Tadina mah rék terus balik, tapi Titilaras nyebutkeun can nyangu di imah, mending dahar heula. Mobil eureun di hiji café. Dina plangna ngajeblag aksara Tiger Art. Cékas jeung Titilaras milih korsi nu rada di juru. Angkanan maranéhna rék neruskeun obrolan tadi, ngarah salsé. Da lebah dinya mah henteu loba teuing nu dahar. Kosong. Teu sabaraha lila jol pelayan ngasongkeun daftar menu. Cékas, nyebutkeun kumaha pamajikanana wé, basa ditanya rék dahar naon. Teu lila pesenan datang, sangu bodas sasangku leutik, goreng lauk emas, sambel, lalab, oseng kangkung, jeung peuteuy. Citéh panas dua gelas. Am duanana langsung dahar. Komo Cékas mah mani ngalimed.
“Terus?” Cék Titilaras bari ngahuapkeun sangu jeung oséng kangkung.
“Enjing Dédén dipapag nganggo mobil anjeunna ka bumi. ”
“Terus?”
“Tanteu Umyang hoyong tepang sareng penulis biografi terbaik.”
“Percaya kitu?”
“Why not?” Cék Cékas. Rada ngarandeg nyaritana téh, da tas ngahuapkeun lalab dicoél sambel, ladaeun. Rot heula nginum citéh panas.
“Hallaaah,” pokna.
“Kade Céky, pan Tanteu Umyang téh istri misterius.”
“Alaaah, éta mah gossip. Saha nu kungsi nalungtik sacara rinci kaayaan anjeunna nu sabenerna. Kakara cenah, kakara wacana. Kawas lain garwa wartawan, bet percaya kana béja. Urang coba wé. Ari Cékas mah kabita ku saratusjutana wé.”
Titilaras jempé. Manéhna sarua nginum citéh panas, ngaleungitkeun lada, sanggeus méakkeun lalab asak saayakan leutik.
“Kagé bogoheun,” cék Titilaras rada ngosom.
“Naaa ari Si Sweety. Piraku atuh Dédén selingkong sama prameswari segini cantiknya. So imposible. Ulah hariwang, imanku kuat, kok.”
“Geuning ku saratus juta gé kabita.”
“Ih, atuda aya jalan pikeun boga mobil anyar.”
“Ngan sakitu udaganana nya, Dédén Gombal téh?”
“Aya deui.”
“Naon?”
“Menggali kemisteriusan seorang manusia.”
Sanajan kasebutna sagala murah, tapi ieu café téh katénjo pinuh. Lolobana barudak ngora. Mun aya gé kolot, anu jiwana ngora waé, meureun. Cékas jeung Titilaras kabagéan kénéh tempat sanajan di juru. Tadi gé kakara gék dariuk, langsung ngurunyung nu ngalayanan, maké papakéan Enon. Ayeuna jol deui jajaka, maké baju koboy, tapi sirahna diiket, henteu ditopi. Teu ngomong nanaon koboy téh, sok wé daftar inuman, anu ditulis tangan. Ngaran kadaharan jeung inuman gé geus dihaja diheureuykeun.
Ayalauk katirisan, daging sapi diet, kangkung bungbu kolek, sop sampéan sapi, Goréng tahu gembul, jeung réa-réa deui. Inuman kitu deui. Aya Jus beling, sirop kalékéd. Keur nu teu apal mah matak hayang balik deui. Tapi barudak ngora nu langganan mah geus arapaleuni. Tadi Titilaras mesen kadaharan. Ayeuna ditawaran inuman, ukur pesen jus alpuket.
Jempé sakedapan. Duanana bangun ponyo dahar sangu haneut jeung sambel lada, dicoél ku lalab asak jeung goréng peuteuy. Lauk emas digoréng garing kari cucukna, oséng kangkung kari caina, sambel kari coétna. Urut dahar diakutan ku pramusaji, da teu lila kurunyung pesenan anyar, jus alpuket dua gelas. Titilaras masih kénéh nginum citéh nu ayeuna mah geus teu pati panas. Manéhna kawas hayang ngaleungitkeun pisan lada sambel nu tadi.
“Jadi kumaha eksit permitna aya ?” Cék Cékas.
“Meunang maké sarat?” Cék Titilaras.
“Naon saratna téh?”
“Mun aya gejala Tan-Gir, mundur, nya.”
Cékas seuri ngabarakatak.
“Lain seuri! Daék teu aya sarat kitu?”
“Oké ! Oké, lah.”
Ayeuna mah Titilaras nu nyikikik.
“Néng tagihanana, punten,” cék Cékas ka pramusaji.
“Bill kituh, lain tagihan,” cék Titilaras.
“Di dieu mah sanés bill Téh, onghar.”
“Naon onghar téh?” Cék Cékas,
“Ongkos dahar,” témbal pramusadji bari imut. Cékas jeung Titilaras dibéjaan yén dahar di dieu mah kudu mayar ti heula. Ku lantaran duanana can apaleun, dihampura. Terus duanana ngajugjug lokét pembayaran. Ngan ngasongkeun duit ratusan salambar gé, dipulangan kénéh.
“Murah pisan,” cék Titilaras.
“Ngaranna gé café tigerat, jadi keur jelema anu kurang duit. Ngarah gaya ditulisna wéh Tiger-art,” cék Titilaras.
“Ka mana ayeuna?”
“Pulang wé,” témbal Titilaras.
Beurang geus ngahaeub ka asar, basa dua nonoman téh ninggalkeun café Tiger-Art. Maranéhna langsung balik. Anu leuwih penting idin téh ti Embu jeung Bapa. Lantaran ieu nu rék ditulis téh jelema ahéng. Naha moal jadi matak ka dirina jaga. Anu jelas lamun téa mah diterbitkeun, inggis loba réaksi ti masarakat. Sanajan ditulis ku basa Sunda, tapi bisa waé aya nu apaleun saha ari Umyang. Nu matak pamanggih indung jeung bapana kacida dianggap pentingna ku Cékas.
Basa tepi ka imahna, kasampak indung bapana keur dariuk hareupeun televisi di ruang tengah. Kawas sasari indungna langsung nawaran dahar.
Cékas nyebut wareg bari nyokot goréng tahu tina méja makan. Ari Titilaras mah langsung ka paviliun, imah maranéhna. Gék Cékas diuk dina korsi anu papahareup jeung bapana. Sok jékét jeung ranselna ditunda dina méja. Ku indungna langsung dirawatan, dibawa ka jero. Bapana anteng nyeuseup padudan nyerebung-nyerebungkeun haseupna.
“Pa, abdi aya nu miwarang ngadamel biografi deui,” pokna. Teu lila indungna asup deui ka rohangan éta, gék diuk dina korsi gigireun bapana. Kop kana bordélan nu tadi ditunda dina luhur méja. Terus ngahanca pagawéanana. Cékas neuteup bangun reueus nénjo kolotna sakitu bagjana. Salawasna katénjo duaan waé. Saumur hirupna tacan kungsi ngadéngé pabéntar paham, sok komo papaséaan. Sanajan tangtu waé barébédan mah aya, ngan tara kaciri ku anak. Ayeuna gé anteng wé kana televisi. Duaan, nyaksian lalakon anu sarua.
“Saha, Jang?” Cék bapana.
“Honorna sabaraha cobi, Pa?”
“Lain salawé juta nu kamari mah?” Témbal bapana.
“Ieu mah istimewa, Pa.”
“Sabaraha kitu?” Cék bapana jeung indungna méh bareng.
“Saratus juta.”
“Wahh,” cék indungna.
“Ti Ibukota?” Cék bapana deui.
“Sanés, ti Kota Kembang, Pa.”
“Ku basa Malayu?” Cék bapana. Cékas imut. Biasa bapana mah nyebut basa Indonesia téh basa Malayu. Geus kajudi da dina basa Sunda mah moal sakitu gedéna. Bapana gé apaleun honor tulisan dina Basa Sunda tara leuwih ti tilu ratus rébu, malah lolobana mah ukur saratus rébu sakali muat. Cékas seuri.
“Basa Sunda, Pa,” pokna bari seuri.
“Saha jelemana?” Cék indungna.
“Tanteu Umyang,” cék Cékas.
“Ibu Umyang Yélownita? Nu beunghar? Nu kagungan Hotél Liuh Zsalamyna? Nu kagungan butik Sunda Modéren ?” Cék indungna. Sorana bangun kacida reuwas na. Cékas mimiti saregep. Nu tadina diuk nyangsaya ngadadak ajeg.
“Lain éta mah, éta mah. Eta mah?”
Bangun hayang nyarita sapok- pokkeun indungna téh. Tapi teu betus, ukur ngarénghap, jeung ngadelékan ka bapana. Cékas reuwas, alah boa-boa teu diidinan. Kumaha atuh nu saratus juta ? Gerentes haténa.
(lajengkeuneun)