
Kepala SMPN 3 Kota Bandung
Sobat Sora, urang wawanohan sareng Kepala Sakola anu galokgak soméah, Bapa Drs. H. Endang Rachman, nu nganjrek di Antapani. Basa Sora silaturrahmi ka kantorna di Jalan RD. Sartika nomer 96, gepyak ngabagéakeun laju negrakkeun rupaning program sakola anu dipupuhuanana.
Drs. H. Endang anu kawitna mingpin SMPN 43 Kota Bandung, satuluyna mancén di SMPN 3 (ti Maret 2015) ngadadarkeun 8 program standar. Para guru kedah dibekelan kaparigelan tambihan. Conto dina widang olah raga, saperti basket jeung nu lianna. Unggal guru kudu mibanda pangaweruh husus perihal sikep kajembaran diri, engeuh kana ayana parobahan, minat henteuna nu jadi murid tur mampuh ngajén diri, para guru kudu mampuh ningkatkeun ajén panitén kana ayana ékstra kurikulum. Ku kituna SMPN 3 kudu ngajengléngkeun wujud instrumen munggaran, di antarana latihan kawedelan sakeur para guruna utamana dina widang kapramukaan, nu engkéna geusan ngahontal pramuka garuda.
Sobat Sora, tangtu aya gawé bareng anu sinergi boh jeung tim pengawas, LPMP, kwarcab (pramuka) sarta dunya kapanduan (kapramukaan). Ditekenkeun sangkan jadi organisasi induk anu ngabawah sub-sub pramuka. Tina Pramuka, dipiharep aya pasukan seni, pasukan olah raga, pasukan cinta tutuwuhan utamana ACIL (anak cinta lingkungan), pasukan daur ulang, pasukan PMR turta PKS(Patroli Keamanan Sekolah).
Udagan Drs. H. Endang diantarana nyoko kana wujudna kajembaran diri boh siswa boh para guru, ngahontal pramuka garuda, ngupayakeun ngawujudna regu seni angklung nu kolaborasi reujeung seni kaulinan Sunda. Husus dina widang olah raga renang (ngojay), SMPN 3 mibanda kareueus lantaran langganan juara tingkat nasional, nya éta Erlangga (Oktober-November 2015).

Kagiatan inti nyatana saban semester I kémping atikan dasar. Dina jéda semester (opat kali dina sataun) pekan kréatifitas olah raga jeung seni sarta lomba mata pelajaran skala nasional. Saperti: matématika, biologi, Basa Inggris jrrd.
Dina pungkas obrolan, Pa Kepala anu daréhdéh ieu medar visi misi sakola anu dipingpinna, nya éta sakabéh warga sakolana mibanda akhlak mulia, parigel kana téhnologi informasi, onjoy akademisna kantenan non akademisna sarta ngagem wawasan lingkungan séhat. Heup sakieu, Sobat Sora. [MS]***