Ir. Deudeu Mulyati, M.Si, Kepala SMKN 7 Kota Bandung
Tanggal 15 Juni nepi ka 18 Juni 2016, SMP, SMA jeung SMK negri nu aya di Kota Bandung, ngalaksanakeun kagiatan PPDB (Penerimaan Peserta Didik Baru) taun pelajaran 2016-2017 jalur non akademik. Hasil kalulusanana baris diumumkeun tanggal 25 Juni 2016.
Patalina jeung hal diluhur, Majalah Sora ngahaja ngadongdon ka SMKN 7 Kota Bandung, nu pernahna di Jalan Soekarno Hatta No. 596. Ieu sakola kimia kahot téh, boga opat paket keahlian, nya éta Kimia Industri, Teknologi Penyempurnaan Tekstil, Kimia Analis jeung Farmasi.
Rebo (15/6/2016) pasisiang kadituna téh, nepungan Kepala SMKN 7, nya éta Ir. Deudeu Mulyati, M.Si. Salian ti Bu Deudeu Sora gé tepang sareng Pa Tatang Husén, S.Pd, salaku ketua PPDB ieu sakola.
Tempat pendaftaranana aya di gedong utama, nu ngahiji jeung rohang kepala sekolah sarta rohang wakil kepala sekolah. Jumlah panitia PPDB-na kurang leuwih aya 24 urang. Dua bulan saméméhna panitia PPDB SMKN 7, nguriling ka SMP sa-Bandung Raya pikeun nyosialisasikeun PPDB taun 2016. Ku éta tarékah dina prungna poéan pendaftaran téh geus ngagimbung datang ka SMKN 7 Kota Bandung.
Pa Tatang Husén, S.Pd, Ketua PPDB SMKN 7 Kota Bandung
“Alhamdulillah dinten kahiji PPDB ngalangkungan jalur non akademik lumangsung lancar. Kumargi tim PPDB SMKN 7 Kota Bandung sateuacanna tos nyosialisasikeun ngeunaan hal ieu. Mudah-mudahan kapayunna teu aya hahalang, dina raraga nyukséskeun PPDB di Kota Bandung,” saur Pa Tatang Husén, ketua PPDB SMKN 7 Kota Bandung.
Kepala TU, Ibu Sri Sugiharti (jilbab kayas)
Total kuota siswa anyar nu baris ditarima di SMKN 7 Kota Bandung dina taun ieu, nya éta 512 siswa pikeun paket keahlian Kimia Industri 128 urang/4 kelas, Tek. Penyempurnaan Tekstil 64 siswa/2 kelas, Kimia Analis 192 siswa/6 kelas, sarta Farmasi 128 urang/4 kelas. Tina jumlah kuota nu ditarima kurang leuwih 38 persen siswa katarima ngaliwatan jalur non akademik, saperti jalur préstasi, inklusif, rmp (rawan melanjutkan pendidikan), jsté. 62 persenna ngaliwatan jalur akademik, nu baris dibuka tanggal 27 Juni nepi ka 30 juni 2016. [MS]***