Santika basa janten petugas upacara HUT RI ka-70, di Lapang Gasibu
Santika, anggota Paskibra SMAN 5 Kota Cimahi. Ayeuna geus kelas XI, IPA jurusanana mah. Sabada diistrénan jadi anggota Paskibraka Jawa Barat, ieu mojang téh, kapilih jadi petugas pengibaran bandéra HUT RI ka-70, tingkat Propinsi Jawa Barat.
Saterusna, Santika dilatih tur di asramakeun. Babarengan jeung anggota Paskibraka lianna. Jolna ti 27 kabupatén jeung kota, di Jawa Barat. Tempatna di Pussenif (Pusat Kesenjataan Infanteri) Bandung, nu pernahna di Jalan Supratman. Sabulan campleng lilana téh. Basa di asrama, Santika kapilih jadi Bu Lurahna (ketua asrama).
Méméh kapeto mawa baki bandéra, Santika téh diseleksi heula. Genepan nu diseléksina téh. Ditésna, sina mawa baki nu dibeungbeuratan. Harita pelatih meunteun posisi awak, senyuman, jsté. Pokona mah kudu sampurna, leungeunna teu meunang ngadarégdég.
Satutas kapilih jadi pamawa baki, latihanana leuwih kerep. Saperti latihan naékkeun jeung nurunkeun bandéra, tempatna di lapangan Gasibu. Waktuna isuk-isuk jeung pasosoré.
Pi sa-jameun deui kana penaikan bandéra peringatan HUT RI ka-70, Santika can apal, lamun tugasna téh mawa baki penaikan atawa penuruna bandéra. Eta nu ngalantarankeun dirina deg-gegan.
Janten Paskibraka Propinsi Jawa Barat, taun 2015
“Kawitna mah sanés kahoyong Santika, janten anggota Paskibra téh. Di jurungkeun ku pun Biang. Anjeunna kantos, kedal ucap, sok atuh ngiringan Paskibra, sugan wé atuh janten pamawa baki bandéra 17 Agustus. Abdina harita teu pédé, atuda ningal nu sanés jarangkung sareng gareulis. Alhamdulillah, du’a pun biang téh tinekanan. Pami teu nurut ka sepuh mah, duka. Pokona mah reueus tiasa kapilih téh. Harita nampi bandéra ti Pa Ahmad Héryawan, kanggo digeleberkeun dina pengibaran bandéra HUT RI ka-70 taun. Seueur pangalaman sareng suka dukana. Pangpangna mangsa di asrama. Diajar disiplin waktu, boh mangsa tuang, ibak, diacuk, jrrd. Nambihan réréncangan tos sapertos kulawarga. Sedih waktos paturay tineung. Pokona mah berkesan pisan,” saur Santika, nu jadi Bu Lurah (ketua), basa di asrama Pussenif. [MS]***
Biodata
Jenengan lengkep: Nyi Ayu Santika. TTL: Bandar Lampung, 23 Agustus 1999. Bapa: E.M. Boy Abrary (alm). Ibu: Nasriyanti. Putra cikal ti tilu sadulur. Jangkung: 170 cm. Beurat: 62 kg. Sakola: SDN Mandiri 5 Kota Cimahi, SMPN 2 Kota Cimahi, SMAN 5 Kota Cimahi. Hobi: Musik & Baskét. Cita-cita: Dokter. Tokoh Inspiratif: Soekarno. Warna favorit: Beureum. Zodiac: Virgo. Alamat: Perumahan Armed Jalan Roket 1 nomer 59, Kelurahan Cipageran, Kecamatan Cimahi Tengah. Préstasi: Juara ka-II Cipta Lagu sa-Kota Cimahi. Juara ka-II, basket sa-Kota Cimahi. Paskibra Propinsi Jawa Barat, taun 2015. Pamawa baki HUT RI ka-70 tingkat Jawa Barat, jrrd.