• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Latihan Kepemimpinan Siswa Kelas X Tahun Ajaran 2017/2018 SMAN 4 Bandung di Secapa AD: Ngadidik Para Calon Pamingpin Bangsa

majalah by majalah
23/11/2017 9:53 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Latihan Kepemimpinan Siswa  Kelas X Tahun Ajaran 2017/2018 SMAN 4 Bandung di Secapa AD: Ngadidik Para Calon Pamingpin Bangsa
373
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Kapala Sakola SMAN 4 Bandung jeung  Komandan Secapa ADDr. H. Andang Segara, M.M.Pd., Kepala SMAN 4 Kota Bandung & Komandan Secapa AD Bandung Bigadir Jenderal TNI Eka Wiharsa, Rabu (22/11/2017)

majalahsora.com, Kota Bandung – Sajumlah 277 siswa SMAN 4 Bandung geus ngalaksanakeun Latihan Kepemimpinan Siswa (LKS) di Secapa AD Jalan Hegarmanah 152 Bandung nu lumangsung tanggal 20-22 November 2017.

LKS memang penting pikeun nerapkeun  jiwa jeung karakter kapamingpinan ka para siswa. Sabab generasi ngora téh kader pamingpin, calon pamingpin bangsa, potensi bangsa nu bakal nangtukeun nasib bangsa dina mangsa ka hareupna. Ku kituna kudu dibekelan ku pola pamikiran jeung skil nu positip nu engkéna bisa méré input jeung energi nu positip pikeun kamajuan bangsa jeung nagara. Kukituna para siswa gé dipiharep terus numuwuhkeun sumanget diajarna, guguru élmu ngulik pangarti nyiar luang nu salega-legana sangkan ka hareupna jadi generasi ngora nu kuat, boga tangtungan, jujur  jeung kompetitif.       

Nu ngiring reueusNu ngiring reueus

“Siswa nu cerdas mah kudu gaduh  jiwa pamingpin margi aranjeunna  calon pamingpin bangsa, tah kanggo numuwuhkeun jiwa kapamingpinan téh kedah disiplin dina sagala widang, kiat fisik sareng méntalna. Ku kituna ku kagiatan LKS ieu  dipiharep para  siswa bakal gaduh jiwa patriotisme sareng nasionalisme, sarta mikacinta  lemah caina, toleransi sareng hormat ka sasamana,” kitu saur Kapala Sakola SMAN 4 Bandung Dr.H. Andang Segara, M.M.Pd. dina panutupan LKS nu lumangsung di lapang Wiradhika Secapa, Rebo (22/11/2017).

Hasil tina LKS ieu gé cék  Dr. Andang,  ku para siswa kudu diimplementasikeun dina kahirupan sapopoéna boh di kulawarga, di sakola jeung di masarakat. Kepala sakola gé teu hilap nganuhunkeun ka pingpinan, palatih jeung pembina Secapa AD anu geus méré fasilitas sarta ngalatih para siswana dina kagiatan LKS ieu.

Datangna Biasa-biasa Balikna Luar Biasa

Dididik disiplin militerDiatik disiplin militer

Kitu cenah kesan nu matak reueus nu kasaksén ku Dr. Andang katut para sepuh murid sabada anak didikna  tilu poé digodog dina kagiatan LKS di Secapa. Sok sanajan ukur tilu poé tilu peuting  tapi ku sabab dididik ku ahlina mah hasilna kasaksén ku saréréa. Memang harita ratusan siswa SMAN 4 Bandung nu meunang “ngasah”  téh  dikumpulkeun di lapang,  jadi tapis baris berbaris modél militer guyub pisan dipirig ku drum band Secapa némbongkeun kaparigelan jeung kakompakanana. Demontrasi nyieun konpigurasi tulisan SMA 4 gé rapih pisan ngogan emprak surak nu nyakséni , loba kolot siswa nu ngeclakkeun cai mata reueus campur kagagas.

Saperti Dadang urang Tegalega sepuh murid ti Kajarika. Ngarasa reueus jeung kagagaseun. Padahal putrana harita keur diterapi cenah, Ngan Dadang jeung putrana ngarasa perlu milu LKS harepanana méntal putrana jadi robah jeung mendak kamajuan . Kitu deui Dadang ti Kopo miharep putrana Ananda Navita jadi leuwih disiplin jeung berdikari/mandiri. 

Konpigurasi SMAN 4Konpigurasi SMAN 4

Sapamedegan jeung Ani Nuraini ti Cijerah nu neundeun harepan sangkan putrana Apriliana Salma leuwih disiplin, mandiri jeung boga rasa tanggung jawab nu gedé.

Tarékah kapala sakola dina ngaronjatkeun jiwa kapamingpinan para siswa ieu memang loba nu ngarojong di antarana ku Wakasek Dra.Riatinda, M.Pd, jeung Dra. Entin Suhartini nu miharep kagiatan ieu rutin dilaksanakeun di Secapa. Tapi kumaha cék Siswana sorangan?

“Ngawitan mah sumping kadieu téh sieun kacida (tentara wungkul) tapi lami-lami mah kadon ka betah sareng resep dilatih saniskara kadisplinan ku cara 5S (semangat-semangat-semangat-semangat jeung semangat) kalayan iklas ngajalankeunana. Abdi miharep sadaya réréncangan tiasa ngalarapkeun hasilna di sakola “, kitu cék Agung Kurniapari kelas X MIPA 7.

Bakti ka sepuh jeung guruBakti ka sepuh jeung guru

Komandan Secapa AD Bandung Bigadir Jenderal TNI Eka Wiharsa, brukbrak ka wartawan kagiatan LKS di Secapa ieu lain ngamiliterkeun siswa, tapi nerapkeun dasar-dasar tata upacara nu biasa dipaké ku militer sangkan para siswa kalatih disiplinna, guyub jiwa korsa, nyaah ka sasama jeung kesatuanana nu engkéna bakal cinta ka lemah caina.

“Sok sanaos singget waktosna mung tilu dinten tilu wengi, tapi para siswa diasah dilatih kadisiplinan, tabuh opat subuh dikukuprak kedah tos garugah ka masjid ibadah, senam pagi, mumuluk teras apél tabuh tujuh énjing-énjing. Tah kukituna dipiharep engkéna para siswa disiplin waktu sareng tiasa ngamenej waktu. Saupamina engké di sakola kedah apél tabuh tujuh ti anggalna kénéh tos tanginas  seged angkat ka sakola,” kitu saurna tandes.

Jenderal Eka gé ngécéskeun loba calon pagawé jeung pihak sakola nu nitipkeun pendidikan di Secapa, salaku instansi nu méré panyalindungan jeung pengayoman ka masarakat pihakna ngamanggakeun asal ulah ngaganggu  operasional pendidikan di Secapa. [Asep GP]***  

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Pesan Medi Mahendra kepada Wisudawan UNIBBA ke-XVII: Wisuda Bukan Akhir, Harus Terus Belajar Sepanjang Hayat
  • Rektor UNIBBA Tegaskan Kampus Berdampak di Wisuda XVII, 243 Sarjana Dilepas Menuju Indonesia Emas 2045
  • Hadiri Wisuda XVII, Gubernur Lemhanas TB Ace Hasan Tegaskan Tiga Pesan Kunci Meneguhkan Generasi Unggul UNIBBA untuk Memimpin Indonesia Masa Depan
  • Kata Ketua IKA UNIBBA Amas Sutiana Wisudawan Tahun Akademik 2024-2025 Harus Memiliki Integritas dan Kemampuan Berkomunikasi
  • Maman Kepala SMAN 1 Kota Cirebon Kuatkan Sinergi dengan IKA di bawah Kepemimpinan A Kuswara Komisaris PT Persib Bandung Bermartabat Dorong Memajukan Sekolah
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In