Ngaji téh prosésna mah sarua jeung diajar. Ngan materina husus, nyaéta sagala rupa anu patalina jeung agama Islam. Malah, dina prakprakanana anu dasarna mah ngaji téh diajar maca Quran. Semet maca, tacan nepi kana ngahartikeunana, kitu deui qiroatna.
Dina tradisina, ngaji téh di madrasah atawa di pasantrén. Nu ngajarna ustad atawa ajengan. Tapi mindeng ogé kajadian ngaji téh di lemburna waé. Barudak diajar ka ustad nu aya di éta lembur, biasana mah waktuna téh bada magrib nepi ka isya.
Salila ngaji, lain ngan semet diajar maca Quran tapi ogé jeung adab-adabanana. Upamana waé dina lebah nyekel atawa mawa Quran. Ku ustad dipapatahan Quran téh teu meunang dijingjing. Lamun kapaksa bisa dikélék. Alusna pisan disuhun. Malah dicekelna ogé kudu ku leungeun duanana. Bisa jadi tradisi kitu téh ayeuna mah geus langka. Komo deui pan ayeuna mah Quran téh bisa aya dina ponsél.
Lebah dieu patalina jeung mushaf. Ceuk ulama, nu disebut mushaf téh nyaéta Quran anu eusina aksara Arab wungkul. Nu ngaranna tafsir atawa tarjamahanana mah cenah lain mushaf. Nu matak adab-adabanana ogé béda.
Umat Islam kacida ngajénanana kana Quran lantaran éta téh kalamullah, kalam anu sumberna ti Allah swt langsung. Ceuk Nadirsyah Hosén, aya genep tahapanana éta kalam Allah nepi ka ngajanggélék jadi barang citakan saperti ayeuna.
Tahapan kahiji nyaéta waktu ditepikeun ku Allah swt ka malaikat Jibril. Ningkat kana tahapan kadua, waktu ku malaikat Jibril ditepikeun ka Nabi Muhammad saw. Dina tahapan nu dua ieu mah éstu saujratna. Nu ditepikeun ku Jibril ka Kangjeng Nabi téh taya robahan nanaon sakumaha anu didugikeun ku Allah swt.
Dina tahapan katilu ku Kangjeng Nabi Muhammad saw wahyu téh ditepikeun ka para sahabat. Béda jeung Nabi Muhammad anu narima wahyu ti Jibril bari teu aya koméntar nanaon, waktu éta wahyu ditepikeun ka para sahabat mah Kangjeng Nabi kudu ngajelaskeun. Kituna téh lantaran di antara para sahabat téa aya anu tatanya kumaha maksudna atawa kumaha prakprakanana. Lebah dieu mah aya interprétasi Kangjeng Nabina ku anjeun.
Waktu Kangjeng Nabi jumemeng kénéh ayat-ayat Quran téh umumna mah diarapalkeun. Sanggeus Kangjeng Nabi pupus kakara karasa perluna anu tadina ngan cukup ku diapalkeun téh kudu dikumpulkeun. Nepi ka dibentuk panitiana sagala. Maksudna supaya ulah aya nu béda, ceuk ieu kieu ceuk itu kitu.
Ti dinya karasa perluna ayat-ayat anu geus dikumpulkeun jadi hiji téh perlu disebarkeun ka sababaraha tempat. Ieu patalina jeung beuki legana pangaruh Islam ka daérah-daérah séjén. Lantaran unggal daérah geus nyampak adat kabiasaanana masing-masing, lebah maca ayat-ayat Quran gé aya nu béda. Ti dinya timbulna qiroat téh. Ulama sapuk aya tujuh qiroat dina enggoning cara jeung lagamna maca Quran téh.
Lantaran agama Islam terus nyebar ka papat madhab, aya masalah deui waé. Sanajan geus ngagem agama Islam tapi henteu otomatis saréréa bisa jeung ngarti kana basa Arab. Di antarana kaasup umumna umat Islam nu aya di nagara urang. Béh ditu mah teu kurang-kurang ulama anu teu ngidinan lamun Quran ditarjamahkeun kana basa séjén. Alesanana kacida héséna néangan kecap dina basa séjén anu hartina persis sakumaha kekecapan anu aya dina Quran, cenah.
Tapi réa ulama séjén anu satuju lamun Quran ditarjamahkeun kana basa séjén, saluyu jeung pangabutuhna. Tujuanana supaya eusi Quran bisa kaharti, sanajan enya tacan tangtu terjemahanana téh sarua persis jeung nu dimaksud dina kecap asalna. Aya ulama anu nyebutkeun, rék teu hésé kumaha narjamahkeun kekecapan nu aya dina Quran lamun kecap kafir waé babandingan hartina dina basa séjén téh aya sababaraha rupa.
Éta sababna ulama sapuk yén nu ngaranna tafsir atawa tarjamah Quran mah (kaasup dina basa Sunda) lain Quran. Mun dina tafsir téa aya anu salah, lain Quranna nu salah.
Sakumaha ati-atina para ulama tangtu moal bisa megatan rupaning tarékah atawa akal-akalan manusa dina méré tafsir atawa ngamaknaan ayat-ayat Quran. Boro-boro bangsa urang anu basa jeung budayana béda, dalah urang Arabna sorangan gé henteu babari ngarti kana ayat-ayat anu aya dina Quran téh. Basa Arab dina Quran ayeuna sarua jeung basa Arab waktu diwahyukeun 14 abad ka tukang.***