Gedung Merdéka – Urang kenalan yu sareng jajaka ganteng ti nagri “Topi Sombrero” Meksiko, Kang Léon Gilberto Medellin Lopez. Nénéhna mah Kang Léon (28 taun) baé. Harita tepang dina acara Kongrés Bahasa Daérah Nasional di Gedong Merdéka, nu lumangsung ti tanggal 2 Agustus nepi ka tanggal 4 Agustus 2016.
Kang Léon téh, jolna ti Propinsi Wahaka, séké sélérna mah Zapotec, Meksiko. Di nagarana basa Zapotec téh kaasup basa Indung (basa Daérah) anu rék tileum. Nilik tina data, kurang ti sajuta nu makéna téh. Ari basa nasional di nagarana, nya éta basa Spanyol, ngan geus teu sagembléngna kawas di Spanyol.
Sajarahna Kang Léon datang ka Indonésia téh, mangsa anjeunna kuliah D-1 di Meksiko, nyokot jurusan cara ngajar basa deungeun sarta linguistik ngeunaan basa nu bakal tumpur. Salian ti éta kataji ku kasenian nusantara, nya éta karawitan. Ti dinya nyobaan daftar ka ISI Solo, ari heug téh katarima. Eta nu jadi marga lantaranan miang ka Indonésia-na téh.
Cicing di Indonésiana geus dua taunan. Kacatet jadi mahasiswa ISI Solo, jurusan karawitan, semester tilu. Salila di Indonésia Kang Léon, resep pisan diajar basa Daérah. Geus puguh ari basa Jawa mah, da dumuk di Solo. Ayeuna keur rajin diajar sababaraha kosa kecap basa Sunda, Bali sarta Minang .
Sora harita ngolongan ku naon bisa ngiluan jadi pamilon kagiatan Kongrés Basa Daérah Nusantara téh, pédah dibéré nyaho ku babaturanana, cenah. Ti dinya anjeunna néangan informasi tur daftar jadi pesertana. Da teu sagawayah nu jadi peserta kongrésna téh, memehna diséléksi heula.
“Sim kuring kataji ku budaya nu aya di Indonésia, hususna kana kasenianana. Sim kuring gé aktif janten musisi (hitar), kagungan grup kesenian ogé, nya éta Srimara World Music. Sangkan tiasa maénkeun alat musik Nusantara tangtos kedah ngawasa basa-na ogé. Ku kituna pami Sim kuring ameng ka hiji lelewek di Indonésia, otomatis Sim kuring kedah diajar basa tur tata kramana,” saur Kang Léon nu soméah.
Kang Léon boga kamandang sangkan basa Indung di Indonéia téh hurip hirup, kudu dideudeul sacara konsitusional ku pamaréntah pusat, daérah, kabupatén/kota, ogé dinas pendidikan, sakola, masarakat, nu paling utama di kulawargana. Anjeunna gé ayeuna terus nanjeurkeun basa zapotec ambéh teu tumpur. [MS]***