Drs. Dadang Yani Zakaria, Kepala SMAN 4 Kota Bandung
majalahsora.com – Sobat Sora, FESBUD (Festival Budaya) SMAN 4 Kota Bandung taun 2017 ayeuna, mangrupa kagiatan nu ka-9 kalina diayakeun. Noron, lumangsung saban taun. Dilaksanakeun dua poé, ti Rebo nepi ka Kemis (26-27 April 2017), nu dilaksanakeun di lapang sakolana.
Dra. Epon Kurniasih, M.Pd., Pengawas SMA Disdik Prop. Jabar
Dina poé kahiji dieusi ku rupa-rupa perlombaan , nya éta pasanggiri mojang jeung jajaka, gatitur, film pondok sarta Krisis (Kreasi Seni Siswa Siswi) Bandung. Perlombaan nu tilu mah, kayaning pasanggiri mojang jajaka, gatitur jeung film pondok, patandangna téh jolna ti siswa SMAN 4 Kota Bandung.
Ibu Riatinda, M.M.Pd., Wakasek Humas
Sedengkeun pasanggiri Krisis Bandung mah, diiluan ku SMP jeung SMA sa-Kota Bandung. Keur tingkat SMP-na mah ukur diiluan ku hiji sakola, nya éta SMPN 6 wungkul, nu mintonkeun vocal grup. Sedengkeun nu SMA-na mah diiluan ku SMAN 11, SMAN 20, SMA Kartika Siliwangi jeung SMA BPK. Nu jadi juarana, hasil kahontal ku grup vocal grup ti SMAN 11 Kota Bandung.
Bu Atti Suharyati, S.Pd.,Fis., Wakasek Kesiswaan nu ngaragkep janten Ketua Fesbud
Puncak kagitanana lumangsung poé Kemis 27 April 2017 ti isuk-isuk nepi ka pasosoré. Mintonkeun rupa-rupa kasenian jeung kabisa siswa SMAN 4 Kota Bandung sarta para juara pasanggiri Krisis Bandung. Pintonanana téh aya angklung, kolaborasi band jeung kasenian tradisional, ekskul Nada 4, Karawitan 4 Bandung, tari tradisonal, drama tari, vocal grup, jrrd. Salian ti éta, aya pintonan bintang tamu tradisi ti Dinas Pariwisata, nya éta aya The Bambu’s, tari Sunda, Bobodoran Cepot. Sedengkeun bintang tamu umumna aya Swantara, Dyo Haw, Sheila Dara jeung Rio Febrian.
Tata Usaha SMAN 4 Kota Bandung
Acarana diluuhan ku wawakil ti Dinas Pendidikan Jawa Barat nya éta Dra. Epon Kurniasih, M.Pd., Drs. Dadang Yani, Kepala Sekolah, para guru, tata usaha, karyawan, siswa-siswi SMAN 4 Kota Bandung, jrrd. “Acarana saé pisan. Ieu téh salawios tarékah SMAN 4 Kota Bandung, kanggo miara ajén budaya Sunda tur Nusantara, luyu sareng visi Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, nya éta nancebkeun karakter budaya urang ka para rumaja. Mugia tiasa ngikis budaya asing nu kirang hadé. Mudah-mudahan tiasa diturutan ku sakola lianna,” saur Dra. Epon Kurniasih, M.Pd., Pengawas SMA ti Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat.
Reueus Budaya Sunda dipaliré ku siswa SMAN 4 Kota Bandung
Rio Febrian salah sahiji bintang tamuna
Kagiatan Fesbud SMAN 4 Kota Bandung téh, salah sahiji hajat gedé di SMAN 4 Kota Bandung, hususna keur ngawadahan kabisa siswa SMAN 4 Kota Bandung dina widang seni hususna seni tradisi Sunda, Nusantara jeung modéren. “Aya tilu hajat ageung di SMAN 4, nu dikokolakeun ku Wakasek Kesiswaan sareng OSIS téh. Nya éta Fesbud nu mintoneun rupa-rupa kasenian nusantara, tur condong miara ajén kasundaan. Nu kadua Festival Ghifari, festival nu euyeub ku kagiatan tur pasanggiri Islami, diayakeun saban taun, ping 14 Pebruari. Tujuanana kanggo nangkel kagiatan Valentine Days, basa éta diluuhan ku Pa Deddy Mizwar, Gubernur Jawa Barat. Nu katiluna Pancake, nu ngalombakeun kagiatan akademis, janten pami aya lomba di luar sakola téh, teu kedah nyeleksi deui. Patalina sareng kagiatan Fesbud taun ayeuna jaga kasenian Sunda ulah jadi sémah di imahna sorangan, cag!,” saur Pa Dadang Yani Zakaria, Kepala SMAN 4 Kota Bandung téh. [MS]***
Poto Fesbud: