
Kepala SMK Pasundan 3 Bandung
Dina raraga ngurangan runtah palastik, pamaréntah Indonésia nyieun kawijakan sangkan toko modéren hususna, teu nyadiaan kantong kérésék geratis. Ayeuna mah konsumén kudu meuli, lamun balanjaanana hayang diwadahan maké kantong kérésék téh. Harga jualna rupa-rupa, nu pang murahna Rp. 200.
Mitembeyanana basa tanggal 21 Pebruari 2016 katompérnakeun, patali jeung miéling Hari Peduli Sampah Nasional. Rempeg dilaksanakeun di 22 kota jeung kabupatén nu aya di Indonésia. Diujicobana salila genep bulan, tur dievaluasi unggal tilu bulan sakali. Lamun karasa hasilna baris diteruskeun.
**
Sobat Sora, pakait jeung warta nu di luhur, sababaraha waktu nu kaliwat Majalah Sora hasil ngawawancara padamel TU SMK Pasundan 3 Kota Bandung, nu dipupuhuan ku Bapa Drs. Agus Jumaédi, M.Si, ( Pa Boy).

Ibu Yuyun Sumiati TU SMK Pasundan 3 Kota Bandung.
“Ibu tos ngagaleuh tas balanjaan husus. Pangaosna Rp. 10.000, ukuranana lumayan ageung. Bahanna kawas kaén. Harita ngagaleuh di supermarket. Karaos pisan mangpaatna, sareng praktis, tiasa dicandak ka mana-mana, pami teu dianggo tiasa ditilepan, dilebetkeun kana tas damel. Nalika kana program diet runtah palastik ti pamaréntah, ibu mah panuju pisan. Supados runtah palastik tiasa ngirangan. Mung saur Ibu mah nguntungkeun minimarket/supermarket pami kantong kérésékna diical mah. Saéna mah sakantenan wé tong nyayogikeun kantong kérésék. Ibu mah waas ka jaman kapungkur, harita tos ramah lingkungan, upami balanja ka pasar ngagaleuh sayur téh, sok nyandak kantong nyalira.”


Téh Tita Hartawati, TU SMK Pasundan 3 Kota Bandung.
“Abdi panuju pisan kana program pamaréntah pikeun miara lingkungan. Mung pangaos kantong kérésék nu diical di minimarket sareng di supermarketna mirah teuing.”
Téh Mutiara Rinzani, TU SMK Pasundan 3 Kota Bandung.
“Moal karaos pangaruhna, upami minimarket sareng supermarket masih kénéh nyadiaan kantong kérésék. Saéna mah nyayogikeun tas balanjaan husus wé. Wios konsumén ngagaleuh rada awis, tapi tas-na teterasan tiasa dianggo.” [MS]***