teknologi Informasi). Salah sahiji tarékahna, nya éta ku ngayakeun kagiatan pelatihan nyieun tur mindahkeun soal kana sistem komputer. “Alhamdulillah ayeuna, nuju aya pelatihan kanggo guru-guru. Ngalihkeun soal nu biasana dicetak dina keretas dialihkeun kana software/aplikasi kanggo latihan simulasi UNBK. Ulah dugi ka gaptek,” pokna.
Yusman, guru ti SMK Informatika nu jadi mentorna dibantuan ku siswa SMK Informatika tur operator ti SMPN 28 Kota Bandung
Pelatihanana lumangsung di laboratorium komputer sakolana, diaping ku Yusman, guru ti SMK Informatika Bandung. Ku iyana para guru dilatih sangkan enya-enya ngawasa tur ngarti kana bag-bagan ngasupkeun soal kana sistemna. “Dinten ayeuna Rebo (8/11/2017), sim kuring ngalatih para guru salaku admin. Diajar ngalebetkeun soal kanggo simulasi UNBK. Aplikasina nganggo Bee Smart, salah sawios aplikasi pendidikan pikeun ngalaksanakeun CBT (computer based test) . Kabandungan ku sim kuring aranjeunna kataji pisan (antusias). Kumargi ayeuna mah serba tehnologi, para guru ditungtut kedah tiasa ngigelanana. Komo aya kawijakan ti pamaréntah sangkan ngalaksanakeun ujian nasional nganggo komputer,” cék Yusman téh.
Siswa kelas IX dina kagitan ujicoba simulasi UNBK
Ti isuk-isuk mula guruna silih genti ngiluan pelatihan, jadi sacara umum mah teu ngaganggu kana KBM (Kegiatan Belajar Mengajar). “Memang teu rempeg sadaya guru ngiring pelatihan. Bagilir, ningal jamna wé, pami nu kaleresan nyalsé teu ngawulang, tiasa ngiringan,” pokna.
Ngujikeun pelajaran matematika
“Alhamdulillah, ieu pelatihan téh tiasa laksana. Dideudeul pisan ku orang tua siswa SMPN 28, nya éta Pa Bintang, nu kaleresan mancén Kepala SMK Informatika Kota Bandung. Sababaraha waktu kalangkung sim kuring kantos tepang tur ngobrol seurieus sareng anjeunna, ngabahas ngeunaan sagala hal, kanggo mayunan UNBK mandiri taun 2018. Utamina mah nyiapkeun SDM-na. Sing horéng anjeunna nyanggupan, tur nyumpingkeun guru kanggo ngalatih para guru di SMPN 28,” cék Nunung deui.
Dra. Yetmi Hartati, Wakasek Kurikulum
Sabada réngsé pelatihan kasabit, laju diteruskeun ku pelatihan siswa kelas IX, nu jadi clien. Ku Yusman para siswa diajarkeun ngeunaan bag-bagan ngeunaan cara ngeusian data diri ujian, ngasupkeun token, tur ngeusianana. Nu disimulasikeunana téh pelajaran matematika, Soalna aya 10 siki kabéh piilihan ganda.
Nunung ngarasa reueus lamun réa siswa nu resep maca buku di pabukon
Masih aya pakuat pakaitna jeung IT, ayeuna gé pabukon ieu sakola geus ngagunakeun sistem komputer. Kayaning data nu nginjem buku, judul buku, data pengunjung, setatus buku, jrrd. Datana téh geus ka simpen dina server komputer pabukon.
Pabukonna geus maké aplikasi komputer
“Aplikasi komputer kanggo pabukon téh, kénging mahasiswa nu kantos PKL (Praktek Kerja Lapang) di SMPN 28 Kota Bandung. Ayeuna kedah dimekarkeun deui,” cék kepala sekolah nu kungsi jadi Kepala di SMPN 31 Kota Bandung téh.
Salian ti UNBK jeung pabukon, Nunung gé hayang IT téh dimangpaatkeun keur kagiatan lianna, kayaning pembelajaran di sakola, ujian dalam jaringan (ulangan harian, UTS sarta UAS), jsté. Ku kituna Nunung miharep, sagala sarana jeung prasarana pikeun ngadeudeul éta kagiatan téh bisa ngawujud. “Mudah-mudahan sagala halna digampilkeun. Kanggo kamajuan SMPN 28 hususna, bangsa Indonesia umumna,” Nunung mungkas obrolan. [SR]***