Bu Héru Ekowati, S.Pd., Kepala SMAN 23 Kota Bandung
Antapani – Senén (4/7/2016) pabeubeurang, majalah Sora ngahaja ngalanto ka SMAN 23 Kota Bandung nu perenahna di Jalan Malangbong Raya, Kecamatan Antapani.
Nepangan Ibu Héru Ekowati, kepala sekolahna. Ngobrol santéy di rohangan damelna. Ku majalah Sora harita dikolongan, ngeunaan kamandang tur solusi SMAN 23 dina nyanghareupan moratorium (penundaan) mayar SPP jeung DSP di SMA/SMK Kota Bandung, salila genep bulan dina taun ajaran 2016-2017.
“Ibu sareng sababaraha kepala sekolah SMA/SMK, sababaraha waktos kapengker nepangan Pa Elih Sudiapermana, Kepala Dinas Pendidikan Kota Bandung. Informasina mah tetep saur Pa Elih kedah moratorium, SPP sareg DSP. Salah sahiji solusina nya éta, umajak ka orang tua siswa aktif mantuan sakola. Carana mah diajak ngurilingan sakola, teras diajak badanten ngeunaan naon-naon waé pangabutuh sakola téh,” saur Bu Héru Ekowati, S.Pd., Kepala SMAN 23 Kota Bandung.
Basa majalah Sora nempo kaayaan sakola enya wé SMAN 23 Kota Bandung téh, masih loba biayaeunana. Saperti keur pangwangunan masjid sakola, ngumplitan fasilitas komputer nu lobana 100 unit, acan keur ngawaragadan program sakola, kayaning ngahangkeutkeun program literasi, mayar padamel honorér, jeung réa-réa deui. Kacipta gejedna lamun waragadna hésé béléké.
Sanajan kitu Ibu Eko geus tatahar pikeun nyanghareupan sagala rupa pasualan. Anjeunna tur réngréngan SMAN 23 Kota Bandung, sakuat tanaga ngawujudkeun sagala hal nu dicita-citakeun ieu sakola. Utamana dina ngaronjatkeun préstasi sakola jeung siswana. Tetep dihenteu-henteu gé éta hal téh teu bisa lésot tina waragad. Alatan kitu, tetep sakola miharep peran orang tua siswa SMAN 23 Kota Bandung, nya éta unggal bulanna aktif nyumbang sakola. Eta gé keur nu mampu. [MS]***









