Pa Ahmad Irfan, Direktur Utama BAnk BJB mangsa masrahkeun tumpeng ka Pa Ahmad Heryawan, Gubernur Jawa Barat dina acara HUT Bank BJB nu ka-56 taun
majalahsora.com – Milangkala nu ka-56 taun, PT. Bank Pembangunan Daérah Jawa Barat dan Banten, Tbk (Bank BJB), dijejeran “Tandamata untuk Negeri”. Lumangsung poé Saptu, ping 20 Méi 2017, tempatna di buruan kantor pusat Bank BJB nu pernahna di Jalan Naripan No. 12, Kota Bandung. ti pukul 10.00 nepi ka 22.50.
Tausyiah ti KH. Abdullah Gymnastiar
Diluuhan ku Bapa Ahmad irfan, Direktur Utama Bank BJB, H. Ahmad Heryawan, Gubernur Jawa Barat, Pajabat Otoritas Jasa Keuangan (OJK) Regional II Jawa Barat, Pa Sarwono, sakabéh jajaran Diréksi, Komisaris tur Manajemen Bank BJB, jrrd.
Masihan santunan ka 1000 budak yatim
Dina puncak acara HUT Bank BJB nu ka-56 téh, magelarkeun rupa-rupa acara sarta program nu narik ati, lumaku keur nasabahna tur masarakat umum. Di antarana; Kostum Festival, Games Zone, Instagram Contest, Jelajah Kuliner Nusantara, Photo Booth, Flashmob Gerakan Satu Negeri, Video Maping, Wayang Golek, sarta Parade Budaya. Di sagigireun éta magelarkeun acara musik nu direuah-reuah ku artis nasional, kayaning Ada Band, Once, DJ Ari Irham jeung Homogenic. Tempatna di sapanjang Jalan Naripan jeung Jalan Braga Péndék, Kota Bandung.
Meupeuskeun rekor MURI potong rambut nu diiluan ku 1961 urang
Dina kagiatan kasabit, Bank BJB gé, babagi hadiah keur singsaha baé nu geus ngiluan program atawa kuis nu diayakeun ku Bank BJB, saperti; cash back langsung sarta vocheur saré di Glamping Resort pikeun nu geus ngalakukeun transaksi Trade Finance jeung Remittance di Bank BJB. Bunga 5.6% fixed dina taun munggaran pikeun nu ngajukeun kredit BJB KPR, jrrd. Saunit motor keur nu ngajukeun kredit BJB KPR. Potongan provisi nu gedéna 56% pikeun nu ngajukeun kredit KGB, KPPB sarta KPB ngaliwatan Bank BJB, BjB Travel Fair sarta bazaar UMKM.
Sangkan acarana leuwih gebyar, Bank BJB gé babagi 56 siki handphone Samsung J-Series, 560 kipas angin, utamana pikeun nu nyepeng kartu kredit Banb BJB.
Masih aya patalina jeung kagiatan kasabit, Bank BJB ngayakeun acara sosial, di antarana méré pangajén BJB Award pikeun seniman, budayawan sarta penggiat lingkungan hidup. Salian ti éta méré santunan pikeun 1000 anak yatim, donor darah reujeung sunatan masal.
Bank BJB gé dina ieu acara téh meunang pangajén ti MURI (Museum Rekor Dunia Indonésia), alatan geus meupeuskeun rekor maras/potong rambut, nu diiluan ku 1961 urang, luyu jeung taun ngadegna Bank BJB. Piagamna dipasrahkeun langsung ku Pa Awan Rahargo, salaku Senior Manager MURI ka Bapa Ahmad Irfan, Direktur Utama Bank BJB.
Kariaan acara HUT BJB ka-56 taun
Ku acara miéling HUT Bank BJB nu ka-56 taun, BanK BJB bisa méré “Tandamata untuk Negeri” nu luyu jeung tagline Bank BJB “Membangun Indonésia, Memahami Negeri”. Ieu acara téh salah sahiji eksistensi Bank BJB salaku BPD (Bank Pembangunan Daérah) nu geus “menasional” sarta bisa “bersaing” jeung perbankan nasional. Ayeuna Bank BJB aya di rénking ka-14 tina 118 bank nu aya di sa-kuliah Indonésia. Engkéna runtuyan acara HUT Bank BJB nu ka-56 taun téh baris ditutup di Kota Serang, Bantén, ping 25 Méi 2017.
“Alhamdulillah yuswa BJB ayeuna nincak 56 taun. Tiasa majuna Bank BJB téh teu lésot tina jasa para pendahuluna, pangdeudeul ti Pamaréntah Jawa Barat, nu dipingpin ku Bapa Ahmad Héryawan, DPRD, OJK, komisaris, manajemen, sareng karyawan Bank BJB. BJB gé seueur kabirunyungan pangajén, di antara; Top BUMD, Top CEO, Top Pembina BUMD, nu diraéh ku Pa Ahér, CRS terbaik kanggo bidang lingkungan, jrrd. Aya ogé kagiatan sosial nu tos dilaksanakeun ku Bank BJB, kayaning masihan santunan ka 8500 anak yatim duafa, ngecet sakola, ngecét masjid, jsté,” saur Pa Ahmad Irfan, Direktur Utama Bank BJB.
1961 urang nu diparas dina HUT BJB ka-56 taun
Ayeuna Bank BJB boga aset nu gédéna 100 triliun, dina triwulan I laba beresih taun 2016-na aya diangka Rp. 446 miliar. Miharep dina taun-taun kahareupna, Bank BJB hasil ngahontal rengking 10 besar bank nu aya di sa-kuliah Indonésia. Bank BJB gé nyepeng pageuh kana aturan nu lumaku, ku kituna implementasi Good Corporate Governance bisa bajalan sacara hadé. [MS]***