Pa Iwa Karniwa, Sekretaris Daerah Propinsi Jawa Barat
majalahsora.com – Aya béja pikabungaheun pikeun guru PNS jeung non PNS, kitu ogé pikeun pagawé tenaga kependidikan non PNS SMA/SMK Negri, nu aya dina papayung Pemprop. Jabar, tur dikokolakeun ku Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat téh. Nya éta ngeunaan pembayaran gaji ka-14, béjana mah rék dibayarkeun méméh boboran siam 1438 H.
Hal kasabit téh, didadarkeun ku Pa Iwa Karniwa, salaku Sekrétaris Daérah Prop. Jawa Barat, poé Rebo ping 14 Juni 2017 di Gedong Saté, Kota Bandung.
“Alhamdulillah anggaran gaji ka-14, kanggo guru PNS, guru tur tenaga kependidikan non PNS téh tos aya di Dinas Pendidikan Propinsi Jawa. Ageungna Rp. 108 miliar. Kanggo pencairanana téh kantun nawis PP-na. Insya Alloh, pencairanana, tiasa laksana sateuacan boboran siam 1438 H. Waragadna engke ditransfer ka rekening masing-masing SMA/SMK Negri di Jawa Barat,” saur Pa Iwa Karniwa Sekda Propinsi Jawa Barat, dina sela-sela kasibukanana. [MS]***