• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Ibu Elly Halia, S.Pd. Kepala Sekolah Anyar SDN Sukaraja Kota Bandung “Mertahankeun sangkan Sakolana teu Bubar”

Redaksi by Redaksi
16/04/2017 11:20 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Ibu Elly Halia, S.Pd. Kepala Sekolah Anyar SDN Sukaraja Kota Bandung “Mertahankeun sangkan Sakolana teu Bubar”
380
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

sdn sukaraja bandung kepsek tepang pa jokowi-majalah sunda soraBu Elly Harlina mangsa tepang sareng Pa Jokowi, Presidén Republik Indonésia

majalahsora.com – Sobat Sora urang wawanohan yu jeung Kepala Sekolah anyar SDN Sukaraja Kota Bandung. Jenengan lengkepna Ibu Elly Halia, nénéhna mah Ibu Elly, Tempat tanggal lahirna di Bandung, 15 Maret 1970.

SONY DSCBu Elly, salaku Kepala Sekolah definitif, siap mertahankeun tur ngamajukeun SDN Sukaraja Kota Bandung

Diangkat janten Kepala Sekolahna basa ping 23 Maret 2017, dilantikna ku Walikota Bandung, Bapa Ridwan Kamil, tempatna di lapang upacara Pemkot Kota Bandung. Anjeunna téh kalebet 70 guru SD negri nu kakara diangkat jadi Kepala Sekolah.

SONY DSCGuru-guruna siap ngadeudeul program Kepala Sekolah 

Méméh janten Kepala Sekolah, Bu Elly kantos ngawulang didua sakola, nya éta di SDN 4 Bojonggédé Bogor jeung SDN Ciporéat Kota Bandung. Munggaran diangkat janten PNS-na mangsa taun 1999, basa janten guru di Bogor. Di Kota Hujan-na  beunang tilu taun. Sabada éta ngalih ka SDN Ciporéat Kota Bandung basa taun 2001, nepi ka diangkat jadi Kepala Sekolah.

SONY DSCKaayaan di jero kelas

Ayeuna Bu Elly ngokolakeun sakola nu pernahna di Jalan Terusan Pasteur, gugus 10, Kecamatan Cicendo. Asupna ti poé Senén nepi ka poé Saptu ti pukul 07.00-12.00. Jumlah muridana aya 100 urang. Jumlah guruna aya dalapan urang, ngawengku guru kelasna limaan, guru olahraga jeung guru agama masing-masing saurang.

SONY DSCKaayaan lapang sakola

Wangunan kelasna aya genep. Rohang PKG hiji, rumah dinas penjaga sakola hiji, wc murid hiji, wc guru hiji, lapang olahraga hiji, pabukon hiji, sarta rohang uks hiji.

Lamun nilik tempatna mah, SDN Sukaraja téh kaasup nu lalega (1350 m2). Ngan lamun nempo sarana prasarana jeung wangunana mah, matak prihatin. Eta wé basa Majalah Sora nempo langsung ka ditu (Saptu, 15 April 2017), aya wangunan nu geus rugrug jeung téréh rugrug. Sakola gé can boga infokus hiji-hiji acan.

SONY DSCSDN Sukaraja nu acan boga pager gerbang sakola

Wangunan nu geus rugrug mah, nya éta bénténg sakola gigireun rohang kelas genep, ayeuna ditutup ku asbés. Ari nu téréh rugrug mah nya éta rohang UKS-na. Salian ti éta sakolana gé can dipager, jadi barébas jalma nu asup ka sakola téh.

Di sagigireun éta, lamun mangsa usum hujan, sakola sok kacaahan, alatan mudalna cai pamiceunan ti jalan. Da sakolana aya di handapeun jalan gedé. Pokona mah, asa anéh aya sakola negri di tengah kota tapi pikawatireun.

SONY DSCBenténg sakola nu rugrug ditutup ku asbés urut

Sanajan loba PR-na, Bu Elly salaku Kepala Sekolah wanoja, boga cita-cita nu luhung, saprak mancén tugas di ieu sakola, geus aya sababaraha program nu ditatahar. Di antarana ngahangkeutkeun gerakan sholat Duha berasama, gerakan pungut sampah, senam bersama unggal poé Kemis, méméh diajar maca surat pondok Al Quran, maca Asmaul Husna sarta nyanyi lagu Indonésia Raya.

SONY DSCKaayaan rohang UKS nu teréh rugrug

Dina taun ajaran anyar 2017-2018, Bu Elly nargetkeun bisa nampa 60 siswa kelas hiji anyar keur dua kelaseun. “Taun kapengker mah nguping wartos sakola téh badé bubar, alatan nu badé daftar ka SDN Sukaraja téh kirang pisan,” saur Bu Elly, nu boga motto Hari ini harus lebih baik dari hari kemarin téh.

Biodata

Jenengan lengkep: Elly Herlina. TTL: Bandung 15 Maret 1970. Carogé: Bapa Yudi Harjana, S.IP. kagungan putra dua. Sakola: SDN 4 Cibiru Ujung Berung, lulus taun 1983. SMPN 2 Ujung Berung ayeuna mah SMPN 1 Cileunyi, lulus taun 1986. SPGN (Sekolah Pendidikan Guru Negeri) 1 Kota Bandung, lulus taun 1989. Kuliahna di D-2 UPI (Universitas Pendidikan Indonésia) jurusan PGSD (Pendidikan Guru Sekolah Dasar), lulus taun 1997. S-1 di UPI jurusan PGSD, lulus taun 2003. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Pendidikan Enam Bulan di OTC Bali YPKP Bandung, Mahasiswa Langsung Magang ke Luar Negeri
  • Prioritas Program PAPS di SMKN 1 Cimahi untuk Mencegah Anak Putus Sekolah dan Harus Tepat Sasaran
  • SMA Telkom Bandung Dipercaya Masyarakat, Murid Baru Tahun Ajaran 2025/2026 Hampir 100% Terpenuhi
  • Kata Kepala Disdik Jabar Purwanto: PAPS Jadi Langkah Strategis Cegah Anak Putus Sekolah
  • PKM Sekolah Pascasarjana Universitas Negeri Surabaya Hadirkan “Botol Bicara”, Jawab Tantangan Inklusi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In