Bu Titi dibantos ku palaputrana
majalahsora.com – Kolek, salah sahiji kadaharan has di bulan Romadhon. Disuguhkeunana téh mangsa ngong adzan Magrib, biasa keur tajil.
Pernahna di Jalan Buah Batu gedengeun RM. Ampera
Luyu jeung judulna, Majalah Sora ngahaja ngaguar ngeunaan kolek Boebat singgetan tina Buah Batu. Kunaon disebut kolek Boebat, nya pédah dagangna di Jalan Buah Batu Kota Bandung. Nu jadi ciri mandiri kolek Boebat téh, nya éta bahan-bahanna asli, henteu maké campuran naon-naon deui. Cipatina tina kalapa asli, kitu deui gulana maké gula arén asli.
Eusi kolekna aya kolek cau jeung candil, topingnna atawa tambahanana aya sagu, cangkaléng, pacarcina jeung nu jadi ciri has kolek Boebat téh nya éta maké hanjeli, raos pisan pokona mah. Komo dituangna sabada bedug Magrib mah, pédo!
Kolek Boebat, ciri hasna maké hanjeli jeung gula arén asli
“Insya Alloh kolek Boebat mah teu nganggo bahan kimia, bahanna asli sadaya. Bukana ukur sasih Shaum wungkul. Pami sasih biasa mah icalan loték, soto Bandung, karédok sareng lupis ketan,” saur Bu Titi nu ngadamel kolek Boebat.
Saporsina Rp. 15.000, eusina lumayan loba, lamun dina wadah gelas pelastis Rp. 6000. Tah ambéh teu panasaran mah, geuwat geura ngajugjug ka Jalan Buah Batu, gédéngén Rumah Makan Sunda Ampera. Bukana ti pukul 12.00 nepi ka 18.00. Cag! [MS]***