• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

“GIGATRONE” Péntas Seni SMAN 1 Balééndah Kabupatén Bandung

Redaksi by Redaksi
20/04/2016 6:57 PM
in Sora Sakola
0 0
0
“GIGATRONE” Péntas Seni  SMAN 1 Balééndah Kabupatén Bandung
394
SHARES
2.3k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa aa                     Drs. Aa Sudaya, M.Pd, Kepala SMAN 1 Balééndah

Sobat Sora, poé Kemis ping 14 April 2016, di SMAN 1 Balééndah Jalan RAA Wiranatakusumah No. 30 kacida raména. Lantaran keur ngayakeun kagiatan pagelaran péntas seni, hasil kréasi siswa-siswina. Ieu kagiatan direuah-reuah ku béntang tamu, tilu band kawentar, The Sigit, BIO (Bandung Inikami Orcheska) jeung Adera. Kalawan téma Pénsina Proudly Present GigaTrone 2016.

Kréasi seni siswa-siswi-na ngawengku traditional dance (budaya tradisional jeung nasional), Beez Dancer (Band Modéren pleus Tarian kontemporer), Teater Tasbe, Voice Of Balééndah (paduan suara), Seni Angklung Smansa Balééndah, jrrd.

giga trone                     Band BIO, mangsa minton di Pensi SMAN 1 Balééndah

“Dikawitan dina mangsa awal taun pangajaran, pengurus MPK (Majelis Permusyawaratan Kelas), dina hal ieu sakabéh para KM barempug jeung pengurus OSIS, geusan narjamahkeun Permen (peraturan pemerintah) nomer 39 ngeunaan pendidikan kesiswaan dina ngembangkeun jeung nyalurkeun bakat-bakatna. Muncul agénda kegiatan anu ngahasilkeun kasepakatan OSIS, para siswa-siswi, wakasek jeung kepsek. Bapa kacida ngarojongna kana ieu kagiatan pagelaran kréasi seni, anu ngalibatkeun sababaraha ekskul. Tangtu masih dina ugeran anu geus kauji mangpaatna,” kitu saur Drs. H. Aa Sudaya, M.Pd, Kepala SMAN 1 Balééndah Kabupatén Bandung

Tina rarancang kagiatan kréasi seni, para siswa sacara teu langsung dilatih ngokolakeun manajerialna, boh waragadna, boh téma panggungna. Anu jadi kareueus para guru hususna Pa Aa, kagiatan pénsi siswa-siswi SMAN 1 Balééndah bener-bener hasil gawé jeung karya para siswa. Guru-guru jeung sakola mah ukur fasilitatorna. Tangtu deuih buah pangrojong masarakat sabudeureun sakola katut ka para orang tua siswa-na.

mc                      Rasmus & Dimasta ti Ardan FM nu jadi mc-na

“Asa teu yakin mun acara sakieu rohakana beunang uteuk barudak. Geuningan kamampuh maranéhna téh ngaleuwihan umur-umurna. Utamana dina kagiatan pagelaran pénsi ka 7 taun ayeuna,” saur Pa. Aa kebek kareueus.

Dina dasarna, SMAN 1 Balééndah méré luang salaluasa-laluasana ka para siswa-na keur ngawujudkeun kréasi seni-na, dumasar ugeran anu geus ditangtukeun ku pihak sakola. Contona baé perihal bébérés satutas kagiatan pénsi, ulah ngandelkeun para caraka wungkul.

md                      Pintonan modéren dance

“Nu penting naon hal anu tumali jeung poténsi anak (siswa-siswi) kudu ngabuahkeun guna tur mangpaat sakeur dirina, kulawargana ogé masarakat. Cindekna kudu ngawarnaan laku-lampah kahirupanana alias jadi kekentong pamuda, anu pinuh ku tanggung jawab. Lulusan SMAN 1 Balééndah kudu jadi jalma hadé, di tengah-tengah masarakat,” kitu saur Drs. H. Aa tandes pisan.

Sora ogé sempet ngawangkong jeung wakasek kesiswaan, ngarangkep guru olah raga sakaligus atlit karate nasional, Bapa Arip Hérdiana, M.Pd, ngeunaan pagelaran pénsi anu keur lumangsung. Saurna, ieu kagiatan murni hasil sabeungkeutanana para siswa-siswi. Nampilkeun 10 band, aya ti SMAN 1 Balééndah jeung salian ti éta  ditambah tiluan béntang tamu.

pa arif                     Bapa Arip Hérdiana, M.Pd, Waka. Kesiswaan

guru                     Drs. H. Dedi R, Dra. Rina R, Bu Endah P, M.M.Pd, Waka. Kurikulum & Pa Egi E, S.Pd. Waka. Humas

tu                     Bu Yultin (jilbab biru) sareng rengrengan TU. Reueus ningal suksesna acara pensi Giga Trone

Sumber dana dihasilkeun tina proposal ka sababaraha pausahaan jeung ka sababaraha instansi ditambah ngajual tikét ka para siswa-siswi jeung alumni SMAN 1 Balééndah katut ka tina ngajual merchandise. Ketua panitiana dicepeng ku Dida, kelas XI IPA 2. Tujuana pénsi geusan ngaaprésiasi kamampuhan siswa dina widang seni. Siswa ulah tepi ka buta seni, jeung seni téh bagian tina kahirupan maranéhna anu dilalanyahan ti jero sakola.

“Pénsi GigaTrone dimimitian tina munculna aspirasi siswa-siswi SMAN 1 BE. Anu pelaksanaanana dirojong ku OSIS jeung MPK. Abdi saparakanca gaduh dasar pamikiran sakumaha pamikiran réréncangan. SMAN 1 BE téh sakola pavorit nomer hiji di Kabupatén Bandung utamana dina niléy pendidikanana. Numutkeun hémat abdi saparakanca, kaunggulan pendidikan can saimbang saupama teu dibarengan ku seni jeung karya seni-na. Nya lahir ieu kagiatan pénsi anu ka tujuhna ayeuna.” cék Dida Putra Megaswara, kelas XI IPA 2, nu jadi ketua pelaksana Pénsi GigaTrone.

stan                     Salah sahiji stand nu ngajual merchandise Band BIO

“Rarancang awal Pénsi GigaTrone, nya éta ngumpulkeun sumbang saran ti sagala élémén warga sakola, lantaran waragadna can kaimpleng. Ku kituna digerakkeun danus alias dana usaha perhari. Alhamdulillah ngumpul Rp 5 juta. Pangalaman téh, nya éta hiji hal anu teu bisa diraéh ku sajumlah rupiah,” cék Dida deui.

Teu kaliwat Sora ogé ngobrol jeung Ketua OSIS SMAN 1 BE, Moch. Rizal Ihsan. S, kelas XI IPA 8, “Abdi salaku ketua OSIS, gaduh tujuan ngawanohkeun seni budaya boh ti jero lingkungan sakola boh ti luar sakola. Alhamdulillah pagelaran pénsi kacida dirojongna ku para siswa, kepsek, wakasek umumna sadaya warga sakola,” kitu cék Rizal.

band sman 1 be                     Aksi panggung salah sahiji Band ti SMAN 1 BE

Konsép pagelaran geus ditataharkeun ti lima bulan saméméhna. Utamana widang waragad (danus), diupayakeun tina hasil bazar, donator orang tua siswa jeung donator sponsor.

“Abdi teu kinten reueus jadi ketua OSIS SMAN 1 BE priode 2015-2016. Dina pénsi taun ieu Alhamdulillah tiasa ngondang béntang tamu, The Sigit Cs,mudah-mudahan pénsi SMAN 1 BE dina taun payun langkung majeng tur meriah,” cék Rizal

reni                      Reri, salah saahiji siswi SMAN 1 BE

suasana                     Suasana Pensi GigaTrone 

Teu poho Sora ngolongan saurang siswi, Réri Rahma. F, kelas X, “ Kerén, seneng tiasa ngiring partisipasi dina acara pagelaran pénsi GigaTrone. Mugia baé dina taun anu badé dongkap langkung héboh jeung seru. Suksés kanggo SMAN 1 Bé juara,” Cenah cék Réri bari imut manis.    

ketua pelaksana                     Dida Putra Megaswara, kelas XI IPA 2, nu jadi ketua pelaksana Pénsi GigaTrone.

ketua osis                      Moch. Rizal Ihsan. S, kelas XI IPA 8, Ketua OSIS SMAN 1 BE

siswa                     “Pokona ramé acarana téh, mudah-mudahan engké tiasa di Sabuga,” cék Sola, Novanti & Fachiera.

panitia                     Panitiana kurang leuwih aya 82 urang, Diantarana Laras, Fauziah & Tria,

panata calagara                     Hamlah, Fikri & Jessin (Ketua MPK), pana calagara acara Pensi Giga Trone

Saméméh manggung, salasahiji béntang tamu grup band rumaja BIO (Bandung Inikami Orcheska) ngobrol jeung Sora. BIO nu leuwih condong kana corak ska ngadeg 2006, maké ngaran Inikami kénéh tapi seriusna mah dina taun 2011 ditandaan ku ngalahirkeun 1 album sawaktu magelar di IPI. Ayeuna ogé keur mrosés vidéo klip album satuluyna, kitu cék Riksa vokalis BIO anu ngabéském di Jalan Jamuju No. 7 (Jl. Supratman). Manggung tur magelar di SMAN 1 BE Bandung geus ngadua kalian ayeuna. Jumlah personil BIO 10 urang, vokal ku kang Riksa, hitar ku Kang Indra Kusuma, bass ku Kang Adi Dijon, keyboard ku kang Ardi, drum ku Kang Randi/Kiro, trombone ku Kang Héndrik, trompét ku kang Wéndi, saxophone ku Kang Ipan, ténor saxophone ku Kang Piko jeung baritone ku Kang Apink.  [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Disdik Jabar–Cadisdik VII: Pelepasan Siswa Kelas XII SMKN 7 Kota Bandung Digelar Sangat Sederhana dan “Dedi Dores”
  • TPB FSRD ITB akan Menggelar Pameran Seni Spektakuler SINARUPA 2025, Yuk Datang ke Pre-eventnya 31 Mei, di ITB Jatinangor
  • Disdik Kota Bandung: Pendataan SPMB Tahun Ajaran 2025/2026 Jenjang TK, SD, dan SMP di Kota Bandung Dibuka, Ini Linknya
  • Pengurus RT 07 Komplek GBI Touring ke Sabda Alam Garut Lewati Jalur Cijapati dan Nagreg
  • “Movement” SMKN 5 Bandung: Rayakan Karya Film Siswa dengan Pemutaran Film di Bandung Creative Hub
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In