Sobat Sora, poéan kalima puasa Romadon, Jumaah ping 10 Juni 2016, Sora ngahaja nyimpang ka wewengkon SMK Negeri 1 Bandung. Harita keur haneuteun ku rupa-rupa kagiatan perlombaan Islami. Di buruan hareup, basa Sora anjog keur ubyag ku seni nasyid Islami jeung lomba ceramah. Matak reueus tur reugreug, sacara teu langsung SMK Negeri 1 geus nataharkeun para da’i muda anu engkéna baris tandang makalangan ngabeungharan kagiatan da’wah Islamiyah, hususna di Kota Bandung.
Sora teu poho nepungan para réngréngan panata calagara/panitia kagiatan Islami kasabit. Sari Nursalam, kelas XI AP 1. Ieu mojang priangan kapeto salaku korditor acara lomba rohani Islam. Saterusna Rifky Saépul Rochman, kelas XI AK, salaku ketua OSIS sakaligus penanggung jawab acara. Katiluna mojang lenjang Nabilah Haéronnisa, kelas XI AK 3 salaku ketua pelaksana kagiatan Rohani Islami.
Pasanggiri Cerdas Cermat Islami
Sari anu satia nganganteur Sora ka unggal rohang kagiatan, nerangkeun yén pelaksanaanana dimimitian ti ping 10 tepi ka ping 11, dua poé Jumaah jeung Saptu. Kagiatan anu dilombakeunana ngawengku salapan materi; Lomba adzan, biantara Islami, seni kaligrafi, MTQ (Musabaqoh Tilawatil Quran), MHQ (Musabaqoh Hafalan Quran), Seni Nasyid, Mading (majalah dinding), CCI (cerdas-cermat Islami), Storytelling (hikayat Islami). Sapoéna dijadwalkeun 5 materi perlombaan. Poé kaduana seni nasyid jeung mading katut CCI, dijieun dua tahapan. Ieu kagiatan diiluan ku SMA, SMK, MA jeung anu sadarajat sa-Bandung Raya. Patandangna kurang leuwih aya 100 urang.
Numutkeun Rifky, ieu kagiatan dijudulan azayaka kalawan nyokot téma GLAW singgetan tina Glory, Love, Opportunity, Walkway. Glory hartina kajayaan, Love mah kanyaah (kasih sayang), Opportunity hartina luang tur kasempetan sedengkeun Walkway ngandung harti kemudahan yang diraih. Sedengkeun ari harti Azayaka, numutkeun Asép Barjah, alumni SMK Negeri 1 Bandung taun 2014 nya éta nyumirat jeung caang mabra. Naon cenah guna jeung tujuanana ieu kagiatan? Utamana geusan ngeusian bulan suci Romadon ku hal anu agung mangfaatna turta geusan ngaraketkeun tali mimitran, silaturrahmi antar warga sakola. Saterusna patéah nyitak para peserta didik anu nyoncolang dina préstasi, mibanda ahlakul karimah katut ka nuwuh kembangkeun kacinta jeung motivasi kana nanjeurkeun Agama Islam. Ieu jajaka kasép teu kira reueus ku kapetona jadi penanggung jawab acara lantaran leubeut pangalaman turta nambahan luang pangaweruh utamana bag-bagan Agama Islam anu dipicintana.
Pasanggiri Storytelling Islami
Kamandang Nabilah mah béda deui, ieu Si Mojang rancunit ngacungkeun jempolna, “Ieu kagiatan téh kacida bergéngsi jeung wow kerén! Kitu pokna bari ngawurkeun imut manisna. Langsung teu langsung ieu kagiatan téh geus ngahudangkeun sumanget para rumaja dina leuwih mikadeudeuh kana agamana. Dipatalikeun jeung moment Romadon, keur ieu tilu nonoman petingan SMK Negeri 1 Bandung, masing-masingna mibanda tokoh inspiratif anu nyongcolang mapaésan dunya kaélmuan. Nabilah mah, tokoh favoritna téh Khalifah Umar Bin Abdul ‘Aziz jeung tokoh matematika Alhawarizmi, Rifqi ngaidolakeun tokoh filsafat Islam Al-Ghazali jeung tokoh kadokteran kaliber dunya Ibnu Shina (Avechina) sedengkeun Sari ngajadikeun Imam Asy-Syafi’I salaku tokoh dunya fiqih sabagé pavoritna.
Sari ogé nyidem harepan sangkan kagiatan maneuh lomba Rohani Islam di SMK Negeri 1 Bandung numuwuhkeun kacinta jeung kareueus para rumaja kana éksisténsi Agama Islam. Basa dikolongan ngeunaan tim jurina (girang pangajénna), Sari giak ngadadarkeun cenah ti dua pihakan, nya éta pihak sakola (guru agama Islam) jeung ti pihak luar sakola nya éta para alumnus anu keur kuliah di UIN jeung di UPI. Poé Saptuna, ieu kagiatan baris dipungkas ku tampilan tilu tim nasyid béntang tamu nya éta nasyid The Jénggot, Nasyid Alisastra jeung Teddy Snada sakaligus kagiatan bukber (buka bersama) jeung tajil keur umumna warga sabudeureun sakola. Kagiatan Lomba Rohani Islam kasabit marebutkeun piala tetap jeung piala bagilir. Piala bagilir taun kamari (2015) dicangking ku MAN 1 Lémbang.
Ibu Yosi Andriani, S.St. Pan, Waka. Kesiswaan
Ieu kagiatan lumangsung ti taun 2010 sarta jadi program ROHIS jeung OSIS taunan. Tangtu gawé bareng jeung ekskul mading, PMR ogé MPK. Disagigireun piala tetap jeung piala bagilir, para patandang juara baris ngagémbol piala, sertifikat turta kadeudeuh ti para sponsor; Wardah Kosmetik, TB. Al-Aminah, MQ Parfum, Majalah Rumaja Sunda Sora jeung DPU-DT (Daarut-Tauhid). Sora ogé nyempetkeun ngawawancara Waka Kesiswaan, Ibu Yosi Andriani, S.St. Pan. Saur bu Yosi, kagiatan Azayaka ieu sabenerna mah tos ditaratas ti taun 2004, bareng pisan jeung anjeunna ngawitan mancén guru di SMK Negeri 1 Bandung. Aprésiasi anjeunna katut pihak sakola teu kira ngarojong utamana ngawarnaan bulan suci Romadon ku rupa-rupa kagiatan anu positif. Harepan Bu Yosi muga-muga sing suksés leuwih reugreug mun tepi ka bisa nyitak para peserta didikna jadi waladin solihin para rumaja anu saroléh dina pandangan Alloh swt. Saterusna mugia sing jadi panyumanget lain keur SMK Negeri 1 Bandung waé, tapi ogé keur SMK-SMK/SMA-SMA lianna.
Sari, Kordinator Acara Azayaka
Nabilah, Ketua Pelaksana Kagiatan Azayaka
Kareueus Bu Yosi dilengkepan ku kamandang guru agama Pa Enjang Maman, S.Ag (lulusan IAIN SGD Bandung/UIN taun 1998). “Salaku guru agama, ku ieu kagiatan lomba rohani islami, sim kuring teu kinten reueusna sarta tangtos pihak guru baris ngaaprésiasi. Mugia deuih sing jadi bekel jaga dina kahirupan di tengah-tengah masarakatna lantaran ngayakeun kagiatan kieu téh merlukeun kaahlian berorganisasi jeung manajemenisasi,” kitu saur Pa Enjang mungkas obrolan. [MS]***