• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Kagiatan Paturay Tineung Di SMKN 6 Kota Bandung

Redaksi by Redaksi
19/05/2016 8:27 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Kagiatan Paturay Tineung Di SMKN 6 Kota Bandung
359
SHARES
2.1k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

lulusanana

Sobat Sora, poé Rebo ping 18 Mei 2016, lapangan SMKN 6 Bandung ubyag ku geder pintonan kréasi para siswa jeung siswina. Harita téh keur lumangsung kagiatan paturay tineung para peserta didik kelas XII anu geus lulus tina UN-na. Méméh kagiatan resmi prosési wisuda jeung pelepasan, panggung kréasi seni diramekeun ku baragem seni islami, tim nasyid jeung tim marawis SMKN 6. Saterusna Ketua Pelaksana Kagiatan jeung Ketua OSIS negrakkeun biantara amit mundur.

sungkeman duaPa H. Ramdan, S.Pd, M.Si (kadua ti katuhu) Kepala SMKN 6 Kota Bandung

sungkemamPa Dédén Héndi, S.ST., Waka Kesiswaan (katilu ti katuhu), Pa Amrih Wiyono, S.Pd., Waka. Humas/Hubin & Pa Kosim, S.Pd., M.Pd., Waka. Kurikulum

Hébatna, saméméh prung upacara adat ti lingkung seni SMKN 6, diayakeun heula siraman ruhani ti mubaligh muda, Ustadz H. Farid alias Kang Dafa. Dina ceramahna anu adumanis jeung galindeng solawat pirigan hadrah, Kang Dafa ngabéjérbéaskeun kumaha pentingna élmu pangaweruh tepi ka  Gusti Alloh katut Rosul-Na mosisikeun kalungguhan luhur ka umatna anu ngemban jeung sapanjang hirupna ngulik tur neuleuman kaélmuan. Uthlubul Ilma Walau Bish–Shin, prak udag élmu pangaweruh masing tepikeun ka Nagri China ogé, kitu cék ungkara Islami nu dikutip ku Kang Dafa.

ustad dafaUstadz H. Farid alias Kang Dafa

pa ramdan & ust dafaPa Ramdan & Ust. Dafa

Ieu kagiatan paturay tineung dihadiran ku kepala bidang SMA/SMK dinas pendidikan Kota Bandung, Ibu Hj. Rita, para guru jeung sakabeh siswa ti kelas X-XI-XII, komite sekolah, para tamu ondangan, katut ka para awak media jeung insan pers, saperti Majalah Sora, majalah Bandung Juara, Bandung TV, PJTV jeung TVRI. Kepala SMKN 6 Bandung, H. Ramdan, S.Pd, M.Si, nandeskeun dina pangabagéana (sambutanana) kacida ngarojong ka para peserta didikna sangkan teu eureun ngulik pangarti nyusuk pangaweruh geusan ngigelan kamajuan jaman anu mesat ngabelesat. Paturay tineung maneuh di sakola mah ukur paseu di mana para peserta didik kudu leuwih soson-soson diajar boh ngalanjut ka perguruan tinggi atawa ngawangun wirausaha.

marawis deui

smk bisa

nari

Salulusna para peserta didik ti SMKN 6, ditungtut tilu tahapan garapan, wirausaha saterusna kuliah bari matéah ngagedékeun usaha, puncakna kakarak ngawujudkeun pangupa jiwa (profési). Alatan éta, pihak sakola geus mekelan élmu pangaweruh jeung katerampilan dumasar kamampuan nu diajarkeun sangkan lulusan SMKN 6 mibanda kayakinan sayaga geusan ngaliwatan paseu résiko di lapangan. Nyoal kana kamandangna dina nyikepan prosési paturay tineung peserta didik kelas XII, H. Ramdan, S.Pd, M.Si, nandeskeun yén SMKN 6 geus biasa jeung lumrah ngayakeun acara-acara gedé malah mah geus maneuh dipercaya sabagé pasilitator acara resmi. Tapi anu kudu diukir dina kaweningan ati para peserta didik taya kajaba  sangkan teu lésot kanyaah ka almamater. Tatalépakeun ka adi-adi kelas geusan ngantengkeun tali mimitran ka warga sakola.

upacara adat

lengser

Disambung ku biantara Dra. Hj. Rita hardyani, M.Ed, Kabid PSMAK Disdik Kota Bandung, anu enerjik kebek sumanget tur  kareueus. “SMKN 6 Bandung, pasti Bisa! SMKN 6 Bandung juara. SMKN 6 Bandung mémang luar biasa!” Kitu yél-yélna Ibu Kabid téh. Mun dibanding jeung SMK-SMK séjénna, acara paturay tineung SMKN 6 Bandung, mémang pangunggulna boh dina pintonan senina boh dina kaahénganana. Malahan dina jumlah kalulusan, SMKN 6 Bandung tétéla pangeuyeubna sa-Jawa Barat malahan bisa disebutkeun panglobana sa-Indonésia, tepi ka ngaraéh angka kalulusan  leuwih ti 600 kalulusan. Hal ieu patut diacungan jempol lantaran kacida ngarojongna kana program pamaréntah, “Bandung Juara”, “Bandung Masagi” jeung “Jawa Barat Kahiji”. Genep jurusan anu dikokolakeun SMKN 6 Bandung geus bukti geusan ngawujudkeun genep lahan peluang tenaga kerja. Boh di sarakan (dalam negeri) atawa di pangumbaraan (luar negeri) saperti di Jepang, Koréa jrrd. Genep jurusan kasabit nyatana Arsiték (TGB), Sipil (TKK), Téhnik Audio Video (TAV), Téhnik Permesinan (TPM), Téhnik Kendaraan Ringan (TKR) jeung Téhnik Instalasi Pemangfaatan Tenaga Listrik (TIPTL).

ngalungkeun medali

smk bisa deui

“Yén udagan juara satemenna kudu disikepan ku rasa syukur. Syukur ka Nu Ngusik-malikkeun urang tegesna Dzat gusti Alloh. Mangkana, disagigireun neuleuman élmu pangaweruh umum, prak baca Alquran sabab nya Alquran pisan sumberna sagala élmu pangaweruh teu wungkul ngaguliksek bag-bagan kaahératan. lulusan SMKN 6 kudu jadi juara boh di dunya boh di ahératna. “Jawa Barat Kahiji, Bandung Juara, SMKN 6, Bisa!” Kitu yél-yél pupungkas biantarana ti Bu Hj. Rita.

bu kabidDra. Hj. Rita hardyani, M.Ed, Kabid PSMAK Disdik Kota Bandung

pa ramdanH. Ramdan, S.Pd, M.Si, Kepala SMKN 6 Kota Bandung

Sora ogé nyadap kamandang para peserta didik lulusan 2015-2016, ti kadeukeutan, di antarana Méliyanti, kelas XII TGB 3, urang Jalan Kawaluyaan Indah. “Di SMKN 6, leubeut ku panineungan anu teu tiasa ditataan ku cariosan. Suka, duka, sedih sareng bingah ngawarnaan kahirupan salami tilu taun campleng. Ogé teu hilap seja ucap nuhun anu saageung-ageungna ka para guru. Teras peupeujeuh ka para adi kelas X-XI-XII supados langkung ngaronjatkeun komara SMKN 6, jaga tur mumulé nama baikna. I Love You SMKN 6.” Kitu cék Méliyanti anu kungsi jadi model dina cover Malajah Sora.

selamat 7 sukses

lulus euy

lulus euy 2

lulus 3

Ilham. R, kelas XII TGB 1, urang Jalan Saluyu anu zodiakna Taurus. “Kagiatan paturay tineung di SMKN 6 teu kinten saé sareng sangat menarik, Moal tiasa dilésotkeun tina émutan,” cék Ilham nu resep olah raga sarta pavorit ka pesépak bola Zidane.

melly                   Méliyanti anu kungsi jadi model dina cover Malajah Sora

Salila tilu taun katempa ku pangalaman pibekeleun hirupka hareupna. Siswa Muhammad Alfiansyah, kelas XII TGB 1 ti Pangaléngan nu zodiakna pisces mah béda deui kamandangna téh,” SMKN 6 tiada tara, Bro!” SMKN 6 téh imah kadua anu ngabekaskeun panineungan dina lalurung kahirupan.  “Di dieu, di SMKN 6, salian ti nyuprih élmu pangarti ogé mencari cinta, ka seorang gadis (siswi SMKN 6), anu tepikeun ka ayeuna can kalaksanakeun,” cék Muhammad Alfiansyah bari ngagakgak tapi bangun sedih. [MS]***  

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • SPMB Tahap I Hari Terakhir di SMKN 2 Bandung ‘Mudal’ Tembus 2.090 Pendaftar
  • SPMB Kota Bandung 2025: Antusias Pendaftar ke SMP PGRI 10 Bandung Meningkat
  • Jangan Lewatkan “Ruang Jumpa”, Minggu 15 Juni 2025, Ada Aksi Seni Spektakuler Mahasiswa TPB FSRD-ITB’24 di Monumen Perjuangan
  • SPMB Jabar di SMAN 26 Bandung Berjalan Lancar, Antusiasme Pendaftar Melebihi Ekspektasi
  • SPMB Jabar 2025: SMKN 4 Kota Bandung Tidak Ada Celah untuk Jalur Titipan, Komit Jalankan Instruksi Gubernur Dedi Mulyadi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In