Teu kungsi sabulan sabada proklamasi kamerdékaan, Republik Indonésia ngumumkeun kabinétna anu munggaran tanggal 2 Séptémber 1945. Nu diangkatna téh aya 16 mentri, saurang juru bicara negara jeung 5 mentri negara salasaurangna Otto Iskandar di Nata. Tina mentri anu 16 urang téa, salasahijina Mentri Pengajaran, Ki Hajar Déwantara. Harita mah disebutna kitu, Mentri Pengajaran lain Mentri Pendidikan.
Ki Hajar Déwantara téh jenengan aslina mah Radén Mas Soerjadi Soerjaningrat. Anjeunna sesepuh Taman Siswa, salasahiji sakola jaman harita anu cara ngajarna béda jeung sakola umumna. Nu dipentingkeun di sakola-sakola Taman Siswa mah ngajurung karep atawa minat jeung karakter siswana sorangan.
Bangsa pribumi, anu ku pamaréntahan kolonial Walanda sok disebut inlader, geus ti béh dituna kénéh teu sugema ku sakola-sakola umum anu diadegkeun ku Walanda. Diskriminatif pisan sakolana téh. Di antarana ngan turunan ménak anu bisa asup ka sakola-sakola anu di sakolana ngagunakeun basa Walanda. Nu ngaranna SD ayeuna upamana, nepi ka taun 1950-an masih kénéh disebut sakola rakyat. Lantaran teu panuju kana sakola umum téa, para kiai jeung ulama ngaradegkeun pasantrén jeung madrasah. Ari Ki Hajar Déwantara ngadegkeun Taman Siswa téa. Nepi ka ayeuna ogé sok mindeng kénéh disabit-sabit, papagon pangajaran di Taman Siswa téh aya tilu. Ing ngarso sung tulodo, ing madyo mangun karso, tut wuri handayani. Nu katiluna dilanggengkeun dina lambang Kementrian Pendidikan nepi ka ayeuna.
Lamun awalna parancah pendidikan di urang téh kitu, nu matak sok rada hémeng ku naon ayeuna maké geus jadi babasan pajar cenah guru téh pahlawan tanpa tanda jasa. Kituna téh dumasar kana kasadaran jeung kaiklasan atawa ngarasa nyeri haté?
Ngajar téh kacida pentingna pikeun népakeun kanyaho jeung élmu pangaweruh. Ceuk basa gindingna sakola téh lembaga anu bisa nyiapkeun generasi nu bakal datang. Hartina, nya di dinya dibekelanana téh. Moal enya mekelan generasi nu bakal datang cukup dipercayakeun ka pahlawan tanpa tanda jasa. Padahal jasana sakitu gedéna.
Sabada Perang Badar, Kangjeng Nabi ngawawarkeun sing saha tawanan anu daék ngajar ka kaum muslimin anu masih kénéh buta huruf, otomatis bakal jadi jalma anu merdéka. Sakitu pentingna apan ngajar téh.
Ayeuna-ayeuna di dunya internasional, kaasup dina widang téknologi anu kacida majuna, urang India téh keur ngalalakon. Salasahijina, nu mingpin Microsoft urang India. Padahal ampir beunang disebutkeun saha jalmana ayeuna anu teu butuh ku produk Microsoft. Ceuk cenah di nagara urang gé geus loba urang India anu dipercaya jadi diréktur keuangan di pausahaan-pausahaan badag. Padahal diréktur keuangan mah tara dipercayakeun ka sambarang jalma. Atuh anu leuwih haneutna deui, Kamala Harris anu diparilih jadi Wakil Presidén AS, indungna téh apan urang India.
Ku naon urang India nepi ka bisa maraju kitu? Ceuk anu kalawan leukeun niténan India ti baréto nepi ka ayeuna, cenah lantaran ti awalna kénéh kawijakan dina widang pendidikan henteu mindeng robah-robah. Babonna nyonto kana sistim pendidikan di Inggris. Sadar yén penduduk nu sakitu lobana, nu dipentingkeun dina pendidikan di India mah eusina lain bungkusna. Aya buku ipis ngeunaan yoga. Nu nyusunna profésor. Cenah éta buku téh jadi salasahiji buku ajar di sakola-sakola. Tapi naha atuh bukuna mani wawayagon kitu? Mémang ngahaja, cenah. Keretasna milih anu murah, mun di urang mah keretas mérang. Geuning ngajidilna gé babari caroplok kitu? Babari ruksak atuh? Teu nanaon, cenah. Nu penting mah eusina alus jeung haregana murah, bisa kabeuli ku rayat biasa.
Béda pisan jeung di urang atuh nya? Pan di urang mah buku pangajaran téh karandel, keretasna alus. Akibatna, haregana mahal jeung mawana matak beurat. Ari eusina? Naha sistim pendidikan di urang bakal terus kitu, siga nu leuwih mentingkeun cangkang batan eusi?***