Sobat Sora, tah ayeuna urang dongdon anjeunna. Kumaha kiat-kiatna dina nanggeuy sakola anu diheuyeukna. Drs. Didi Sutardi, pituin Rancah Ciamis nataharkeun poténsi para siswana katut ka para guru geusan nyindekel dina padika kasundaan. Ku kituna Rebo Nyunda bener-bener diupayakeun saragem ngalakonanana malah ulah keuna ku paribasa pédah sieun ku dunungan.
Dina programna kacida ngadeudeul kana kawijakan Walikota Bandung, nyatana ngabiasakeun budaya tur adat istiadat kaluhungan Sunda. Cék kitu cék kieu Sunda jeung Nyunda téh idéntitas tur jati diri urang Sunda-na. Ku kituna Pa Didi ngahangkeutkeun kasenian Sunda jadi lulugu dina sagala momonés kasenian di sakolana. Seni kacapi suling, angklung, degung dijagragkeun panghareupna ka para siswa SMPN 48, malah anjeunna ku anjeun turun maén dina ngajentréngkeun waditra kacapi. Saterasna tos dilalanyahan ti ayeuna yén kacapi suling rék dijieun ékskul husus, lantaran jagana miharep kacapi suling SMPN 48 jadi ikonna sa-Kota Bandung .
Pa Didi salaku pupuhu alihan ti SMPN 46 Kota Bandung, tos ngawitan tandang ku cara ngawangun padépokan seni di tengah balong sakola. Diupayakeun ka hareupna geusan maneuh midangkeun seni Sunda, saperti pupuh, sajak, dongéng, degung, angklung, tari Sunda kalawan dideudeul ku palatih wedalan ISBI Bandung. Salian ti éta SMPN 48 ditunjuk jadi salah sahiji sakola piloting budaya Sunda.
“Nu janten margalantaran SMPN 48 kalebet kana lima sakola piloting budaya Sunda téh, salah sahijna ningal kana sisi geografisna. Posisina aya di tapel wates (tepis wiring) wewengkon Bandung. Basa Sundana kentel kénéh, adat-istiadatna orisinil kénéh, padumukna buhun kénéh kaaping lingkungan nu kaseuseueuranana warga Sunda.” Kitu saur Pa Kepala ahli ngacapi ieu anu nalika ngobrol jeung Sora disarengan ku Ibu Ida Widaningsih, S.Pd., M.Si., salaku Wakasek Humas.
“Intina mah biasakeun nganggé Basa Sunda. Paling copel dina saminggu sakali mah. Numawi total di ieu sakola, upami tos nyondong dinten Rebo kedah sagala Nyunda. Kalebet katuanganana. Matak ka siswa SMPN 48 dikeprak sina ngebon boléd, sampeu ambéh aya bubuyeun. Atuh lalab-rumbrahna ulah hilap melak bonténg, peuteuy sareng térong. Pon kitu dina aoseunana, barudak sina resepeun ogé maraca novel Sunda disagigireun novel-novel Basa Indonésia.” Pa Didi mungkas obrolanana. [MS]***