• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Miéling Idul Adha 1438 H, SMAN 24 Bandung Ngayakeun Kagiatan Simulasi Manasik Haji & Meuncit Sato Qur’ban

Redaksi by Redaksi
05/09/2017 9:19 AM
in Sora Sakola
0 0
0
Miéling Idul Adha 1438 H, SMAN 24 Bandung Ngayakeun Kagiatan Simulasi Manasik Haji & Meuncit Sato Qur’ban
358
SHARES
2.1k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

majalahsora.com, Kota Bandung – Patalina jeung Idul Adha 1438 H/2017, ilaharna disebut Idul Qurban, majalahsora.com, ngahaja ngadongdon ka SMAN 24 Kota Bandung nu dipingpin ku Drs. Iwan Setiawan. Di ieu sakola téh lumangsung kagiatan nu luhung ku ajén kaislamanana, nya éta simulasi manasik haji sarta meuncit sato qurban. Lumangsung poé Senén ping 4 Séptémber 2017, ti isuk-isuk nepi ka pasosoré.

SONY DSCAhmad Hadadi, Kadisdik Jabar & Iwan Setiawan Kepala SMAN 24 Bandung

Ti béh ditu mula kagiatan simulasi manasik haji hususna geus dilaksanakeun di ieu sakola, nu pernahna di Jalan A. H. Nasution No. 27, Kelurahan Pasiréndah, Kecamatan Ujungberung téh. Kagiatan manasik hajina diiluan ku sakabéh siswa kelas XII nu ngagem agama Islam, kalayan diaping ku bapa ibu guruna hususna guru Pendidikan Agama Islam, salah sahijina nya éta Syarif Hidayat, S. Ag., M.M.

SONY DSCDrs. Iwan Setiawan, mangsa diwawancara ngeunaan kagiatan Idul Qurban di SMAN 24 Bandung

“Alhamdulillah, kagiatan manasik haji sareng meuncit sato qurban téh tos maneuh diayakeun di SMAN 24 Kota Bandung. Eta téh luyu sareng visi utama di SMAN 24 Kota Bandung, nya éta nanjeurkeun ajén kataqwaan ka Alloh SWT. Ti taun ka taun teras diropéa supados langkung kekinian tur numerap ka para siswa. Nu ngalaksanakeun manasik hajina siswa kelas XII, sedengkeun kelas X sareng XI nalingakeun sadaya kagiatanana, aya nu motrét tur midéo, engkéna ngadamel karya video/dokumentasi anu aya patalina sareng pembelajaran. Guru sareng walikelas gé kalibet, boh dina kagiatan manasik haji boh meuncit sato Qurban. Di sagigireun éta, ku kagiatan manasik haji gé, alhamdulillaah ti taun ka taun sok aya waé guru atanapi siswa nu arangkat umroh, ogé mungggah haji,” cék Syarif Hidayat, guru nu ngarangkep jadi panitia kagiatan Idul Adha 1438 H di SMAN 24 Kota Bandung téh.

SONY DSCKagiatan simulasi manasik haji di SMAN 24 Bandung

Taun ayeuna panitia qurban di SMAN 24 Kota Bandung katitipan sato qurban opat, nya éta sapi dua sarta domba dua. Satona titipan ti guru ieu sakola reujeung hasil sidqoh para siswa, guru reujeung tata usahana. Mangsa réréongan ti siswa, panitia qurban teu ngawajibkeun atawa matok waragadna, tapi saridona baé.

SONY DSCKagiatan meuncit sato qurban di SMAN 24 Bandung

Harita, kabandungan ku majalahsora.com, umumna para siswa nu ancrub kana kagiatan kasabit téh soson-soson ngalaksanakeunana.

Di sagigireun éta Iwan Setiawan, salaku Kepala Sekolah miharep ku ieu kagiatan téh pendidikan karakter bangsa bisa numerap ka saban siswa. Alatan ku kagiatan manasik haji jeung meuncit sato qurban, mangrupa salah sahiji léléngkah halu dina ngoptimalkeun pendidikan karakter. Alatan aya sababaraha hal anu bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, kayaning kajujuran, sumanget  juang, nya éta mangsa ngurilingan kabah, sarta parjalanan safa ka marwa, nu pamungkas karakter disiplin.

SONY DSCSyarif Hidayat, S. Ag., M.M., nyepeng mik

“Insya Alloh ieu kagiatan seueur mangfaatna, pangna kanggo nanjeurkeun karakter siswa pikeun ngudag Indonésia emas di taun 2025 nepi ka 2045. Ku kagiatan manasik haji jeung meuncit sato qurban , miharep para siswa hususna nu muslim jadi apal kana pangorbanan Kanjeng Nabi Ibrahim AS. Nya éta kajujuran, sumanget juang sarta disiplin. Salian tia éta apal kana bagbagan manasik haji sarta apal kana bagbagan meuncit sato qurban, tur dina nyerit, nimbang tur ngabagikeun sato qurban ka warga nu berhak,” cék Iwan Setiawan, Kepala SMAN 24.

SONY DSCDrs. H. Deni Dimyati (katuhu) salah sawios guru SMAN 24 Bandung nu meuncit sato qurbanna

SONY DSCEnceng, Wakasek Humas SMAN 24 Bandung (katuhu)

Kagiatan kasabit gé harita diluuhan ku Ahmad Hadadi, Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. Dina sela-sela kasibukanana, anjeunna ngahaja sumping ka SMAN 24 Kota Bandung dina raraga mantau éta kagiatan. Ahmad Hadadi ngécéskeun yén kagiatan nu lumangsung di SMAN 24 Kota Bandung téh, boga ajén nu luhung keur syiar agama Islam. Mangsa ku majalahsora.com di kolongan ngeunaan masalah sidkoh keur meuli sato qurban, Ahmad Hadadi ngécéskeun salila taya paksaan tur matok waragadna ka siswaa, mangka sakola mana baé nu aya dina papayung Disdik Prop. Jabar bisa ngalaksanakeun kagiatan pembelajaran meuncit  sato qurbanna di sakolana masing-masing!

Poto Kagiatan:

SONY DSC SONY DSC SONY DSC SONY DSC SONY DSC SONY DSC SONY DSC SONY DSC

[SR]***  

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Pendidikan Enam Bulan di OTC Bali YPKP Bandung, Mahasiswa Langsung Magang ke Luar Negeri
  • Prioritas Program PAPS di SMKN 1 Cimahi untuk Mencegah Anak Putus Sekolah dan Harus Tepat Sasaran
  • SMA Telkom Bandung Dipercaya Masyarakat, Murid Baru Tahun Ajaran 2025/2026 Hampir 100% Terpenuhi
  • Kata Kepala Disdik Jabar Purwanto: PAPS Jadi Langkah Strategis Cegah Anak Putus Sekolah
  • PKM Sekolah Pascasarjana Universitas Negeri Surabaya Hadirkan “Botol Bicara”, Jawab Tantangan Inklusi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In