• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Serba Serbi

Kolaborasi Camat Batununggal Jeung SMP Negeri 31 Bandung

majalah by majalah
24/05/2016 12:36 PM
in Serba Serbi
0 0
0
Kolaborasi Camat Batununggal Jeung SMP Negeri 31 Bandung
391
SHARES
2.3k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

camat batununggal                   Dr. Enjang Mulyana, M.Si, Camat Batununggal

Sobat Sora, dina hiji kasempetan, Sora kenalan jeung camat Batunungal di wewengkon SMP Negeri 31. Dr. Enjang Mulyana, M.Si hadir demi ngarojong kagiatan lomba UKS anu diayakeun di sakola kasebut. Harita ping Sacara umum, program sakola jeung kacamatan téh sarua geusan nyiptakeun budaya cinta lingkungan.

iptu jayasman                    Iptu Jayasman, Kapolsek Batununggal

“Kagiatan UKS saé pisan, lantaran sakola téh sumberna atikan anu sakuduna dirojong tur diprioritaskeun,” kitu saur Pa Dr. Enjang daria. Alatan éta, di wewengkon kantor kacamatan geus dirarancang aya “penghijauan” guna mroduksi oksigen saban poéna. Ping 28 malah direncanakeun gebyar gerakan tanam seribu pohon anu dilaksanakeun ku warga gawé bareng jeung para siswa-siswi SMP Negeri 31 Bandung.

pa camat nuju di smpn 31Pa Enjang nuju di SMPN 3 Kota Bandung

Dina dasarna saupama sakola katémbong séhat, tangtu para siswa-siswina ogé cerdas sedengkeun kacerdasan téh gambaran tina masyarakat anu saroléh. Program Pa Enjang anu rék digarap dina ngeusian bulan Romadon nya éta kagiatan maghrib mengaji, tadarus Al-Quran dina lolongkrang bada Maghrib semet ka Isya diteruskeun sholat Isya berjamaah jeung tarawéh. Program séjénna nataharkeun méré layang pangajén (penghargaan) tékenan wali kota ka 100 barudak (usia anak) anu hatam Al-Quran. Masrahkeun layang pangajén tur ngaaprésiasi kinerja para RT/RW, para hansip, karang taruna jrrd, sakaligus masrahkeun bingkisan ka para jompo. Pungkasna program siraman rohani ku cara ngadatangkeun mubalighoh kondang, Mamah Dédéh. Ieu kagiatan geus ditataharkeun keur ping 23 Juli anu bakal datang.

nuju ngaluuhan di smpn 31Pa Enjang nuju ngaluuhan acara penilaian Sekolah Sehat di SMPN 31 Kota Bandung

“Aya tékenan Pa Wali Kota, malahmandar tumuwuh kareueus jeung matek kasumangetan, syukur-syukur Pa Wali Kota tiasa sumping dina waktosna,” saur Pa Enjang kebek harepan. Program unggulan anu badé dipayunkeun ayeuna-ayeuna, naon baé? Sora ngolongan. “Insyaalloh pihak kacamatan badé nerbitkeun tabloid bulanan geusan ngawalatrakeun impormasi ka sakabéh warga, hususna warga sa-kacamatan Batununggal heula anan. Saterusna, disagigireun ngaoptimalkeun wébsite anu geus nyampak geus ditataharkeun masang 10 perangkat CCTV perkelurahan (8 kalurahan Batununggal),” Pa Enjang giak ngawalerna. “Insyalloh lounchingna sasih Juni 2016 anu badé dongkap,” pokna deui nandeskeun.

Pa Enjang camat batununggal

Pedaran Pa Camat Batununggal saluyu jeung anu dikamandangkeun ku Kapolsék Batununggal, Iptu Jayasman. Kagiatan UKS atawa sakola séhat kacida pisan ngarojong kana program pamaréntah anu dipayungan ku UU No 2/2002 geusan umajak sangkan warga sakola miara kabersékaan lahir-batin. Mun lahirna ngajaga lingkungan tina patulayah runtah, ngahéjokeun pakarangan jeung nyayagakeun perangkat kaséhatan mangka batinna ogé kudu diaping dijaring tina pekat (penyakit masarakat), narkoba, ékstasi jrrd. Pihak polsek teu bosen ngarazia warung reyem-reyem supaya kagiatan negative, samodél pamabokan henteu nerekab di lingkungan masarakat utamana di lingkungan warga sakola sakaligus nyinglar arasupna budaya teu hadé ka sakola. Hususna SMP Negeri 31 geus di béh ditu mula gawé bareng jeung pihak babinmas kelurahan satempat. Kapolsek Batununggal sacara pribadi kacida reueusna kana kagiatan UKS di SMP Negeri 31 Bandung. Dikuatan ku kamandang dewan komite anu diwakilan ku Pa Iman Harjono  ti komplék Adipura. Ieu dosen di hiji perguruan tinggi téh kacida ngarojongna kana kagiatan lomba UKS SMP Negeri 31 Bandung ngan baé kudu diterapkeun prinsip yén hadiah mah lain tujuan utama, anu leuwih penting mah nyatana mertahankeun status sakola séhatna pasca perlombaan sakola séhat. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Longser Bandung Kabayan Ngalalana Rosyid E Abby
Serba Serbi

Rosyid E. Abby dan LOBA Pentaskan Longser “Kabayan Ngalalana” di Rumentangsiang 

by majalah
16/09/2025 8:26 PM
Panji Fortuna Hadisoemarto Epidemiolog Unpad Ingatkan Bahaya Penyebaran COVID-19 Di Pusat Niaga

Panji Fortuna Hadisoemarto Epidemiolog Unpad Ingatkan Bahaya Penyebaran COVID-19 Di Pusat Niaga

by majalah
18/05/2020 5:08 PM
Marhaban Ya Ramadhan

Marhaban Ya Ramadhan

by majalah
24/04/2020 10:01 PM
Mensejahterakan Guru Honorer Jangan Setengah-setengah & BOS Jangan Telat Disalurkan
Serba Serbi

Mensejahterakan Guru Honorer Jangan Setengah-setengah & BOS Jangan Telat Disalurkan

by majalah
11/05/2019 3:07 PM
Ridwan Kamil Titip Pada Kepsek  & Guru Kota Bandung Sekolah Jadi Tempat Nyaman Bagi Siswa
Serba Serbi

Ridwan Kamil Mengusulkan Rumah Sakit Pendidikan Unpad di Jatinangor

by majalah
10/05/2019 8:52 PM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Toteng Suhara Kepala SMA Negeri 1 Nagreg yang Baru Menjabat Langsung Tancap Gas: Dari NGR Gerbang Sekolah hingga Target Nasional
  • Twelve Edufair 2026 Digelar di SMAN 12 Bandung, Hadirkan 22 Kampus hingga Alumni Inspiratif
  • Endi Diana Ruskandi Kepala SMA Negeri 3 Cimahi, akan Tingkatkan Kualitas Sekolah dengan Membangun Pembiasaan Kedisiplinan
  • Special Screening Film Dalam Sujudku di UNJANI Libatkan Rektor, Sarat Pesan Moral tentang Kesetiaan, Pengorbanan dan Keluarga
  • Asep Taryudin Kepala SMKN 11 Garut Diganjar Penghargaan oleh Forum Wartawan Pendidikan Jabar, Dinilai Informatif dan Berdedikasi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In