Dagang téh teu payu geuning. Cilok numpuk kénéh, tahuna karék kajual welasan siki. Bungbu suuk, saos jeung kécapna ogé pinuh kénéh dina botol-botolna. Kumaha ieu? Jaba kudu setor. Pa Haji tos ngantosan rupina. Kaimpleng, pasti anjeunna nuju calik di golodog bumina. Nganggo sarung tilas solat asar. Gigireunana aya méja ditundaan emuk gedé wadah citéh panas, jeung lalawuhna sarupaning seuseupanan. Anjeunna ngantosan anak buahna, nu daragang cilok, kawas kuring. Jul jolna téh mimiti pukul lima soré. Sakeudeung deui. Aya nu geus setor kitu nya? Haté norowéco. Kawasna kuring setor téh kalah cilokna yeuh, lain duit. Bakal wirang poé ieu mah.
Bréh dina ingetan, barudak keur nungguan jeung indungna. Ari pamajikan mah moal béda semuna. Kasabaranana geus kauji. Kuring mawa duit atawa henteu, pasemonna angger hégar. Tapi barudak? Komo Si Bungsu nu can ngarti kumaha ari hirup jeung héséna usaha, tangtu kana sedihna. Heug cenah ka indungna nyarita hayang momobilan nu digusur kawas bogana anak tatangga. Kaya kieu mah, boro boro momobilan, keur dahar gé biheung cukup sésa pangasilan nu kamari, biheung henteu. Duh Gusti, abdi nyuhunkeun tulung, pangnyaitkeun barudak tina kakuciwa, haté ngajerit.
Nasib jelema geuning euweuh nu bisa neguh. Keur ngeunah-ngeunah digawé di pabrik pakéan jadi, kuring kudu kaluar, dirumahkan istilahna téh. Lain dieureunkeun gawé. Ké mun pabrik butuh deui digero deui. Kitu, cék nu boga pabrik harita. Nya teu bisa kukumaha. Baju jeung calana produksi pabrik tempat kuring gawé, kalah numpuk di gudang. Euweuh nu meuli. Nu biasa butuheun téh, geus mangbulan-bulan euweuh béja-béjana acan. Sasalad corona nu ngalantarankeunana. Jalma-jalma dicarék ka luar ti imah, ngarah virus ulah sumebar. Sakola-sakola tutup. Barudak sakola caricing jeung diajar di imahna séwang-séwangan. Ogé pasar, jeung tempat-tempat séjénna. Biasana baju jeung calana produksi pabrik téh diakut ka pasar-pasar. Keur usum sasalad kieu mah kalah ngeusian gudang.
Lamun euweuh kasab kumaha atuh keur sapopoé. Pamajikan jeung anak satilu-tilu pasti nganti-nganti kuring mawa duit atawa pisangueun. Dua minggu kuring kukurilingan, néangan pagawéan séjén. Nya panggih jeung Si Tarma, babaturan salembur. Manéhna téh tukang cilok. Cék manéhna sok datangan Pa Haji, bandar cilok, tempat manéhna gawé.
Nya isukna kuring lahlahan nepungan Pa Haji. Mani katangen atoheun anjeunna téh, da aya tanggungan cilok nu nganggur. Nu nyekelna pindah dumuk, nuturkeun kolotna ka kota séjén. Tanggunganana téh mangrupa wadah nu bisa diteundeun dina jok motor di tukang. Nu dagang cilok téh ngan kabagéan jok saeutik pisan, badis néwél.
“Sajaba kudu motor boga sorangan, modal gawé di Bapa mah kudu jujur, Jang,” saur anjeunna.
“Muhun Pa. Alhamdulillah, awon-awon ogé motor abdi gaduh. Insya Alloh abdi mah jujur, Pa,” walon kuring haget. Tuluy Pa Haji mapatahan kuring, kumaha ngajualna, sabaraha haregana, meunang sabaraha mun payu kabéh jeung sajabana.
Isukna kuring geus mimiti dagang. Mawa motor bari mawa dagangan, geuning béda jeung motor léngoh atawa mawa panumpang jelema. Asa harésé pungkal péngkolna. Kuring nagog di tempat-tempat nu aya barudak, najan teu loba. Aya hiji-hijieun barudak nu mareuli cilok kuring. Mimitina mah rada kagok ngaladangan téh. Ngaranna ogé ngamimitian. Untung nu diladanganna budak, teu éra teuing.
Cék tukang cilok séjén, mun sakola geus buka, mangkal wé di luareun sakola. Ayeuna mah hésé rék mangkal téh, da sakolana tarutup. Aya éta gé nu muka. Nyaho sotéh lantaran dina poé katilu dagang, kuring eureun di hareupeun hiji SD. Ngan barudakna beunang diitung. Éta téh nu pikét, atawa barudak nu teu bogaeun hapé alus. Maranéhna datang ka sakola pikeun maca tina Majalah Dinding. Guru-guruna biasana napelkeun tugas dina mading sakola. Guru-guruna ogé araya, bagilir ka sakola.
Poé ieu minangka poé ka salawé kuring dagang téh. Poé-poé kamari mah lumayan. Tina dua puluh opat poé dagang téh kuring teu méakkeun cilok ngan dua poé. Éta ogé lantaran hujan. Pa Haji ngamalum. Basa setor téh anjeunna teu kaciri kuciwa. Malah sésa cilok téh dibahankeun. Lumayan saurna keur barudak. Kuring nganuhunkeun, sanajan éra ogé. Ari duit keur kuringna angger teu dicocéng, tapi cilokna teu béak. Malah dibahankeun sagala. Enya bener bageurna Pa Haji téh.
Tapi teuing poé ieu mah. Kawasna éra rék panggih jeung Pa Haji gé. Nyobaan asup ka gang beulah dieu, angger euweuh nu ngageroan. Asup ka gang nu hiji deui, bari teu eureun nanawarkeun maké sora locéng. Angger. Bener lain milik poé ieu mah. Antukna kuring ka luar ti gang éta muru jalan gedé.
Kadéngé adan magrib. Motor rada digas. Anjog ka Masjid An Nur, nu rada deukeut ka bumina Pa Haji. Sanggeus markir motor, sup ka tempat wudu. Geuning teu ngocor keranna. Teu bijil cai sakeclak-keclak acan. Gura-giru kuring ka parkiran motor. Dius indit muru Masjid Al Barkkah, lima ratusan méter ti dinya. Aya caian di dieu mah. Sup asup ka rohang masjid. Solat berjamaah geus dimimitian. Pinuh masjid téh, komo da safna diheuleut-heuleut. Réréana barudak nu jadi jamaahna téh. Jamaah kolot aya di saf panghareupna. Kuring ngamasbuk. Bérés solat, kuring wiridan jeung ngado’a sabisa-bisa. Mundut ka Gusti Allah, supados manah Pa Haji teu kuciwaeun pisan, kuring ngabulasin poé ieu. Ogé mundut rejeki nu halal nu tiasa dibawa ka imah peuting ieu. Boro-boroeun anak pamajikan. Ti mana wé jalanna mah. Gusti Allah Maha Asih. Tuluy solat sunat bada magrib.
Kuring muru parkiran motor. Beulah ditu saeutik, katénjo aya nu ukay-ukey ngoméan bagéan naon tina mobilna. Teu pati sidik. Ti luar kota kacirina mah. Tadi basa ka luar masjid kaciri nomer platna, lain ti kota ieu. Kuring disapatu. Tadi sapatu diteundeun dina parantina, handapeun buruan masjid. Kaciri aya ibu-ibu ditiung nyampeurkeun motor kuring. Gura-giru kuring ngadeukeutan. Ti jero masjid kadéngé barudak keur ngaji, patarik-tarik, ngapalkeun surat parondok.
“Icalan naon Mang?” Pokna sanggeus deukeut.
“Cilok, Bu,” walon kuring.
“Cing ngaraosan.”
Kuring haripeut. Bari tuluy ngaladangan, ngawadahan cilok kumplit. Eusina cilok dua siki ditambah tahu sasiki. Tuluy dibungbuan. Sok cilok nu geus diwadahan téh diasongkeun ka manéhna.
“Panas geuning,” pokna deui.
“Muhun. Lumayan kanggo landong hawa tiris kieu mah,” cék kuring.
“Ngeunah geuning. Mungkus deui dua, Mang, kanggo nu keur ngoméan lampu mobil, tuh,“ cék manéhna deui bari nyéréngéh.
Ku kuring diladangan. Si Ibu tuluy indit, ngasongkeun cilok nu tadi ku kuring dibikeun. Geus kitu jul jol nu ngadeukeutan motor kuring. Maranéhna panumpang dina mobil Si Ibu kénéh kawasna mah. Tadi teu pati sidik. Da tadi téh aya di buruan masjid beulah ditu, ngudag-ngudag budak dua taunan nu keur meujeuhna lucu.
Kuring cakah-cikih. Aya harepan yeuh, cék haté. Bray dina wangwangan Si Bungsu muru ti jero imah.
Si ibu nyampeurkeun deui.
“Seueur kénéh Mang?” Pokna.
“Seueur,” témbal kuring.
“Ton, cing pangitungkeun barudak nu ngaji di ieu masjid. Tadi Ibu ningali loba da barudak téh,” pokna ka budak ngora nu tadi ngoméan lampu mobil. Geus bérés kawasna, da manéhna diuk di buruan masjid. Bari ngadahar cilok.
“Mangga,” témbalna, bari asup ka masjid. Teu lila Ka luar deui.
“Tilu puluh dua Bu. Sareng ustadna dua,” cék manéhna sanggeus deukeut.
“Mang pangmungkuskeun keur barudak nu ngaos nya di lebet masjid. Tilu puluh opat bungkus. Aya moal?” Cék Si Ibu ka kuring.
“Insya Allah cekap Bu. Langkung kénéh rupina mah,” témbal kuring, sumanget. Bari tuluy ngasup-ngasupkeun cilok jeung sajabana kana plastik.
“Mangga, Bu. Ieu parantos,” cék kuring, sanggeus ngawadahan bungkusan cilok dina baki nu rada gedé. Dina wadah dagangan sok mawa babakian, paranti mawa cilok ka nu meuli rada loba.
“Sakantenan pangmasihkeun ka barudak nu ngaos Mang.“
Kuring gura-giru ka buruan masjid, ngudar sapatu, kalacat kana buruan masjid, sup ka rohang masjid. Pajauh-jauh geuning barudak teh diukna. Sakeudeung ogé bérés. Da cilok-cilok téh ku kuring diteundeun dina méja. Sapaménta Ustadna. Keur kagok ngaraji meureun. Bisi ébat.
“Atos Bu,” cék kuring ka Si Ibu, sanggeus deukeut.
“Saé. Sabarahaeun Mang?” pokna.
Kuring ngitung. Tilu puluh opat ditambah genep kanggo Si Ibu jeung kulawargana tadi. Kali sarébuan.
“Opat puluh rébueun Bu,” cék kuring ahirna.
“Aya sabarahaeun deui cilokna. Sok wé bungkus kabéh keur bekel di jalan,” pokna deui.
“Aya panginten sapuluh atanapi dua welas rebueun deui,” walon kuring bari ngasup-ngasupkeun deui cilok.
“Saé atuh. Lumayan gahél-gahéleun dina mobil.”
“Mangga. Bu,” pok téh bari masrahkeun bungkusan-bungkusan cilok dina kérésék nu rada gedé.
“Ieu artosna Mang, Saratus dua puluh lima rébu, ulah dipulangan,” cek manéhna , bari ngasongkeun duit tilu lambar, warna beureum, héjo jeung coklat.
“Langkung teuing Bu,” cek kuring sanggeus nampanan éta duit.
“Kanggo Emang wé langkungna mah. Nuhun nya,” cék manéhna bari muru mobilna nu geus siap pikeun nuluykeun lalampahanna. Kadéngé mesinna ngagerung.
Kuring ukur olohok. Ngan haté ajol ajolan, bakat ku atoh. Aya nu nyelek dina tikoro. Nuhun Gusti, doa jisim abdi diijabah, cék haté nu guligah. Hayang geura tepi ka imah, mangku Si Bungsu nu biasa ajrag ajragan ari kuring datang. Hayang geura setor ka Pa Haji. Hayang geura mikeun duit batina ka pamajikan. Imutna nu sadrah ngalangkang dina ingetan. Poé ieu mah bisa ngeupeulan rada badag. Aya lagu kabungah ngahaleuang dina haté. Ngan kadéngé ku kuring sorangan.***
Tanjung P13
Fébruari 2021 katompérnakeun