Amérika Serikat téh nagara sékulér. Nagara teu pipilueun kana urusan agama. Kumaha wargana wé éta mah. Dina kabinétna ogé tara aya kementerian agama.
Papadaning kitu aya anu unikna. Unggal ganti presidén, presidén anu anyar téh saméméh disumpah di Gedung Capitol, sok disina nyimpang heula ka geréja. Donald Trump ka geréja protéstan, Joe Biden ka geréja katolik. Di dinya aribadah heula. Di AS babasan God Bless América atawa Help Me God téh populér pisan. Sangkilang nagara sékulér tur nagara teu pipilueun kana urusan agama, dina prakna acara kanagaraan mah angger agama jadi salasahiji ritualna.
Di nagara-nagara Barat, babakuna Éropah jeung AS, mindeng kabéjakeun anu sok aribadah téh beuki dieu beuki ngurangan. Cenah, loba geréja anu dijual, di antarana aya sababaraha anu robah jadi masjid. Malah di Perancis mah penting kénéh ngabéla nu ngaranna kebebasan berpendapat tinimbang hal-hal séjén anu aya patalina jeung agama. Presidén Perancis Emmanuel Marcon upamana mangmeunangkeun tabloid Charlie Hobdo anu masang kartun nu ngahina Kangjeng Nabi Muhammad demi nu ngaranna kebebasan berpendapat téa.
Sakur agama kungsi ngalaman raket jeung kakawasaan atawa nyekel kakawasaanana pisan. Di Inggris pangna misah ti gereja Roma téh lantaran raja teu panuju kana aturanana. Saméméh révolusi para kardinal di Perancis deuheus pisan ka kaisar. Kitu deui di Rusia saméméh kaum Bolséwik ngarebut kakawasaan.
Dinasti Umayyah, Dinasti Abbasiyah nepi ka Turki Usmani, ngadegna kakawasaan téh dumasar kana dadasar atawa syariah Islam. Nu ayeuna ngaranna kota Istambul, saméméhna disebutna Constantinopel, minangka puseurna kakawasaaan geréja katolik di beulah wétan, di sagigireun geréja katolik Roma.
Beuki majuna téknologi di sagigireun munculna rupa-rupa téori ngeunaan kanagaraan, peran agama beuki ngurangan. Cenah éta mah gumantung kana urusan wargana sorangan baé. Patokan-patokan agama ogé, geus loba anu ditinggalkeun. Urusan kawin upamana, apan di nagara-nagara Barat jaman ayeuna mah geus lumrah mun aya anu geus boga anak opat tapi tacan kawin.
Papadaning kitu, ari karep kana ngagem agama mah geus kabuktian teu bisa leungit kitu waé. Uni Soviét kungsi nyekel kakawasaan nepi ka 70 taun lilana. Umumna di nagara-nagara komunis, henteu méré tempat kana urusan ibadah wargana sorangan. Tapi, sanggeus Uni Soviét bubar, di Rusia jeung nagara-nagara séjénna anu asalna komunis, geréja jeung masjid raramé deui. Urang Rusia ayeuna cenah kabéjakeun beuki loba anu ngaragem Islam.
Mungguh keur kapentingan pulitik jeung kakawasaan mah sigana henteu gampang. Teu lila sanggeus Uni Soviét runtag upamana, Samuel Huntington geus ngawanti-wanti anu bakal adu hareupan jeung démokrasi katut kapitalisme téh nya Islam. Naha mani togmol kitu, nyebut Islam? Naha agama-agama séjénna mah teu dianggap?
Ti awalna ogé ramalan Huntington kitu téh jadi bahan perdebatan tur teu kurang-kurang anu teu satuju. Tapi pangna wani ngaramalkeun saperti kitu téh lain ngan sakadar wangwangan. Jelema pantar Huntington tangtu loba dédéngéanana. Kabuktian, aya Al Qaédah, aya ISIS. Geuning, bisa ujug-ujug tingpucunghul kitu? Ceuk Donald Trump kabéh gé jieunan. Pok pisan malah, ISIS téh jieunan Obama cenah. Putin gé boga pamanggih anu teu pati béda. Waktu ku Oliver Stone ditanya naha henteu sieun ningali urang Rusia loba anu ngaragem Islam? Ceuk Putin, naon pikasieuneunana? Da teu naon-naon. Nu matak ribut mah nu jieunan Amérika cenah.
Waktu AS keukeuh hayang ngaruntagkeun kakawasaan Saddam Husséin di Irak, nu jadi alesan utamana téh lantaran Saddam boga senjata pemusnah massal cenah. Nu séjén gé marilu percaya. Tapi sanggeus Saddamna sorangan runtag, nu ngaranna senjata pemusnah massal téh leungit kitu wé. Sanajan euweuh buktina ogé teu aya nu wani ngungkit-ngungkit.
Aya nu matak sedih mun ngabandungan nu mindeng kajadian di nagara urang. Unggal aya nu disebut téroris, konotasina téh sok ka Islam. Enya aya tambahna, radikal cenah. Angger wé ka urangna mah matak teu genah.
Lamun para pamingpin Amérika anu nagarana sékulér masih angger miharep pitulung ti Allah (help me God), komo deui urang-urang. ***