Pa Ahmad Heryawan nuju janten inspektur upacara Hardiknas 2017
majalahsora.com – Kagiatan upacara miéling Hardiknas (Hari Pendidikan Nasional) tingkat Propinsi Jawa Barat lumangsung poé Salasa, ping 2 Méi 2017, tempatna di buruan Gedong Saté. Dijejeran “Percepat Pendidikan yang Merata dan Berkualitas”. Nu janten inspektur upacarana nya éta Bapa H. Ahmad Heryawan, Lc, Gubernur Propinsi Jawa Barat.
Paskibra Jabar nuju ngeleberkeun bandera
Dina biantarana Pa Ahmad Heryawan nétélakeun Pamaréntah Jawa Barat terus ngupayakeun sangkan atikan di Propinsi Jawa Barat leuwih walatra jeung berkualitas.
“Konci kamajuan hiji bangsa téh lamun sumber daya manusana unggul, hal kasabit bisa laksana lamun pendidikanana gé punjul,” saur Pa Ahmad Héryawan, Gubernur Jawa Barat, sabada réngsé jadi inspektur upacara Hardiknas taun 2017.
Pa Ade Ahmad Hidayat, Pengawas SMP ti Disdik Kabupaten Sukabumi Kenging pangajen ti Gubernur Jawa Barat salaku Pengawas SMP terbaik sa-Jabar
Dina momentum Hardiknas taun 2017, Pa Ahmad Heryawan miharep pendidikan di Propinsi Jawa Barat téh bisa sagancangna walatra. Hususna keur tingkat SMA jeung SMK nu taun 2017 ayeuna dikokolakeun ku Pamaréntah Propinsi Jawa Barat, ngaliwatan Dinas Pendidikanana.
Anjeunna miharep warga Jawa Barat téh, minimal kudu ngasaan bangku pendidikan SMA/SMK sa-darajat. Salian ti sakola reguler pamaréntah gé keur ngahangkeutkeun SMA/SMK terbuka, sangkan diréaan jumlahna téh. Sakola terbukana aya nu keur masarakat nu geus umuran sarta sakola terbuka nu diayakeun pikeun nu jumlah peserta didikna teu pati loba. Rencanana rék aya di unggal kecamatan, nu sumebar di Jawa Barat. Hal positif ku réana lulusan SMA sa-darajat di Jawa Barat mangka IPM-na gé jadi undak nu nyabakeun ngajaulna APK.
Salah sahiji siswa berprestasi tingkat Jawa Barat
“Insya Alloh kurikulum SMA/SMK terbukana disaluyukeun sareng standar nu lumaku. Minimal nu lulus SMA sa-darajat gé jadi lulusan nu bermoral, berkualitas, calakan jeung profesional, hal kasabit kalebet revolusi mental. Tinangtos aya nu ngalajengkeun kuliah, di damel, jsté,” saur Pa Ahmad Heryawan téh.
Salian ti éta Pamaréntah Jawa Barat gé keur natahar sangkan SMA/SMK regular di Jawa Barat, boga kualitas nu walatra. Jaga masarakat teu ngajugjug ka hiji sakola favorit baé. Engké mah kabéh SMA/SMK nu sumebar di Jawa Barat téh kualitas jeung fasilitasna teu béda jauh,kitu ogé nu ngajarna, aya transfer élmu. Keur minuhan sarana prasarana, Pamaréntah Propinsi Jawa Barat siap ngawaragadan pikeun éta hal laksana.
Paduan Suara ti SMN 5 Kota Bandung
“Salian ti tanggung jawab pamaréntah, kamajuan sakola gé jadi tanggung jawab masarakatna. Eta téh tos aya dina peraturan pamaréntah tur undang-undang kemendiknas. Mangsa pamaréntah teu acan tiasa minuhan waragad kanggo ngayakaeun atikan nu berkualitas, peran aktif masarakat téh kalintang ageungna. Ka masarakat nu badé nyumbang mah mangga,” pokna.
Di sagigireun éta, sabada SMA jeung SMK alih kelola ku Pemprop. Jabar, dina taun ajaran anyar 2017-2018, baris muka PPDB (Peneriman Peserta Didik Baru) ngaliwatan jalur nu geus ilahar, kawas jalur akademik, jalur préstasi nu geus diverivikasi jeung ngaakomodir jalur afirmasi/kurang mampu, nu dikokolakeun sacara proporsional.
Balik deui kana kagiatan Hardiknas taun 2017 ayeuna, Pamaréntah Jawa Barat méré pangajén ka sababaraha kepala sekolah, pengawas, guru, jeung siswa berpréstasi tur berdédikasi pikeun kamajuan atikan di Jawa Barat. Para tenaga pendidikna kagegelan kadeudeuh ti Pemprop. Jabar nya éta beunang uang saku Rp. 10 juta tur Rp 35 juta keur Umroh ka Tanah Suci Mekah. [MS]***