Ngulangkeun pacul téh beuki dieu beuki asa beurat. Ah, da sabenerna mah teu pipilih rék pejabat rék nu masakat sarua kudu dikaluat. Amin nu biasana récok ayeuna mah balem. Balad nu lianna ogé teu loba cacarita. Di luhur Kang Bahri memener head lamp. Angin beuki tarik, guludug beuki kerep. Kawas nu téréh cur hujan. Boa kabéh ogé keur ngarasakeun tanaga nu nyirorot, awak ogé geus limpeu. Naha isuk pagéto bakal jaragjag kénéh kitu?
“Lamun urang nepi ka hanteuna jiga maranéhna, saha nu rék ngurus nya?” Ceuk Amin.
“Lah, barina gé kawajiban nu harirup éta mah,” témpas kuring.
“Bener. Ibadah urang mah ngan ukur kawas kieu,” témbal Kang Bahri.
Seuneu ngabebela ngaleglegan baju hazmat. Késang ngagarajag maseuhan sakujur awak. Hawar-hawar sora anjing kampung babaung awor jeung séahna angin.
Kang Bahri, tukang gali sénior nu katénjona sumanget jeung gedé tanaga téh. Lain ari tara capé mah da sarua jalma biasa. Éta ku matak katajina téh tara nénjokeun lungsé komo ngangluh mah. Ceuk tukang gali sénior lianna mah manéhna téh ruruntuk jago voli. Pamuda kampung nu ukur maén di kleub tingkat désa, bisa kabawaan seléksi tingkat propinsi. Mutuh matak reueus salelembur. Mulan-malén latihan sarta hirup di asrama persiapan PON. Ari dina prungna ngadon cidera. Atuh lapur.
Sanggeus tatamba ampir genep bulan eureun maén voli deui. Trauma. Meunang dua taun mah jadi tukang kuli bangunan. Aya nu ngajak jadi tukang gali kuburan di TPU téh teu loba mikir deui. Nepi ka ayeuna pisan teu incah. Tuluy diangkat ASN husus ngurus pamakaman sarta jadi koordinator. Sedengkeun nu lianna tanaga honorér lepas.
Amin, pangawakanana keker tur gedé tanaga. Geus dua belas taun jadi tukang ngaluat. Kawasna ngan manéhna wungkul lamun ngagali teu daék répéh téh. Aya alusna ogé, unggal ngagali jadi milu sumanget. Mimitina mah ngariung babacaan heula. Ngan sakeudeung jemplingna téh ukur sora gecruk pacul jeung singkup. Tuluyna mah tinggerendeng meupeuskeun simpé.
Ampir sapuluh bulan jadi tukang ngaluat istiméwa téh. Geus welasan taun hirup jadi tukang ngali kubur di TPU pasisian kota. Biasana mah ukur hiji dua dina samingguna kiwari mah ampir unggal poé. Éta ogé pédah ditunjuk ku Pemprov, TPU ieu jadi tempat ngamakamkeun layon korban sasalad nu keur meujeuhna mahabu. Geus teu kudu ditanya kumaha capéna. Kahayang mah ambulan téh teu datang tilu poé wéh. Hayang reureuh sakeudeung mah. Tapi teu bisa. Ayeuna ogé kakara satengahna réngsé digali. Awak gejed maké seragam bodas kawas rék ka bulan.
“Begang-begang ogé jagjag di dinya mah. Jeung teu matak heurin usik di jero,” ceuk Amin, tuluy ngahéhéh. Kuring bati nyengir. Moal kadeuleu da maké masker. Doran pacul téh asa ku beurat. Piraku kurang dahar mah. Apan tadi sasarap heula jeung nginum vitamin. Duaan di jero liang téh. Sakeudeung deui anggeus. Kang Bahri di luhur keur nampa telepon. Balad nu duaan deui nungguan ambulan di lawang TPU. Layon katujuh bakal téréh dikurebkeun.
Pa RT Kosim jeung DKM Umar nu sok nyumangetan téh. Ngan nu matak nyeri haté téh tatangga boh nu deukeut boh nu anggang jadi béda paroman. Kawas ka musuh wé ayeuna mah. Atuh nu di imah ogé jadi asa heureut ngaléngkah. Da éta horéam nénjo nu sararinis jeung tingbirigidig. Naon salahna tukang ngali kubur coba? Nu puguh mah nulungan kulawarga nu tunggara. Geura basa mimiti ramé ngamakamkeun mah ukur maké jas hujan. Ari digawé ti isuk nepi ka peuting. Jaba teu meunang balik ku pamajikan da sieun katépaan. Angot tatangga mah ngadon usul ka RT sagala, cenah tukang ngali kubur sina nyaung-nyaung di lokasi TPU.
Gék diuk dina papan urut nunda inumeun genep jam kalarung. Hanaang mah karuhan ayeuna ogé, geus hayang saregot-regoteun. Ngan kudu tumut kana SOP yén make baju APD nu dipaké téh teu bisa sambarangan. Saméméh ucul-ucul kudu disemprotan heula. Tuluy kukumbah maké sabun. Waktuna reureuh gé kudu paanggang jeung balad téh. Poé ieu mah teuing ku ripuhna asa leuwih-leuwih ti sasari, padahal ngaluat liang kubur téh ngan 6 liang katujuh nu cikénéh bérés. Teuing asa ku lewang ngagecrukkeun pacul téh bieu mah, asa napak asa henteu. Jeung deuih ambulan téh can jol kénéh waé.
Baju hazmat anu bahanna tina polyester téh matak panas karasana. Lamun réngsé ngamakamkeun jeung mobil ambulan geus teu katénjo, nya kudu geuwat dilaanan tuluy di duruk. Tah, geus kitu kakara bisa nyenghap sakeudeung. Ngan édas kesang ngagarajag kawas nu mandi. Minangka ngaleungitkeun strés téh ukur gogonjakan sakeudeung. Majarkeun téh karék hanjat ngojay ti walungan atawa adus teu tamat. Koordinator kudu hadir unggal waktu, hapé ulah pareum. Sabab sawaktu-waktu lamun aya berita nu rék dimakamkeun, pasukan ngaluat geus siap. Atuh lamun aya béja ambulan nu mawa peti layon téréh jol, kudu geus siap sayaga maké baju hazmat jeung masker. Teu nepi ka dua menit geus saged. Pacul jeung singkup mah kawas senjata perang, teu meunang jauh.
Sabenerna mah teu lila prakprakan ngamakamkeun téh. Kitu wé ukur nampa peti ti petugas rumah sakit tina ambulan. Tuluy ngurebkeun dipungkas ku nancebkeun patok tina papan. Nyaan asa teu normal jeung teu afdolna mah. Ngan nya kumaha deui kaayaan darurat kudu tumut aturan. Sakapeung mah sok aya petugas satgas nu ngadunga. Ngan éta ku lobana nu kudu digali nu matak capé mah. Sok aya ogé anggota kulawargana anu hadir. Ngan kitu ukur ngajentul kawas arca. Réngsé dikurebkeun, kudu geuwat mulang. Matak nyelek kana tikoro nénjo suasana kitu téh dua bulan mah. Kiwari geus jadi biasa.
Kungsi goyah batin basa mimiti meuweuh sasalad tur loba nu dimakamkeun. Éta wé ti isuk jedur nepi ka ampir tengah peuting teu meunang ingkah ti makam. Dua puluh urang dina opat grup téh genténan dibagi shift. Ari reureuh ukur di posko darurat. Sawaréhna mah di pos jaga makam. Pareng aya jatah waktu balik ka imah, matak napsu. Keur mah capé lahir batin der teu meunang asup ku pamajikan deuih, sakitu geus ngajalankeun protokol kaséhatan téh. Cacarita pajauh di luar pager jeung dina téras. Ku pamajikan dibekelan sarung, sajadah, baju ganti jeung dahareun. Ari rék mulang deui ka makam panggih jeung tatangga nu pasarandog, ngadon tingdarelék. Asa jadi musuh masarakat bari teu rumasa nyieun kajahatan ka batur. Tuluyna mah hayang eureun jadi tukang ngali kubur sasalad. Nya alpukahna RT jeung DKM nu matak hudang deui sumanget téh. Malah pamajikan ogé tuluyna mah ngarojong.
“Nu matak karunya mah basa minggu kamari ngurebkeun pejabat urang sebrang. Éta anakna keukeuh hayang milu ngaluat. Ceuk petugas nu nganteurkeun mah geus ditolak ti dituna kénéh. Tuluy manéhna ménta idin nyaksian. Nya diidinan tapi ti kajauhan kira-kira tilu puluh méteran lah. Horéng manéhna téh bubuara di luar kota langka balik. Ari kolotna maot ngarasa kaduhung teu gancang balik basa keur geringna,” ceuk Kang Bahri nu pangnyahona kana silsilah nu dikaluat.
“Padahal mah keur di rumah sakitna gé da angger moal bisa nepungan nya? Apan dipahing asup,” Amin milu ngéngklokan.
“Enya. Kitu geuning ukur lalajo ti kajauhan bari ranggah leungeunna. Ngadungakeun meureun,” kuring ogé jadi kabawakeun ngomong, sanajan awak lungsé béak karep.
“Urang mah ngan saukur tukang gali sakieu matak barabéna. Komo maranéhna nu tugas mulasara nepi nganteurkeun ka dieu nya?” Ceuk Kang Bahri deui bari téténjoanana melong ka jauhna.
Geus liwat isa, ambulan kadalapan can aya béja di mana kénéh. Mun aya béja kudu ngagali deui téh pasti ngéndong deui di pos. Ampir ngalenggut basa Kang Bahri ngajorowok méré tanda téh. Pasukan geuwat maké baju seragam. Sagala rupa disemprotan maké disinféktan. Bring ka tempat nu geus dituduhkeun. Opat jam deui bakal aya prosési ngurebkeun.
Angin peuting ngahiuk nebak dangdaunan. Langit poék meredong. Kalakay mahoni ngadupakan tangkal samoja. Patok-patok parentul luhureun taneuh beureum kacaangan lampu pos. Mun seug waktu bisa dihiras, ku hayang ménta sina reureuh sakeudeung.***
Panglawungan 13, Januari 2021