Drs. Deddy Chrisdiarto, Kepala SMAN 2 Kota Bandung
Cibeunying Kidul majalahsora.com – Sobat Sora SMAN 2 Kota Bandung, salah sahiji sakola nu kakoncara ku acara Pensina (pentas seni). Unggal taun acarana gebyar. Bintang tamuna gé pantar nasional. Samalah basa taun 2015 kungsi ngondang bintang tamu internasional nya éta, Secondhand Serenade.
Ieu kagiatan téh diaping ku
Drs. H, Fredi Trisianly, M.Pd., Waka. Kesiswaan SMAN 2 Kota Bandung
Drs. Adit Suganda, Waka. Humas SMAN 2 Kota Bandung
Pa Munar, Waka. Sarana Prasarana SMAN 2 Kota Bandung
Pa Yaya Kepala Tata Usaha SMAN 2 Kota Bandung
Dina Pensi From Two With Love édisi taun 2017, dijejeran Darani Maneka. Lumangsung poé Saptu 4 Pebruari 2017. Tempatna di Lapang Pussenif PPI, nu pernahna di lelewek Jalan Supratman. Acara dibuka ku Drs. Deddy Chrisdiarto salaku Kepala SMAN 2 Kota Bandung.
Rupa-rupa hiburan dipintonkeun, kayaning seni tradisional nepi ka seni modéren. Siswa SMAN 2 Kota Bandung gé teu tinggaleun unjuk kabisa, aya nu mintonkeun angklung, paduan suara, Mahésa band sakola SMAN 2 Kota Bandung, jrrd.
Raihan Ketua OSIS SMAN 2 Kota Bandung
Panitia F2WL Darena Maneka
Dina ieu pensi gé réa band audisi nu tampil. Méméhna leuwih ti 30 band diaudisi heula. Jolna lain ukur ti Kota Bandung wungkul tapi aya ogé nu ti luar daérah. Biasana band audisi nu minton di Pensi SMAN 2 Kota Bandung, sok jadi band kakoncara, di antarana Nine Ball.
Pintonan Mahesa Band SMAN 2 Kota Bandung
Rada kasorénakeun nu datang ka Pensi SMAN 2 Kota Bandung beuki rebul, ngarébu. Harga karcisna Rp. 135.000, sabanding lah jeung bintang tamu nu diondang, apan aya Barasuara, Mocca, Naif, Dipha Barus & Kallula, HIVI, Tompi, sarta Sheila on Seven.
Ultra Milk salah sahiji sponsorna
Sanajan cuacana ceudeum tur sakapeung hujan girimis, penonton nu datang téh teu usik, saeutik-euutik acan, anteng wé ngalalajoan bintang tamuna.
Sobat Sora, urang salaku pelajar mah bakal ngajenghok lamun apal waragad Pensi SMAN 2 Kota Bandung téh. Nya éta méakeun dana Rp. 1,4 Miliar! Réréana waragadna hasil ti sponsor, nya sakola gé teu tinggaleun ngawaragadan.
“Nu kahiji Salaku kepala Sekolah anyar, bapa reuwas ningal anggaran nu di kaluarkeun dina Pensi SMAN 2 Kota Bandung. Nyéépkeun anggaran Rp. 1,4 Miliar. Sanaos kitu seueur pembelajaran nu tiasa kaala. Siswa diajar mayunan tur meupeuskeun rupaning tekenan, ngaraketkeun gawé bareng antara lanceuk kelas jeung adi kelas, sareng sajabana. Ku Bapa gé Pensina baris di evaluasi deui, tong dugi ngayakeun acara nu ageung sapertos kieu téh janten seueur mudorotna, pangna rugel, hanas capé gawé. Tujuan utamana mah tetep siswa SMAN 2 téh diajar,” saur Pa Deddy Chrisdiato, Kepala SMAN 2 Kota Bandung.
Panitia siswa nu kalibet dina Pensi SMAN 2 Kota Bandung taun ayeuna kurang leuwih aya 750 urang, ari panitia intina mah aya 30 urang, gabungan ti kabéh siswa, OSIS sarta ti ekskul. Sakti nu jadi ketua pelaksana téh. Ceuk Nabila siswa kelas XI, salaku kepala humas, loba pengalaman nu pikareseupeun, ieu mojang téh jadi apal cara nyarita di hareupeun balaréa, cara nyieun proposal keur gawé bareng jeung media nu rék jadi media partner, jeung réa-réa deui. Ieu mojang gé ngajelaskeun anjeunna kudu pinter ngatur waktu sangkan diajarna teu kaganggu. [MS]***