Pa Maman Rochman, padamel tata usaha SMKN 12 Kota Bandung
“Pesen Bapa ka Sobat Sora, hususna dina raraga miéling Poéan Basa Indung, nu direuahreuah unggal ping 21 Pebruari, sangkan miara basa Sunda. Ulah inggis nyarios ku basa Sunda. Komo dina jaman nu sakieu majuna, kudu ngajénan pisan basa Sunda, salaku basa resmi kadua satutas basa Indonesia. Ambéh teu tumpur,” saur Pa Maman.