Bu Siti, Waka Humas SMAN 1 Kabupaten Cianjur
majalahsora.com, Kabupatén Cianjur – Poé katilu (Rebo, 5 juli 2017), kagiatan PPDB jalur akademik (taun ajaran 2017-2018) di SMANSA Cianjur atawa SMAN 1 Kabupatén Cianjur téh, bajalan lancar. Ieu sakola nu dipupuhuan ku Pa Jarwoto téh baris nampa 408 siswa, nu engkéna diwadahan di 12 kelas. Sakelasna nampung 34 urang tur dibagi di tilu jurusan, nya éta IPA, IPS reujeung kelas Bahasa.
Pa Samsul Arifin, ahli IT SMANSA Cianjur sareng Drs. Cece Suhandi, Waka Kesiswaan nu ngarangkep jadi sekretaris PPDB SMANSA Cianjur
Hal kasabit téh didadarkeun ku Drs. Cécé Suhandi, salaku Waka Kesiswaan nu ngarangkep jadi sékrétaris PPDB di SMANSA, tur dihaminan ku Bu Siti, Waka Humasna.
“Alhamdulillah di SMANSA Cianjur, kagiatan PPDB akademikna bajalan lancar. Pami dikirangan ku kuota non akademik mah, nu baris ditampi dina jalur akademik téh kirang langkung aya 242 siswa, saur Drs. Cécé téh.
Spanduk PPDB di SMANSA Cianjur
Siswa nu geus katarima, ngaliwatan jalur non akademik, kayaning RMP (Rawan Melanjutkan Pendidikan), préstasi olah raga, seni, agama, jalur MoU jeung undang-undang guru, jumlahna aya 166 siswa. Ngawengku jalur RMP 26 siswa, MoU 15 siswa, undang-undang guru 12 siswa, sésana jalur préstasi non akademik. Alatan siswa nu katarima ngaliwatan jalur RMP teu minuhan, mangka sésana dieusian ku siswa ti jalur préstasi.
Siswa nu geus katarima ngaliwatan jalur non akademik téh, dina poé Rebo 5 Juli 2017, ngiluan tés keur penjurusan/peminatan, tempatna diopat rohangan, kagiatanana dibagi dua sési, isuk-isuk jeung pasisiang.
Pelayanan optimal ti panitia PPDB SMANSA Cianjur
“Di SMANSA, rencanana siswa anyarna téh, baris diwadahan di 12 kelas, 1 kelas bahasa, 4 kelas IPS sareng 7 jurusan IPA. Eta téh disaluyukeun sareng jumlah guru sareng penyebaran tur tungtutan kurikulum. Siswana dités heula, sistemna sapertos UNBK, jumlah soalna aya 50 siki, basa Indonésia, basa Inggris, matematika, IPA sareng IPA, masing-masing 10 soal,” Drs. Cécé, nandeskeun.
Taun 2017 ayeuna mangrupa taun munggaran PPDB SMA/SMK negri di sakumna Jawa Barat, dikokolakeun ku Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, kaasup di SMANSA Cianjur. Ku kituna aya sababaraha hal anu béda ti batan PPDB taun-taun méméhna. Ayeuna mah ukur di tempo peunteun UN ditambahan ku poin jarak. Lamun jarakna kurang ti 17 km mangka poinna bakal ditambahan 9, lamun beuki jauh poin tambahanana beuki leutik.
Kagiatan PPDB akademik di SMANSA Cianjur
“Tos opat taun SMANSA Cianjur, ngalaksanakeun PPDB sacara on line kalebet ayeuna, mung taun méméhna mah on linena téh, ditingal dina web SMANSA Cianjur. Ayeuna mah daftarna sacara manual mung ku panitia engké diinput sacara on line ka web PPDB Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat,” saur Bu Siti, salaku Waka Humas.
Calon siswa anyar SMANSA nu katarima ngaliwatan jalur non akademik keur di tes jalur peminatan
Nepi ka pukul 14.00 (Rebo, 5 Juli 2017), nu daftar ka ieu sakola nu aya di Jalan Hidayatulloh no. 62, Kecamatan Cianjur téh, masih kénéh lumayan ramé, sanajan kaayaanana teu kawas poé kahiji. Kacatet jumlahna geus aya 402 urang, samentara peunteun UN pangbadagna nya éta 378, atas nama Siti Dara, ti SMPN 1 Cianjur. [SR]***