H. Aa Sudaya, M.Pd., Kepala SMAN 1 Margahayu, Kabupatén Bandung nu ngarangkep jadi Ketua MKKS SMA sa-Kabupatén Bandung
majalahsora.com – Sobat Sora, kagiatan UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer) taun 2017, mangrupa program pamaréntah Indonésia nu keur dihangkeutkeun. Dipiharep 80 persen SMA/SMK sa-kuliah Indonesia bisa ngalaksanakeun éta ujian sacara digital. Kaasup sakola nu aya di Jawa Barat nu sumebar di 27 kabupatén kota.
Pikeun suksésna UNBK SMA di Jawa Barat, hususna di Kabupatén Bandung, H. Aa Sudaya salaku ketua MKKS (Musyawarah Kerja Kepala Sekolah), ti anggangna getol nyosialisasikeun tur ngajelaskeun ngeunaan pelaksanaan UNBK. Didugikeun ka Kepala SMA sa-Kabupatén Bandung.
Keur awal-awal mah réa sakola nu beurateun, ngalaksanakeun UNBK téh. Wajar wé da patalina jeung pembiayaan. Lain hal nu murah jeung gampang. Sakola nu can minuhan fasilitas komputerna, otomatis kudu meuli, nyéwa atawa ngoméan, ogé nyiapkeun serverna. Salian ti éta kudu nyiapkeun jaringan internétna. Dina segi SDM-na unggal sakola gé kudu geus boga proktor, teknisi jeung pengawas eta gé biayayaeun.
“Alhamdulillah ku tarékah tur sosialisasi nu bertahap, ayeuna insya Alloh 100 persén SMA negri sareng swasta di Kabupatén Bandung téh badé ngalaksanakeun UNBK. Taun kamari mah, ukur aya hiji SMA, nya éta SMA Bina Bangsa School. Kirang langkung UNBK taun 2017, aya 108 sakola nu ngalaksanakeunana téh. Sanaos seueur nu kawatesan ku fasilitas sareng SDM-na, ayeuna sadaya pihak utamana para Kepala Sekolah SMA sa-Kabupatén Bandung nuju ngupayakeun sagala halna. SMA negrina aya 19 sakola sedengkeun sakola swastana aya 89 sakola,” saur Pa Aa Sudaya, Kepala SMAN 1 Margahayu nu ngarangkep janten Kepala MKKS SMA sa-Kabupatén Bandung, di rohang damelna.
Salaku Ketua MKKS, Pa Aa nyekel tanggung jawab nu gedé sangkan UNBK SMA di Kabupatén Bandung Suksés. Méméhna anjeunna masihan, pemahaman, penjelasan, pengertian sarta tanggung jawab ka para Kepala Sekolah SMA sa-Kabupatén Bandung, sangkan éta program téh bajalan lancar. Ku cara sabilulungan SMA/SMK nu geus nyukupan fasilitasna mantuan sakola nu kawatesan ku fasilitas keur pelaksanaan UNBK-na. [MS]***