• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Hot

Kagiatan LPMP di SD Gentra Masekdas Kota Bandung

majalah by majalah
08/06/2016 9:53 AM
in Hot
0 0
0
Kagiatan LPMP di SD Gentra Masekdas Kota Bandung
354
SHARES
2.1k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Bu NurSiti Nuryati, S.Pd. Kepala SDN Gentra Masekdas Kota Bandung

Poé kadua puasa ping 7 Juni, Sora nyempetkeun nyimpang ka wewengkon SDN Gentra Masekdas Kota Bandung. Nepangan kepala sekolahna anu nembé mancén dina taun ieu (2016), Ibu Enur, lengkepna Siti Nuryati, S.Pd. Ibu Enur saméméhna ngepalaan di SDN 1-2 Cijerah, harita keur meujeuhna cakah-cikih lantaran jadi pribumi ti 98 guru jeung kepala sekolah ti 28 kacamatan dina kagiatan LPMP (Lembaga Penjamin Mutu Pendidikan). Ieu kagiatan lumangsung ti ping 7-12 Juni 2016 di genep TPK; SDN Sukaluyu, SDN Soka, SDN Cimuncang, SDN Karangpawulang jeung di SD Gentra Masekdas. Kagiatan LPMP ditujukeun keur sosialisasi kurikulum 2013.

Pa harrisPa Harris Munajat, S.Ag, Wakil Kepala SDN Gentra Masekdas Kota Bandung

“Ibu mah sami sareng anu sanés sabagé peserta kagiatan LPMP, pédah dina kasempetan ayeuna janten pribumi anu memfasilitasi-na,” kitu saur Bu Enur.

LPMP salah sahiji kagiatan ti Dinas Pendidikan Kota Bandung nu lumansung di SDN Gentra Masekdas Kota Bandung 

kagiatan 1

kagitan 2

Program munggaran anu dirarancang ku Ibu Enur dina mingpin SDN Gentra Masekdas Kota Bandung nya éta nuluykeun naon rupa program anu kungsi digarap ku kepala sekolah saacan anjeunna, Bu Nunung Suyantini, M.Pd, utamana tatahar ngahangkeutkeun program adiwiyata nasional. Satuluyna tatahar geusan ngabénténg sakuriling komplék sakola, utamana aréa tukang jeung gigirna. Tujuanana taya kajaba geusan ngawujudkeun kaamanan ka warga sakola hususna keur para peserta didik. Alatan éta, anjeunna ngayakeun babadamian jeung wakil komite sakola anu dipupuhuan ku H. Jujun. Program saterusna tatahar ngahangkeutkeun para peserta didik dina nyanghareupan ujian jeung UKK (Ujian Kenaikan Kelas).

Guru-guru sa-Kota Bandung dina kagiatan LPMP nu dilaksanakeun di SDN Gentra Masekdas Kota Bandung

guru1

guru2LPMP sa-Kota Bandung di SDN Gentra Masekdas

Luyu jeung moto pribadina, geusan digawé ikhlas sarta ulun kumawula kana dunya atikan hususna ka warga sakola. Bu Enur ngarepkeun sangkan ngawujud kasinerjian antara para orang tua peserta didik  jeung pihak sakola.    

SDN Gentra Masekdas nu perenahna di Jalan Sukamulya Nomer 29 Bandung ngemban misi ngawujudkeun kurikulum anu adaftip kalawan nuwuhkeun ajén-ajén religius. Ngawujudkeun sakola ramah tur nyaah ka lingkungan. Ngawujudkeun lulusanana anu kompetitif, kréatif jeung sadar lingkungan. Ngawujudkeun tanaga pendididk anu professional geusan ngahasilkeun peserta didik anu mibanda kualitas pinunjul. Ngawujudkeun budaya mutu jeung budaya gawé anu ngarojong kana lingkungan sakola adiwiyata sakeur nyinghareupan tangtangan global. Ngawujudkeun sarana jeung prasarana anu betah merenah geusan ngajaga kana katingtriman dina KBM (kagiatan belajar mengajar).

kagiatan3LPMP sa-Kota Bandung di SDN Gentra Masekdas

Sora ti saméméhna gé ngarasa hélok jeung kataji ku ngaran ieu SD, béda ti SD-SD séjénna ana sup ka wewengkonna geuningan ublug-ablag. Sakuriling bungkingna jarekjek ku tutuwuhan paselap jeung kekembangan. Di juru kénca aya saung camperenik dipasieup ku kulah leutik hareupeunana. Matak betah dipaké ngahérang ngilangkeun rupaning barébédan ati jeung pikiran. Mana pantes cék Bu Nunung, SDN Gentra Masekdas keur tatahar nyanghareupan adiwiyata nasional satutas lolos ti tahap propinsi. Cindekna geusan ngajaga jeung rumawat kana misi sakola, ngaronjatkeun ajén sakola anu mibanda budaya ngawangun karakter wargana. Disagigireun tangtuna gawé bareng jeung tim TPK (Tim Pengembang Kurikulum) ngahangkeutkeun hal-hal anu tumali reujeung kurikulum.

Kaayaan di SDN Gentra Masekdas Kota Bandung tatahar dina raraga ngahontal sakola adiwiyata nasional

wilujeng sumping

kaayaan sakola1

kaayaan sakola 2

kaayaan sakola 3

Alatan éta dibutuhkeun kasapukan antara peserta didik jeung para guru, para guru reujeung para orang tua murid, stakeholder katut ka jeung instansi-instansi lianna. Utamana merjoangkeun budaya literasi sangkan warga sakola bener-bener mibanda budaya cinta baca jeung cinta menulis. Bu Nunung anu mibanda prinsip di mana bumi dipijak di sana langit dijunjung kacida ngarojongna kana program-program kepala SDN Gentra Masekdas anu karék mancén. SDN Gentra Masekdas anu mibanda 783 peserta didik, ngarepkeun ka warga sabudeureunana sauyunan dina nanjeurkeun kaamanan sakola. Sakola nu urang geusan maju pesat ku urang, kitu pokna Bu Enur kebek harepan. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Emil Gubernur Jabar Memantau UNBK Di SMKN 3 Bandung
Hot

Emil Gubernur Jabar Memantau UNBK Di SMKN 3 Bandung

by majalah
27/03/2019 8:31 PM
692 Siswa SMKN 3 Kota Bandung Ikuti UNBK Dua Sesi
Hot

692 Siswa SMKN 3 Kota Bandung Ikuti UNBK Dua Sesi

by majalah
26/03/2019 12:29 AM
SMAN 24 Kota Bandung Menjalin Kerjasama Dengan BNI Dalam Layanan Digital Siswanya
Hot

SMAN 24 Kota Bandung Menjalin Kerjasama Dengan BNI Dalam Layanan Digital Siswanya

by majalah
16/02/2019 10:33 AM
Dani: Target RKB Disdik Kota Bandung Tahun 2018 Tercapai 100%
Hot

Dani: Target RKB Disdik Kota Bandung Tahun 2018 Tercapai 100%

by majalah
02/01/2019 8:52 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Rektor Unisba Prof. Harits Nu’man Sampaikan Ucapan HPN 2026 kepada Insan Pers
  • Kerja sama Internasional SMKN 1 Cibinong Gandeng KRIVET dan Seoul AI Technical High School, Manfaatkan AI untuk Meningkatkan Kualitas Pembelajaran
  • Sudah Tiga Bulan Tanty Memimpin SMAN 1 Bandung, Perkuat Karakter Siswa, Diganjar Penghargaan Gapura Pancawaluya serta #Save SMANSA Bandung
  • Raker Penyusunan dan Pengesahan RKAT UNIBBA 2026 di Pangandaran Tegaskan Arah Kampus Berdampak dan Tata Kelola Perguruan Tinggi yang Baik
  • Di Bawah Kepemimpinan Dr Agus Setiawan, SMKN 2 Kota Bekasi Fokus Cetak Lulusan Berkarakter dan Standar Industri
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In