Pa Iwa Karniwa, Sekda Jabar (poto dok. Humas Prop. jabar)
majalahsora.com – Sekda Jabar Pa Iwa Karniwa negeskeun, ka singsaha baé pagawé non PNS nu digawé di instansi pamarentah téh, boga hak nampa gaji ka-14. Eta hal diungkabkeun, sabada muka kagiatan Bazaar Ramadan Dharma Wanita Persatuan Propinsi Jabar, tempatna di Pusdai Bandung, poé Rebo (7 Juni 2017).
Saur anjeunna ASN atawa PNS anu baris nampa gaji ka-14 téh, aya sarat sarta katangtuanana. “Upamana atos didamel janten pagawé non PNS langkung ti 10 taun sarta minuhan pasaratan lianna,” saur Pa Iwa.
Pa Iwa nétélakeun, anu meunang hak nampana téh pagawé non PNS di Pemprop. Jabar, kaasup di OPD sarta institusi atikan, kayaning guru non PNS di SMA/SMK.
“Sadaya padamel di lingkungan Pemprop. Jabar baris nampi gaji ka-14, kalebet para guru sarta tanagi atikan di SMA/SMK, anu kakara taun ayeuna dikokolakeun ku propinsi,” pokna.
Pa Iwa gé ngécéskeun, dina APBD Jabar taun 2017 keur mayar gaji ka-14 téh, geus dianggarkeun, kurang leuwih waragadna Rp. 108 Milyar. Engkéna perkepala baris nampa gaji ka-14, jumlahna mah luyu jeung sakalieun gaji nu katarima saban bulanna. [MS-Humas Prop. Jabar]***