• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

ESQ jeung miéling Hari Lahirnya Pancasila di SMP Negeri 40 Kota Bandung

majalah by majalah
02/06/2016 9:40 AM
in Sora Sakola
0 0
0
ESQ jeung miéling Hari Lahirnya Pancasila di SMP Negeri 40 Kota Bandung
404
SHARES
2.4k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

bu iis kepala smpn 40 kota bandungIbu Iis Siti Aisyah, M.Pd, Kepala SMPN 40 Kota Bandung

Sobat Sora, ping 1 Juni 2016 pabeubeurang, Sora nyimpang ka wewengkon SMP Negeri 40 Kota Bandung anu perenahna di Jalan Wastukencna, Nomer 75-A. Ieu sakola anu dipingpin ku Ibu Iis Siti Aisyah, M.Pd  keur kuriak ngarénop wangunan masjid lantéy dua-na. Ku lantaran Sora datangna ba’da lohor, mangka kaayaan sakuriling bungking téh karasa tariiseun. Boh para peserta didik boh sabagéan guru-guruna geus marulang. Hal ieu dilantarankeun geusan tatahar nyinghareupan Puasa Romadhon anu sababaraha poé deui baris dilakonan ditambah jéda waktu sanggeus réngsé UN.

esqPoto kagiatan ESQ di SMPN 40 Kota Bandung

Sora dibagéakeun ku Bu Iis di rohang tamu. Ngobrol téh laluasa, utamana ngeunaan hal-hal anu tumali jeung kagiatan Hari Lahir Pancasila. Di sabagéan sakola, lolobana ngeprakeun para peserta didikna ngalaksanakeun upacara sakumaha anu ilahar sok dilakonan ti jaman béh ditu. Bu Iis mah béda cara jeung kiat miéling poé bersejarah kasabit téh nyatana ku ngagederkeun kagiatan ESQ (Emotional Spiritual Quess) nu diiluan ku para guru, para peserta didik jeung orang tuana sarta  geus dilalanyahan ku para guru ti ping 1 Juni 2016. Husus keur ngeusian ajén puasa Romadhon, program ESQ henteu wungkul neuleuman tur maham hakékat bulan Romadhon sacara intéléktual tapi leuwih ti éta baris mampuh ngaguar ma’na tina jihat émosional jeung spiritual anu jadi modal poko salila ngajalankeun ibadah puasa.

???????????????????????????????Poto kagiatan ESQ di SMPN 40 Kota Bandung

Kagiatan ESQ di SMP Negeri 40 dimimitian ti pukul 8.00 tepi ka pukul 10.00. Jadwalna keur para guru ping 1 Juni, para siswa putra ping 13 Juni, para siswi putri ping 14 jeung para orang tua siswa-siswi mah ping 15 Juni 2016. Sora ngolongan kamandang Bu Iis dina nyikepan Hari Lahirnya Pancasila dina kahirupan dunya atikan (pendidikan). Saurna, utamana mah budaya sakola kudu mibanda tatapakan kailahian (Ketuhanan Yang Mahaesa). Pancasila sakuduna lain wungkul ditalar jeung diapalkeun sacara cangkem tapi leuwih ti kitu, kudu jadi kulit jadi daging dina kahirupan sapopoé warga sakola.

???????????????????????????????Poto kagiatan ESQ di SMPN 40 Kota Bandung

Lain wungkul geusan lumarap di lingkungan sakola tapi ogé kudu diamalkeun di luareuanana kaasup di lingkungan di mana para peserta didik nganjrek. Ku kituna diperlukeun gawé bareng anu sinergi antara sakola jeung pendidikan di masing-masing panganjrekan para peserta didik jeung orang tuana. Sakeur ngawujudkeun hal éta, pihak SMP Negeri 40 Kota Bandung geus nyieun kasapukan jeung para orang tua dina ngajalankeun kadisiplinan tata-tertib sakola salila tilu taun KBM-na.

pa arif guru smpn 40 kota bandungPa Arip Nurdin, S.Pd, guru Basa Inggris

siswa smpn 40 kota bandungSiswi SMPN 40 Kota Bandung

Salila ieu hal anu tumali jeung pancasila ukur ramé diarapalkeun wungkul, sawatara prak-prakan amalanana kurang pati dipiroséa. Alatan éta, kurikulum 13 sabenerna geus cukup méré luang di mana eusining pancasila ngawarnaan programna, utamana ngawajibkeun binaan karakter téh kudu nyampak dina unggal mata pelajaran. Numutkeun kamandang Bu Iis Siti Aisyah, Alhamdulillah ti sataun ka tukang anjeunna mingpin SMPN 40 aya parobahan ka arah positif, upamana baé ayana gawé bareng anu harmonis antara para peserta didik jeung para orang tuana. Siswa SMPN 40 pleus siswa SMPN 40 terbuka harideng dina ngalaksanakeun KBM, tepat waktu boh datang boh mulangna. Ku kituna Bu Iis gedé harepan ku dipiéling Hari Lahirnya Pancasila, para guru kudu némbongkeun sikep tuladeun geusan gugueun jeung tirueun para peserta didikna, hususna di lingkungan sakola, umumna mah di tengah-tengah hirup kumbuh bermasarakat. Sora ogé nepungan Pa Arip Nurdin, S.Pd salaku guru Basa Inggris, cenah ku pangéling-ngéling Hari Lahirnya Pancasila diupayakeun wujud aplikasi dina kahirupan sapopoé. [MS]*** 

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Jelang Laga El Clasico Persib vs Persija, Wagub Jabar Imbau Bobotoh Gelar Nobar Demi Keamanan & Kebersamaan
  • Siswa Kelas XII dan Alumni yang Ingin Diterima di PTN Wajib Ikuti SNBT Class 2026 dari SINCOSTAN Academy Ayo Daftar Jangan Telat
  • Telkom University Perkuat Kewirausahaan Digital PMI Taiwan, Tekankan Ekonomi Kreatif Berbasis Teknologi dan AI
  • Telkom University Dorong Daya Saing Industri FMCG Malaysia Melaui Penguatan SDM dan Pemasaran Digital
  • Program Abdimas Internasional Telkom University Dorong Kesiapan Reintegrasi dan Persiapan Pulang PMI di Taiwan
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In