Téténjoan aya leuwih ti 30 awak pabalatak di jalan. Sawaréh narangkub, sawaréh deui nalangkarak. Tangtu baur jeung pasoléngkrah runtah, ruruntuk korsi, beling, tur nu ngabayabah baseuh. Kawas nu keur sararé dina amparan cai.
“Ai di dinya teu keur ngumbar imajinasi?” ceuk kuring saterusna ngagilek ka nu nawaran botol Chivas Regal
“Engké deui wé,” ceuk kuring téh.
Nu ditanya bieu téh kalah ka ngulahék kana taktak kuring. Kawasna saré. Boa tariking mabok.
Sakali deui kuring ngacungkeun dampal leungeun, bari ngomong,
“Keun engké deui, gampang lah.”
Kitu peta téh, ku lantaran para sobat sung-song nawaran arak. Kuring ngahaja datang kana ondangan hiji sobat nu suksés jadi penulis komédi rumaja. Caritana mah sukuran, da mun lain ka sobat mah, moal-moal acan kuring hadir. Nyéta, sukuranana téh ku cara marabok atuda.
“Éh, maaf!” Ceuk hiji wanoja ngora nu birit badagna nyéréd awak kuring.
Diuk téh kapaksa ngised. Sing demi, iwal ka nu ngondang wé kuring inget jeung wanoh kénéh téh. Basa nengetan wanoja nu nyeledek gigireun, ras kana kembang nu aya di lembur kuring. Ngan baé sakitu uteuk kuring merejih alatan meureut keur nginget-nginget ngaranna, weléh poho deui. Keuna ku paribasa kawasna. Aya kalana anjeun teu bisa ngandelkeun ingetan puguh dina mangsa diperlukeun pisan ku anjeun.
“Aa téh réncang nu gaduh ieu kariaan?” Ceuk Si Wanoja. Kuring rikat unggeuk.
“Tétéh gé sami?” Ceuk kuring malik nanya.
Manéhna gideug, cenah diajak ku babaturanana nu jadi babaturan, babaturan kuring. Kuring maling rérét ayeuna mah, manéhna maké pakéan merecet teu maké leungeun, dilengkepan mode buuk nuansa marsala, galing muntang tepi kana cangkéngna.
Hiekna kaambeu aroma kai, mangpéngkeun ingetan ka leuweung simagonggong tempat indung-bapa. Panungtung leuleuweungan jeung Bapa téh, saminggu méméh pupus. Kuring karék umur sabelas taun, harita téh.
Leungeun ngusiwel kana saku, ngodok ponsél. Ngetik ‘pencarian’ putih, bunga. Klik wéh kana séarch. Bray gambar-gambar kembang barodas; malati, mawar, amynote, kacapiring jeung tapakdara.
“Mawar,” ceuk Wanoja gigireun. Kawasna manéhna noong layar ponsél kuring.
“Milari kembang kangge bébéné, pan?” Ceuk manéhna deui. Kuring balem.
“Ntos wé mawar A. Rada mainstream sih. Namung sadaya istri resepeun, kajabi upami bébéné Aa type istri matré, langkung saé dipasihan bunga bank atanapi bunga tabungan,” nyaritana bari seuri nyikikik.
“Oh henteu. Aa teu nuju milarian kembang da,” ceuk kuring. Sedeng manéhna geus iirihilan jeung nu séjénna.
Terusna cengkat ngaléos, nuju ka juru rohang sanggeus nyokot gelas arak, vodka sigana mah. Katénjo ngobrol jeung hiji lalaki perlénté.
Ingetan kuring ayeuna mah aktif, ngaran kembang nu ti tadi diinget-inget téh nya éta lotus. Indung kuring nyebutna kembang taraté cenah. Nu marakbak di saban juru lembur.
Di désa kuring, aya wangunan. Nya di dinya pisan kuring baréto namatkeun TK téh. TK nu perenahna di tengah komplék lega pisan. Aya lapang baskét, lapang maén bal jeung balong kembang lotus.
“Nami kembang téh, mani saé nya Bu,” ceuk kuring, basa indung nerangkeun yén kembang nu marakbak di balong téh ngaranna taraté atawa lotus.
“Jabi saé téh, lotus mah istiméwa ku margi sakti tiasa hirup dina beungeut cai. Ongkoh deui jantenna tina leuta,” kitu ceuk nu jadi indung téh. Lamunan téh ngarandeg, kuring ujug ujug inget pisan ka indung di lembur. Geus sabaraha taun yuswana, nya?
Si Wanoja nyampeurkeun deui, gék gigireun.
“Aa téh badé masihan lotus ka bébéné?” Pokna bari merong séukeut. Kuring ngusikkeun taktak.
“Bagja tah bébéné Aa téh,” ceuk manéhna deui diteruskeun ku ngaleguk arak vodkana.
Kuring gideug bari niténan awak manéhna, katara tranparan geuning. Sirah karasa jangar. Kasebelan, loba teuing nginum yeuh aing téh, jero haté kukulutus.
“Lotus téh kembang kasucian nu asalna tina leutak ledrek. Terus nerejel kana beungeut cai dina kaayaan beresih, siga lain tina borojolan barang kotor sipatna leutak,” ceuk Si Wanoja bari teurab harus.
“Filosofis ogé.” Kuring unggut-unggutan. Tungtungna mah uplek ngobrolkeun sagala pangpangna bag-bagan impian.
“Naon impian Aa nu pangjoré-na?” Cenah malik ka kuring.
“Ngimpi nénjo sirah-sirah babaturan jaradi tangkorak. Deuih Aa téh sok mindeng ngimpi neuleu jurig,” ceuk kuring geus teu maké basa lemes deui. Sarua, manéhna gé kitu.
Basa rék cengkat tujuan ka toilét, manéhna ngulahek mantén kana taktak kuring. Kérék nyegrék. Wayahna kuring ngalihkeun pikiran ka mangsa reureujeungan jeung indung.
“Kuduna jelema di ieu dunya niru lotus,” ceuk Si Wanoja, ujug-ujug. Gundam kawasna.
“Sakumaha kahirupan peuheur jeung pahang, tetep manusa mah kudu miara kasucian. Déwasa dina cinta asih, siga kolopak lotus, beresih. Teu mamawa lumpur jero haténa. Teu mandang ieu dunya ku sikep heuras deui,” manéhna terus nyoroscos. Kuring satékah polah nguatkeun sirah nu karasana asa kembung-kempés. Di dinya aya gambar indung, bapa, leuweung.
Kuring ngagodeg-godeg sirah. Merejel-merejel siki panon keur ngawas-ngawas ka sabudeureun rohang.
“Dagoan!” Kuring ngagorowok ka wanoja nu ngabéngbéos ninggalkeun. Manéhna malik bari ngabarasatkeun kareueut imutna. Bréh téh jadi lima. Awakna aya lima, hag siah!
“Padma. Ngaran kuring téh ngaran kembang salian ti taraté atawa lotus,” ceuk manéhna sanggeus awakna ngahiji deui. Léos wéh ka luar.
Pésta arak kawasna moal tamat tepi ka janari. Sedeng ieu sirah moal kuateun nadah jangar, boa sajam dua jam deui mah bahan ngabeletuk bitu. Kaya kieu mah mending mantog. Kuring amitan tapi bet asa aya nu ngarewod jajantung. Oh enya, naha kuring teu nyatetkeun nomer ponsél wanoja tadi?
“Kabéh tamu aya catetanana tuh dina buku tamu, Cuy. Kaasup nomer ponsélna,” ceuk sobat nu boga pésta bari ngarindat kana méja deukeut lawang hareup.
Weléh, nu ngaran Padma euweuh dina daptar. Sirah beuki ranyud, léngkah sosolontodan, gubrag wéh ngabeubeutkeun awak kana sofa. Nyegrék. Marakbak lotus, bruh-bréh rupa indung jeung bapa, selengseng angseu kulit kayu di leuweung geledegan. Kembang-kembang taraté ngawangun metamorfosa kahirupan kuring ti TK tepi ka angkleung-angkleungan poho ka pangbalikan. Pésta masih kénéh ngagembrung, impian kuring minuhan rohang jero sirah nu ngalegaan sababaraha tumbak.***
Hébras Tegalluar, awal taun 2021