Katerangan poto (ti kénca ka katuhu): Pa Arif Nurdin, S.Pd (staf kurikulum), Pa Tatang Chaérudin (staf kurikulum), Bu Irma Rahmati, S.Pd (staf kesiswaan), Bu Eti Suhayati, S.Pd (Guru Basa Indonésia), Bu Riestha, ST (Guru TIK), Pa Eman Puroman, M.M.Pd (Guru Basa Inggris & Wakil Kepala Sekolah SMPN 40 Terbuka & Pa Roni.
Unggal tanggal 20 Méi, bangsa Indonésia sok ngalaksanakeun upacara, dina raraga miéling Hari Kebangkitan Nasional (Harkitnas). Maknana tangtu keur ngaronjatkeun sumangét bangsa Indonésia, leupas tina hal nu goréng ganti jati hadé. Patalina jeung Harkitnas Sora hasil ngawawancara Guru SMPN 40 Kota Bandung, nyuhungkeun kamandangna ngeunaan Harkitnas taun 2016.
“Ngalangkungan Hari Kebangkitan Nasional (Harkitnas), urang salaku bangsa Indonésia kedah bangkit tina keterpurukan sareng telat sadar. Kiwari bangsa urang telat kana sagala hal, ulah sadar sabada tos kajantenan, kaduhung engkéna. Kiwari seueur kajantenan nu pikamelangeun. Bapa salaku guru, kedah ngamotivasi siswa ti béh dieu kénéh, sangkan getol diajar, hormat ka ibu rama tur guru, rajin ibadah, ngajauhan hal negatif, jrrd. Ku Hari Kebangkitan Nasional, siswa kedah ngeuh tur sadar kana kaayaan jaman ayeuna. Ulah kajongjonan nepi ka tisolédat kana hal negatif. Ku kituna dina miéling poé Harkitnas, ngalangkungan dunya pendidikaan urang kedah tiasa ngigelan jaman,” saur Pa Eman P, M.M.Pd, Guru Basa Inggris SMPN 40 Kota Bandung & Wakil Kepala SMPN 40 Terbuka. [MS]***





