Ir. Deudeu Mulyati, M.Si, Kepala SMKN 7 Kota Bandung.
Buah Batu – Sobat Sora, poé Salasa (9 Agustus 2016) pabeubeurang Sora ngalanglang ka wewengkon SMK Negeri 7, SMK nu kakoncara leubeut ku rupa-rupa préstasi. Sora silaturahmi ka kepalana, Ir. Deudeu Mulyati, M.Si anu giak soméah ngabagéakeun. Bu Deudeu anu karék mancén kepala di SMK Negeri 7 lima bulanan téh, galokgak ka Sora.
“Alhamdulillah, sababaraha waktu kapengker, SMK Negeri 7 parantos kénging bantosan perangkat GC (Gas Chromatrografh)xti pausahaan Jepang. Ayeuna tos diamankeun di laboratorium instrument Kimia,” saurna reueus.
Sababaraha waktu ka tukang, alumni SMK Negeri 7 Bandung ngayakeun kagiatan reunian anu dilaksanakeunana di Kabupatén Serang, Propinsi Banten. Tina ieu kagiatan kacida pisan mangpaatna, lantaran tepung lawung jeung para alumni SMK Negeri 7 anu geus cepeng damel di sababaraha perusahaan. Di antarana perusahaan nagara Jepang widang industri kimia, PT. NSI (Nippon Sukubay Indonésia). Nya ti ieu perusahaan, SMK Negeri 7 Bandung meunang kagegelan bantuan perangkat GC anu mun dirupiahkeun mah kira-kira Rp. 400 jutaeun. Hal ieu mangrupa bentuk kapedulian sosial ti para alumni SMK Negeri 7 Bandung ka almamaterna jueng CSR (Corporate Social Renponsibilty) PT. NSI. Sakumaha saur pedaran Bu Deudeu, yén para alumni téh gedé pisan andilna geusan tanjeurna kamajuan sakola, di antarana bantuan alat, rekutmen jeung prakerin (prakték kerja industri).
“Ibu mah ngiring reueus ka para alumni SMK Negeri 7 Bandung anu parantos cepeng damel di perusahaan-perusahaan anu ngabutuhkeunana. Contona baé aya genep urang lulusan nu haneut kénét (lulusan 2016) anu mampuh dibayar (digajih) ku perusahan tempat maranéhna digawé tepi ka ngahontal Rp. 7 juta per bulanna,” kitu saur Bu Deudeu anu keur haged-hagedna membidik mesin HPLC (High Presure Liquid Chromatografh), hiji perangkat praktikum di laboratorium, anu fungsina méh sarua jeung GC.
Ka hareupna, Bu Deudeu nataharkeun kalengkepan peralatan prakték. Anu asalna per kelompok peserta didik, hiji pakét alat praktékum. Dioptimalkeun sangkan saurang siswa hiji pakét alat praktékum. Dimimitian ti kelas X heula, taun kaduana kelas XI, taun katiluna kelas XII. hiji pakét alat prakték pihargaeunana Rp. 2 juta ka luhur. “Pokona mah, begitu cair BOS bakal langsung dipatéahkeun kana perangkat alat prakték,” saur ieu kepala sekolah energik téh.
Sora nepungan ogé ka Waka. Kesiswaan SMK Negeri 7 Bandung, Bapa Tatang Husén, S.Pd. Dina kamandangna ka Bu Kepala Sekolah, Pa Tatang nandeskeun yén Bu Deudeu kacida mahérna dina upaya pendekatan ka para alumni. Atuh dina saban program, Bu Deudeu ngaheula-heulakeun pengadaan kalengkepan laboratorium.
Dina widang séjénna, SMK Negeri 7 Bandung ngahangkeutkeun program anyar Kagiatan ibadah pagi bersama. Unggal poé Salasa, Rebo jeung Kemis, sakabéh warga sakola utamana para peserta didik kumpul khidmah di masjid jeung di aula demi babarengan ngalaksnakeun solat dhuha, ngaderes Alquranulkarim katut ka ngagaéng babarengan Asma’ulhusna. Kobla jeung ba’da lohorna dieusi ku kagiatan isoma (istirahat, solat tur makan). Disagigireun ngalatih turta ngabiasakeun kagiatan agama ogé ngarojong kana program Bandung Masagi. Keur kagiatan ékstrakurikulérna, diancokeun poé Juma’ah sedengkeun poé Saptu mah libur (peré). Taya kajaba udaganana mah geusan ngajul sosialisasi sakola fullday, ulah tepi ka natambuh waktu teu puguh.
Salian ti Pa Tatang Sora gé nepungan salasaurang guru basa Sunda SMKN 7, nya éta Ibu Poppy Sofia, S.Pd anu gedé katineungna kana dunya kasundaan. Saur ieu Bu guru anom, warga SMK Negeri 7 Bandung minimal geus diwanohkeun reujeung budaya ogé tradisi kasundaan. Sanajan teu aya juklak KD-na (kompéténsi Dasar-na) tetep sakeur guru basa Sunda mah aya kawajiaban nepikeun pangaweruh budaya jeung tradisi kasundaan ka para peserta didik anu notabene urang tatar Pasundan. Tradisi sawér pangantén, ngeuyeuk seureuh jeung lianna contona, kudu diwanohkeun ka para peserta didik sarta guar tur pesék naon rupa filsapat anu disidem jeroeunana. Umumna tradisi jeung Budaya Sunda mibanda siloka anu leubeut jeung jero. Tétéla, SMK Negeri 7 Bandung teu nganggap énténg pangajaran basa Sunda. Dibuktikeun ku jadwal pangajaranana anu maneuh dina samingguna 2 jam pangajaran. Sarta mercayakeun ka opat guru pengajar basa Sunda. Matak reueus, Sobat Sora.
Préstasi panganyarna SMK Negeri 7 Bandung nya éta juara 1 tingkat nasional LKS widang kimia, taun 2015 jeung 2016. Sakola anu mibanda ajén integritas pangluhurna (sekolah berintegritas tinggi) antar SMK/SMA sa-Propinsi Jawa Barat. Juara III sekolah sehat tingkat propinsi Jawa Barat. Adiwiyata Nasional taun 2015 sarta teu eureun nataharkeun kalungguhaan adiwiyata mandiri. Dina widang olah raga, SMK Negeri 7 Bandung geus mampuh nyangking 3 medali emas, 1 medali perungu dina kajuaraan taékwondo tingkat propinsi Jawa Barat. Salian ti éta tangtu réa deui préstasi séjénna. [MS]***