• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Kepala SMKN 14 Kota Bandung, MIiharep Para Siswa-Siswina Saroléh

majalah by majalah
27/04/2016 11:22 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Kepala SMKN 14 Kota Bandung,  MIiharep Para Siswa-Siswina  Saroléh
501
SHARES
2.9k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa bambang                       Bapa Bambang Setiadi, M.Sn, Kepala SMKN 14 Kota Bandung

Sobat Sora, urang ngawanohan SMKN 14 Kota Bandung ti kadekeutan. Kabeneran Sora bisa nepangan Kepala ieu sakola, nya éta Bapa Bambang Setiadi, M.Sn, anu mancén tugas ti bulan Juni 2015. Kawitna, Pa Bambang janten Kepala SMKN 15Kota Bandung (2013-2015) sarta kungsi janten guru di SMKN 10 Kota Bandung salila 26 taun. Pa Bambang nu ngarangkep salaku guru seni jeung musik, aub salaku juru tiléy ujian prakték musik turta pangarang tembang (pencipta lagu) salah sahijina hymne SMKN 14 Kota Bandung.

bengkel kerajinan tekstil                       Bengkel Kerajinan Tekstil

SMKN 14 Bandung matéahkeun tur ngajarkeun kaahlian seni rupa, kria jeung téhnologi kalawan rojongan Dunia Usaha jeung Industri. Boh dina pangajaranana boh dina makihikeun (ngarahkeun) kalulusanana. Teu ngan saukur diajar di wewengkon sakola, tapi ogé prakték gawéna di pausahaan-pausahaan anu rélévan. Lulusanana nyebar ka pirang-pirang paguron luhur(perguruan tinggi) jeung ka dunia usaha/industri. Disayagakeun ogé jalur bidik misi keur sing saha waé peserta didikna anu nyongcolang dina préstasi. Para siswa-siswi anu miharep gawé, keur mosisikeunana dirojong ku Disnaker ngaliwatan Bursa Kerja Khusus (BKK) luyu reujeung kualifikasi anu disyaratkeun ku pausahanana. Keur anu minat kana wirausaha, dibekelan katerampilan ngaliwatan KWU jeung prakték kerja industri dina widangna séwang-séwangan.

sablon                       Drs. Anang Bisawaro (Guru Tekstil), nuju nembongkeun sablonan karya siswa SMKN 14

Visi SMKN 14 nya éta, geusan jadi sakola unggulan. Sawatara misi-na nataharkeun calon tenaga kerja tingkat madya widang seni rupa, kria jeung téhnologi sacara professional. Salian ti éta produktif jeung mibanda budaya cengeng kana gawé (kerja keras), tartib jeung berséka. Di sagigireun éta ngawujudkeun insan unggulan anu jujur tur mandiri, dumasar motto, Unggul Dina Préstasi, Santun Dina Perilaku.

bengkel tanah liat                       Bengkel Kerajinan Keramik

Manajemen jeung sistim atikanana ngagunakeun management system ISO 9001: 2008 turta mibanda sertifikat ti TUV Rheinland. Atikanana dumasar kana sistim anu natapakan kana komputerisasi, Link & Math boh tiori boh praktékna salila 3 taun campleng, sa-semester Prakték Kerja Industri. Juru atikna (guru pengajar) dijamin profésional wedalan UPI, ITB, ISI, jrrd kalawan kualifikasi D-4, S-1, S-2 jeung S-3.

bengkel kerajinan kulit                      Bengkel Kerajinan Kulit

Profil pakét kaahlianana ngawengkuL: Tehnik Perbaikan Bodi Otomotif, Multimedia, Desain Komunikasi Visual, Animasi, Desain & Produksi Kriya Tekstil, Desain & Produksi Kriya Kulit, Desain & Produksi Kriya Keramik, Desain & Produksi kriya Logam, Desain & Produksi kriya Kayu.

Mitra industri-na: PT Auto 2000 (Astra-Toyota)-Bandung, PT Auto Cemerlang-Bandung, PT Kupu-kupu malam Auto Fashion-Jogjakarta, PT Telkom Bandung, TVRI-Bandung, LPM USDI ITB-Bandung, PT. Pikiran Rakyat-Bandung, PT. BISMI-Bandung, PT. Dagadu-Jogjakarta, PT. Batik Komar-Bandung, PT. Batik Winotosastro-Jogjakarta, PT. Al-Ikhsan-Bandung, PT. Matahari Terbit-Bandung, PT. Salim Silver-Jogjakarta, Primarindo Tbk-Bandung, PT. Narista-Bandung, PT. Clubman “Tegep Boots” Bandung, C-59 Bandung, Tiera Hejo-Bandung, Balai Besar Keramik-Bandung, PT. Genta-Bandung, PT. Jogja Indah Global-Jogjakarta, CCA Cimahi, Jrrd.

bengkel kerajinan logam                      Bengkel Kerajinan Logam

pa dede                       Drs. Dede Rahmat, M.Ds, Guru Kria Logam, nuju mamerkeun watang batu ali (akik) beunang siswana

Ekskul SMKN 14 teu éléh euyeub. Utamana geusan nyalurkeun bakat, minat turta hobi para siswa-siswina. Disayagian wadah kagiatan dina panangtayungan OSIS, di antarana: Pramuka, PMR, Paskibra, Yudo, Badminton, Futsal, FUI, PA, Téater, Animasi, Seni Lukis, Jurnalis, Baskét, Voli jrrd. Keur para siswa-siswi anu nyangking préstasi nyongcolang disadiakeun béasiswa ti pamaréntah pusat/daérah ogé ti para donator (BAWAKU, BAGUS, BKM, Béasiswa Khusus Seni Rupa & Kria (BKK) Supersemar, Guru Peduli, Yayasan, jrrd.

bengkel bodi                       Bengkel Teknik Perbaikan Bodi Otomotif

Pa Bambang anu hobina kana “bermusik” ngupayakeun ronjatan kualitas atikan luyu reujeung Kurnas (Kurikulum nasional), ngarojong para peserta didikna dina pirang-pirang lomba jeung LKS (Lomba Keterampilan Siswa). Berekah saurna, dina waktu anu moal lila deui baris miang ka Kota Malang, sawatara widang seni lukis/grafisna jadi wawakil Bandung di Bogor.

pa jose                       Pa Jose I, Waka. Kesiswaan

Drs. Nana Sutedjo                       Drs. Nana Sutedjo, Waka. Sanpras

pa ari                      Drs. Ari Ahadrian, M.Ds, Waka. Hubin/Humas

Drs. Yulian TS                       Drs. Yulian TS, Waka. Kurikulum

pa deden                      Drs. Deden Bambang

drs wahyu                       Drs. Wahyu Nugraha, M.Ds, WMM (Wakil Manajemen Mutu)

drs bambang                       Drs. Bambang Subarnas, M.Sn, Ketua Unit ICT

Program ieu pupuhu anu nyunda pisan, di antarana dina ngupayakeun fasilitas sakola nu leuwih hadé, nya éta keur ngeureuyeuh ngokolakeun kalengkepan sarana jurusan animasi. Utamana perangkat komputer anu ngadeudeul pisan kana kompeténsi pembelajaran. “Harepan anu kacida urgéntna hayang ngawangun studio animasi geusan kalancaran para siswa ngawujudkeun filem animasi anu ayeuna geus dilalanyahan. Sok sanajan saheulaanan mola kana SPM (Standar Pelayanan Minimal) paling copel para siswa jurusan animasi mibanda karueus kana jurusan anu diteuleumanana. Utamana mah ngimbangan pangajaran konvensional ku perangkat digital,” kitu saur Pa Bambang anu ayeuna nganjrek di Tutugan Manglayang (Cinunuk).

siswa                       Siswi SMKN 14 Kota Bandung

Ngagilek kana program insprastruktur, Pa Bambang negeskeun geus gereget hayang ngaréngsékeun wangunan masjid sakola. Basa Sora ngolongan ti mana waé waragad masjid anu sakitu piagréngeunana téh? Pa Bambang anu mahér nyiptakeun lagu, salah sahijina hymne SMKN 14 (hymne SMKN 13 Kota Bandung & SMPN 48 Kota Bandung, ogé hasil ciptaan anjeunna) giak nambalang. “Alhamdulillah waragad masjid téh dongkap ti para donatur warga sakola jeung donatur ti luar sakola, direugreugan ku kasumangetan warga sabudeureun sakola seja aub ngarojong. Matak reueus tur ngangres yén para guru SMKN 14 saheuyeukan ngayakeun lélang jariyah, Bapa muji syukur. Kituna apanan sugri juru atik pada mafhum kana udagan kurnas anu ngamata holang kana pangwangunan karakter spiritual utamana papagon Agama Islam,” saur Pa Bambang deui daria.    

masjid                       Masjid SMKN 14 Kota Bandung dipiharep tereh rengse

Harepan ieu Kepala SMKN 14 anu dieuyeuban ku 1048 siswa-siswi ti salapan kompetensi kaahlian, 93 guru pleus 20 TU tur caraka, taya kajaba sangkan hasil prakték karya siswa-siswi hususna widang kria seni rupa layak jual di pasaran.

kantor smkn 14                      Kantor SMKN 14 Kota Bandung

Sobat Sora, dina tungtung wangkongan, Pa Bambang negrakkeun pangharepan binarung kebekna jiyad pangdunga anu matak kataji sing saha anu ngalenyepanana; Hayang barudak bijilan SMKN 14 masing saroléh, mampuh ngawarnaan ajén-inajén kahirupan sapopoéna, boh keur dirina boh keur lingkunganana. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Kata Ketua IKA UNIBBA Amas Sutiana Wisudawan Tahun Akademik 2024-2025 Harus Memiliki Integritas dan Kemampuan Berkomunikasi
  • Maman Kepala SMAN 1 Kota Cirebon Kuatkan Sinergi dengan IKA di bawah Kepemimpinan A Kuswara Komisaris PT Persib Bandung Bermartabat Dorong Memajukan Sekolah
  • Kado Istimewa Lina Kepala Sekolah Baru SMAN 6 Juara Umum POPKOTA Cirebon 2025, Miliki SDM Unggul untuk Membawa Sekolah Semakin Berprestasi
  • Ayo Datang ke Pameran Baby Kids & Teens Fest 11-14 Desember 2025, Hadirkan Produk Promo, Hiburan dan Kompetisi untuk Bayi, Anak, hingga Remaja
  • “Nagabonar Terharu XVI” SMAN 3 Bandung: Tradisi Sarat Makna, Penghormatan dan Apresiasi Siswa Kepada Guru
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In