Pa Tatang Juara Kepala Sekolah tingkat Nasional taun 2016 ti SMA Telkom Bandung
Dayeuh Kolot – Drs. Tatang Taryana kepala SMA Telkom Bandung kapilih salaku kepala sakola pinunjul tingkat nasional dina taun 2016. Ngadadarkeun pangalamanana ka Sora, poé Senén ping 22 Agustus kamari. Saur anjeunna, udagan jeung kasang tukang ngilu kana kagiatan penyeleksian kepala sekolah terbaik taya kajaba geusan méré conto ka sakumna para peserta didik sangkan bener-bener jeung soson-soson dina nanjeurkeun dunya pendidikan. Mun para guru ngomat-ngomatan sangkan siswa-siswina nyangking préstasi mangka buktikeun tur ébréhkeun yén guru ogé leuwih tiheula mibanda préstasi pikareueuseun warga sakola.
Sateu acan mesat ka tingkat nasional, anjeunna ngiluan heula seleksi di tingkat kabupatén ping 2 Méi 2016 sarta hasilna juara ka-1. Dina seleksi tingkat propinsi awal bulan Juli, nyangking juara hiji deuih. Puncakna dina ping 18 Agustus 2016, suksés ngawakilan para kepala SMA propinsi Jawa barat salaku kepala sekolah terbaik tingkat nasional. Prosési pamasrahan layang pangajén katut ka penghargaanana lumangsung di Hotel Mercury Jakarta kalawan dihadiran ku Dirjen PTK jeung Pa Anis Bawesdan (Mendikbud manten).
Kaunggulan anjeunna dina ngokolakeun dunya atikan dugi ka mampuh ngahontal prédikat terbaik tingkat nasional téh sabenerna basajan, di antarana: kahiji, Ekskul SMA Télkom Bandung geusan ngahangkeutkeun pola atikan dumasar pangwangunan karakter. Hal ieu ngawujud dina patéahna nganteurkeun peserta didik SMA Telkom Bandung anu dipingpinna kana dawam ngaderes jeung tahpizh Quran. Kagiatan nu keur dikeureuyeuh tilu taun ka tukang kasabit gawé bareng jeung 14 ustadz-ustadzah ti pasantrén tahfizh Quran saban poé Saptu ti pukul 7.00 tepi ka pukul 10.00. Sawatara kagiatan KBM-na ti poé Senén tepi ka poé Jumaah (ti pukul 7.00 tepi ka pukul 14.30). Berekah, dina jeda waktu sataun geus ngajengléngkeun sababaraha siswa anu hafizh lima juz Al Quran, anu satuluyna dibina sacara husus. Udaganana tétéla luhung tur mulia, saéstuna pager anu pangtohagana dina ngalakonan hirup-kumbuh nyatana iman jeung taqwa. Para peserta didik leuwih tiheula kudu dibekelan kacintaan kana sumber hukum Islam, turta mahabbah ka nu mancén suci sabda Gustina tegesna Rosululloh saw. Alatan éta diharepkeun tuwuh bébénténg geusan ngahadang “penyalah gunaan” hapé, narkoba jeung rupaning aliran sesat anu meuweuh marucunghul di jaman kiwari. Sakabéh peserta didik SMA Télkom Bandung diharepkeun bébas buta hurup Al Quran kalawan metode tutor teman sebaya jeung program One Class One juz talaran Al Quran.
Kadua; Program AIESEC, gawé bareng jeung para mahasiswa ti sakuliah dunia (Italia, Filipina, Libanon, India, Vietnam, Polandia, Thailand, Kazasctan, Mesir, Singapura jeung Cina) kalawan ngamangfaatkeun tilu kali dina sataun kahadiranana ka Indonésia. Hal ieu geus lumangsung ti taun 2012, kurang leuwih mahasiswa ti 40 nagara dikondisikeun opat urang tepi ka dalapan urang mahasiswa daratang ka SMA Télkom Bandung. Panglilana mah para mahasiswa-mahasiswi ti Nagri Cina, maranéhna ngajarkeun basa Mandarin jeung basa Inggris minangka basa dunia. Program-program intina nya éta penyuluhan ka saban kelas ngeunaan kaséhatan, katerampilan jeung sajabana. Kaduana ngeunaan pertukaran budaya jeung tradisi, kaulinan tradisional contona. Jinekna, program pertukaran siswa/mahasiswa asing ngawengku kana pertukaran kabudayaan, motivasi belajar, penyuluhan katut ka ngajarkeun basa Inggris.
Satuluyna ngagiatkeun program entrepreneur (kewirausahaan) kalawan udagan ngabentuk SMA rasa SMK ngaliwatan bentukan lahan usaha keur pibekeleun para peserta didik. SMA Télkom Bandung nyelenggarakeun atikan anu “terintregasi’ antara ICT, wawasan lingkungan jeung entrepreneur kalawan pangrojong fasilitas anu maksimal. Pelatihan bisnis on line jeung kagiatan entrepreneurship séjénna nuju kana entrepreneur school. Dina ngawujudkeun wirausaha, disadiakeun tujuh widang usaha (nyieun kadaharan tina coklat, kria assesories, kadaharan cemilan, yoger, budidaya anggrék jeung nu séjénna) sarta ancoan waragad 20 juta keur tujuh kelompok wirausaha. Para peserta didik dibéré lahan geusan ngajukeun proposal ka yayasan pendidikan télkom. Intina mah ngalatih turta ngawarah para peserta didik geusan mahér dina ngawasa manajemen usaha. Visi SMA Télkom Bandung écés, nya éta BIRU, Berdisiplin, Integritas anu optimal, Réligius tur Unggul. Sedengkeun misi pribadi Pa Tatang cukup basajan geusan hirup kumbuh bari bisa méré mangfaat ka sasama mahluk Alloh.
Tepi ka ayeuna, jumlah peserta didik di SMA Télkom aya 645 urang, guru, TU tur caraka aya 42 urang.
**
Drs. Tatang Taryana, lahir di Ciamis, 3 April 1964 ngadahup ka Ibu Dédéh Nuryani, dianugerah dua putra. Jeneng Kepala SMA Télkom Bandung ti taun 2007. Lamun keur ngajar di kelas ngawulang sastra jeung basa Indonésia. Integritasna katoong tina kamandang para guru sarta peserta didikna.
“Pa Tatang, pribadina bruk-brak, tara medit pangarti tara kumed élmu pangaweruh. Sadidintenna muter ngawanohan lingkungan warga sakola, remen ngobrol tur diskusi di kantin atawa di pataman sakola jeung guru-guru séjénna. Tara ngotok ngowo di rohang kantor. Teu aya kesan sieun turta aringgis kasaingan dina kalunguhan sabagé pupuhu. Malah diketrukeun rupaning paélmuwan minijmenisasi pupuhu sakola. Anjeunna teu kinten mitineung tur ageung pangajén kana kasundaan,” saur H. Budi Rustandi, wakasek kurikulum S.Pd, guru fisika/kimia anu mancén guru ti taun 2004. Pa H. Budi ogé kalebet guru pinunjul, juara ka-1 terbaik nasional tingkat yayasan taun 2013. Anjeunna nyepeng moto hirup hirup di dunya ngan sakali-kalina, ku kituna prak midangkeun karya anu panghadéna, berkarya berkaryalah! Nyutat tina QS, surat Attaubat: 105.
Sora sempet ogé ngobrol jeung ketua OSIS-na, Si Geulis Chairunnisa Kamilah kelas XII-IPS-1, urang Taman Cibaduyut Indah. “Reueus pisan gaduh kepala sekolah terbaik tingkt nasional, muga janten motivasi kanggo para generasi muda hususna siswa SMA Télkom.” Nyoko ka kepala sekolahna, Chairunnisa ogé leubeut préatasi, kungsi juara ka-3 kagiatan pertolongan pertama tingkat jawa Barat taun 2016. Juara ka-3 simulasi PMR tingkat Jawa Barat taun 2015, malah geus tatahar geusan ngahontal juara umum dina kagiatan lomba PMR di UPI bulan Oktober engké. [MS]***





