Bu Endah Purwanti, S.Pd., M.M.Pd., Wakasek Kurikulum SMAN 1 Balééndah
majalahsora.com – Sobat Sora, aya sababaraha syarat kalulusan pikeun siswa kelas XII SMAN 1 Balééndah Kabupatén Bandung téh. Nya éta kudu apal Al Qur’an juz 30. Salian ti éta kudu lulus tés karya tulis ilmiah. Ngahaja pihak sakola numerapkeun éta hal, babakuna basa ieu sakola kapeto jadi sakola RSBI (Rintisan Sekolah Berbasis Internasional) basa taun 2009.
Siswa kelas XII SMAN 1 BE keur mersentasikeun karya tulis ilmiahna
Bu Mona (kénca) sareng Bu Umi, guru basa Inggris nu ngetésna téh
“Ku ayanana tes Al Quran, sareng tés karya tulis ilmiah kanggo kelas XII téh, mudah-mudahan satutas lulus ti SMAN 1 Balééndah téh aya bekel tur gaduh ahlaq nu hadé. Patalina sareng basa Inggris dipiharep lulusan ti SMAN BE tos biasa, mangsa mayunan tugas nu nganggo basa Inggris di perrguruan tinggi,” saur Bu Endah Purwanti, S.Pd., M.M.Pd., Wakasek Kurikulum SMAN 1 Balééndah téh.
Patalina jeung kagiatan kasabit, kagiatanana diiluan ku 432 siswa kelas XII, nu ngawengku jurusan IPA 8 kelas, jurusan IPS 4 kelas. Pelaksanaanana téh lumangsung di bulan Pebruari jeung Marét. Kabandungan ku Majalah Sora (poé Juma’ah 24 Maret 2017), siswa kelas XII nu rék di tésna téh, daria keur ngapalkeun jeung latihan materi karya tulis ilmiah dina basa Inggris nu baris di dadarkeun ku maranéhna. [MS]***