majalahsora.com – Poé kadua Turnamen Futsal Sora Cup II “Silaturahmi antar Pendidik jeung Tenaga Kependidikan”, magelarkeun genep pertandingan. Salah sahijina magelarkeun pertandingan El Classico, antara tim SMAN 18 Kota Bandung vs SMAN 16 Kota Bandung.
SMAN 1 Bandung vs SMAN 25 Kota Bandung
Kepala SMAN 18 tur SMAN 16 Kota Bandung nya éta Drs. Iwan Setiawan sareng Bapa Dedi Suryadi, ngahaja sumping pikeun ngabobotohan langsung di Lapang Progresif. Pertandinganana bajalan ketat, silih serang jeung adu strategi. Nepi ka lekasan pertandingan, SMAN 16 meunang 2-0.
SMAN 18 Bandung vs SMAN 16 Bandung
Salian ti éta aya ogé pertandingan nu narik ati antara SMAN 1 Kota Bandung vs SMAN 25 Kota Bandung. Dina panungtungan babak kadua SMAN 25 kakara bisa unggul 1-0. Mangsa pertandingan SMAN 13 vs SMPN 33 Kota Bandung gé, sarua raména, silih serang. Kepala SMAN 13 Kota Bandung gé ngahaja hadir, mangsa timna adu harepan lawan SMPN 33 Kota Bandung.
Pa Dedi Kepala SMAN 16 Kota Bandung (acuk bodas) sareng Pa Iwan Kepala SMAN 18 Kota Bandung (dikacasoca) nu sumping langsung ka Lapang Progresif
Pa Udin (dijaket hejo) Kepala SMAN 13 Kota Bandung nuju nalingakeun timna
SMPN 33 Kota Bandung téh salah sahiji tim kuat, méméhna unggul 1-0 di babak kahiji. Mangsa pertengahan babak kadua SMAN 13 Kota Bandung, hasil nyaruakeun skorna, jadi 1-1. Nepi ka babak kadua lekasan, skor imbang teu robah. Laju diteruskeun ku adu pinalti. Dina tilu kasempetan adu pinalti tim SMAN 13 hasil nyitak dua gul, sedengnkeun SMPN 33 ukur sa-gul. Skor ahirna 3-2 keur kaunggulan SMAN 13.
Ieu yeuh hasil pertandingan poé kadua, Salasa 16 Méi 2017:
- SMPN 53 Kota Bandung (2) vs (8) SMAN 10 Kota Bandung
- SMAN 1 Kota Bandung (0) vs (1) SMAN 25 Kota Bandung
- SMAN 18 Kota Bandung (0) vs (2) SMAN 16 Kota Bandung
- Al Irsyad Kab. Bandung Barat (5) vs (1) SMAN 19 Kota Bandung
- SMAN 8 Kota Bandung (0) vs (5) MTs Attaufik Kota Bandung
- SMAN 13 Kota Bandung (1) vs (1) SMPN 33 Kota Bandung. Adu pinalti (2)-(1)
Jadwal pertandingan poé katilu, Rebo 17 Méi 2017, di Lapang Progresif Soekarno Hatta:
- SMKN 5 Kota Bandung vs SMPN 23 Kota Bandung , pukul: 15.00-15.40.
- SMKN 9 Kota Bandung vs SMPN 25 kota Bandung, pukul: 15.45-16.25.
- SMAN 14 Kota Bandung vs SMKN 2 Kota Bandung, pukul 16.30-17.30. Tim SMPN 53 Kota BandungTim SMAN 10 Kota BandungTim SMAN 18 Kota BAndung. Tim SMAN 16 Kota Bandung. Al Irsyad Kabupaten Bandung Barat. Tim SMAN 19 Kota Bandung. Tim SMAN 8 Kota Bandung. Tim MTs Attaufik Kota Bandung. Tim SMAN 13 Kota Bandung. Tim SMPN 33 Kota Bandung. [MS]***