majalahsora.com – Poé kaopat Sora Cup II, Kemis 18 Méi 2017, midangkeun dalapan pertandingan. Ngabenkeun 16 tim nu geus lolos ti babak 32 besar. Dilaksanakeun ti pukul 15.00 nepi ka pukul 19.30, di Lapang Progresif Soekarno Hatta. Unggal pertandingan, lumangsung ketat.
SMAN 17 Kota Bandung (abu-abu) vs SMKN 9 Kota Bandung (beureum)
SMKN 12 kota Bandung (biru) vs SMK Nusra (koneng)
Salah sahiji pertandingan nu narik ati téh nya éta mangsa pertandingan SMAN 17 vs SMKN 9 Kota Bandung. Dina waktu normal kadua tim maén kacamata (1-1). Laju diteruskeun kana gulgulan. Tina tilu kasempetan najong SMAN 17 Kota Bandung, suksés ngasupkeun dua gul, sedengkeun SMKN 9 Kota Bandung ukur sagul. Ku kituna SMAN 17 hasil maju ka babak dalapan besar.
SMPN 23 Kota Bandung (beureum) vs SMAN 13 Kota BAndung (hejo)
SMAN 25 Kota Bandung (koneng) vs SMAN 14 Kota Bandung (hideung)
Manguyuhankeun lamun nilik tim SMKN 9 mah, komposisi pamaén teu kumplit, tina 15 urang pamaén nu ka daftar ukur aya 6 urang nu hadirna téh. Nu ngalantarankeun coréncangna tim SMKN 9 téh, ku sabab sabagéan pamaénna keur dines ka Solo, ngaping siswana nu keur lomba di LKS tingkat Nasional. Pokona mah kuméok méméh dipacok, maénna gé tensi tinggi wé pokona mah, nepi ka aya pamaénna nu di kartu mérah. Sanajan kungsi aya kajadian nu pikahariwangeun, sacara umum mah pertandingan téh tetep bajalan normal baé, nepi ka lekasan pertandinganana, kadua tim nyepeng pageuh jiwa sportivitas.
SMK Merdeka Kota Bandung (koneng) vs SMAN 16 Kota Bandung (beureum)
PGRI (koneng biru) vs SMP BPI Kota Bandung (hideung koneng)
Kitu deui mangsa pertandingan MTs Attaufik vs Al Irsyad, silih bales ngagulkeun. Para pamaén ti kadua tim téh mamérkeun téknik jeung skillna, silih serang pokona mah. Nepi ka lekasan skorna 3-2 keur kaunggulan MTs Attaufik.
Al Irsyad (biru) vs MTs Attaufik (koneng)
Dina poé kaopat, nu ngabobotohan ti unggal tim nu maén téh beuki ngaréaan, kayaning bobotoh ti SMAN 25 Kota Bandung nu ngabringkeun 52 pendukungna ka stadion Progresif. Aya ogé ti SMAN 17, MTs Attaufik, PGRI, SMK Nusra, SMAN 16, jrrd.
Nu ngabobotohan ti SMK Nusra Kota Bandung
Nu ngabobotohan ti SMAN 25 Kota Bandung
Hasil pertandingan:
- SMAN 17 Kota Bandung (1) VS (1) SMKN 9 Kota BAndung , adu pinalti (2) – (1)
- SMPN 23 Kota BAndung (6) VS (0) SMAN 13 Kota Bandung
- SMAN 16 Kota Bandung (0) vs SMK Merdeka Kota Bandung
- Al Irsyad Kab. Bandung Barat (2) vs (3) MTs Attaufik
- SMAN 14 Kota Bandung (2) vs (5) SMAN 25 Kota Bandung
- SMK Nusra (2) vs (0) SMKN 12 Kota Bandung
- PGRI (5) vs (0) SMP BPI Kota Bandung
- SMAN 10 Kota Bandung (3) vs (0) YWKA, SMAN 10 Kota Bandung meunang WO
Jadwal babak delapan besar SORA CUP II, Juma’ah 19 Méi 2017:
- SMAN 17 Kota Bandung vs SMAN 10 Kota Bandung, pukul: 14.00 – 14.40 WIB.
- SMK Merdeka vs SMAN 25 Kota Bandung, pukul: 14.40 – 15.20 WIB.
- SMPN 23 Kota Bandung vs PGRI, pukul: 15.20 – 16.00 WIB.
- MTs Attaufi Kota Bandung vs SMK Nusra Kota Bandung, pukul: 16.00 -16.40 WIB.
[MS]***