• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Drs. Ihin Solihin, M.Ag. Kepala SMAN 7 Kota Bandung Hayatunna Kulluha Ibadah

Redaksi by Redaksi
10/03/2016 7:47 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Drs. Ihin Solihin, M.Ag. Kepala SMAN 7 Kota Bandung Hayatunna Kulluha Ibadah

Taman bacaan SMAN 7 Kota Bandung

369
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter
Drs. Ihin Solihin, M.Ag., Kepala SMAN 7 Kota Bandung
Drs. Ihin Solihin, M.Ag., Kepala SMAN 7 Kota Bandung

Sobat Sora urang kenalan yu sareng Kepala SMAN 7 Kota Bandung, nu mancén tugas ti Oktober 2015. Jenengan lengkepna Drs. Ihin Solihin, M.Ag, harita diwawancara di kantorna di sela-sela kasibukanana. Nénéhna mah Pa Ihin baé. Lahir di Tasikmlaya 13 April 1964, putra panengah ti tilu sadulur, Bapa Ili Sadili (alm) sareng Ibu Eroh. 

Basa SD, Pa Ihin sakola di SDN Tanjung Kerta Tasikmalaya, lulus taun 1977, neruskeun ka MTs (Madrasah Tsanawiyah) Cilendek Tasikmalaya, lulus taun 1980. Sabada lulus MTs Pa Ihin sakola di MA (Madrasah Aliyah) Muslimin Pangaléngan, lulus taun 1983.

Ti bubudak, Pa Ihin geus diwanohkeun kana ka-Islaman. Apana Pa Ihin nu lulusan pasantrén téh, ngatik palaputrana sacara Islami. Kitu ogé di lingkungan kulawargana, agamis pisan. Matak Pa Ihin mah, sabada lulus SD téh nuluykeun ka madrasah.

Lamun inget kana panineungan mangsa Pa Ihin rumaja, kacida berkesanna, cenah. Inget wé kakara lulus SD langsung di asramakeun, jadi mandiri.  Harita sangu liwet jadi katuangan favoritna téh. Mangsa kelas dua MTs, anjeunna tos diajar ngada’wah di payuneun balaréa. Eusi da’wah munggaranana téh ngeunaan kisah Lukmanul Hakim, nya éta bagbagan ahlaq jeung aqidah nu hadé. Salian ti resep jadi penda’wah, Pa Ihin rumaja boga cita-cita hayang jadi guru. Alesanana mah moal béakkeun ladang pagawéan, da guru mah loba nu merelukeunana tur loba pangabdianana/ladang ibadah.

Mangsa di MTs Pa Ihin kungsi disetrap, pédah kabeurangan datang ka sakola. Nu jadi margalantaranana téh pédah angkutan umumna elat datangna. Da harita mah angkutan umum téh teu réa kawas ayeuna. Kurang leuwih perjalanan ti bumi ka sakolana téh méakkeun waktu 1,5 jam. Pédah elat jadi 2,5 jam.

Mengbal salah sahiji kalangenan Pa Ihin mangsa rumaja. Salian ti olahraga, maca hobina téh. Bacaan favoritna mah ngeunaan sejarah nabi, sirah nabawiyah (sajarah kahirupan kanjeng Nabi Muhammad SAW), jrrd.  

Sabada lulus MA, neruskeun kuliah di IAIN (Institut Agama Islam Negeri) Bandung ayeuna mah UIN (Universitas Islam Bandung) jurusan PAI (Pendidikan Agama Islam). Basa jadi mahasiswa Pa Ihin aktif di HMI (Himpunan Mahasiswa Islam), boh di kampusna, boh diluareun kampus. Loba élmu nu kaala salila aktif di HM-naI téh. Di antarana nambahan élmu berorganisasi jeung diajar tulas tulis. Lulus kuliahna taun 1988.

Taun 1991, Pa Ihin diangkat jadi Guru Agama tur PNS. Tugas munggaranana ngawulang di SMAN 2 Pandeglang nepi ka taun 1993. Basa taun 1993 nepi ka taun 1995 ngaguruan di SMAN 2 Kota Bandung. Taun 1994 Pa Ihin ngajégang/double job ngawulang di SMAN 23 Kota Bandung ongkoh.

Mimiti taun 1995, Pa Ihin jadi guru tetap di SMAN 23 Kota Bandung. Salian ti jadi guru tugasna nambahan jadi wakil kepala sekolah. Diluareun ngajar, carogéna  Bu Ii Maryani, S.Ag téh, kungsi nulis buku pelajaran agama Islam pikeun tingkat SMA nu diterbitkeun ku PT. Remaja Rosdakarya.

“Alhamdulillah bapa menikmati pisan janten guru téh. Janten guru mah sok kagagas janten kreatif, sangkan ngajarna pikaresepeun. Komo pami ningal siswa didik nu sarukses mah. Mung dukana mah, profesi guru téh sok disapirakeun, masih kénéh kirang diajénan,” saur Pa Ihin sepuh ti opat putrana téh.

Hayatunna kulluha ibadah, moto hirup Pa Ihin téh, nu hartina hirup pikeun ibadah. Salila ieu Pa Ihin kainspirasian ku Buya Hamka sareng M. Natsir, tokoh Islam nu ludeung tur teuneung, merjoangkeun kahadéan.

**

Program-program Andelan SMAN 7 Kota Bandung

Pa Ihin, Kepala SMAN 7 Kota Bandung dipoto di taman sakola nu hegar.
Pa Ihin, Kepala SMAN 7 Kota Bandung dipoto di taman sakola nu digagasna.

Sabada mancén tugas janten Kepala SMAN  7 Kota Bandung, aya sababaraha program nu baris dilaksanakeun ku Pa Ihin. Salah sahijina, program révolusi mental ngaliwatan jalur atikan, nyaluyukeun jeung program pamaréntah.

Program-programna téh nya éta program budaya jeung tradisi. Unggal isuk-isuk, méméh asup sakola Pa Ihin tur guru-guru SMAN 7 Kota Bandung ngadeg dihareupeun gerbang sakola, ngabagéakeun tur sasalaman jeung para siswa. Di jero kelas nyanyi lagu kebangsaan Indonésia Raya, tujuanna keur ngaronjatkeun rasa nasionalismeu. Satutas nyanyi lagu kebangsaan, pikeun siswa nu agamana Islam terus tadarusan, kurang leuwih maca lima nepi ka sapuluh ayat Al Qur’an. Disagigireun éta saban poé aya kagiatan GPS (Gerakan Pungut Sampah), dilaksanakeun dina mangsa istirahat kadua. Malah unggal poé Juma’ah sok aya kagiatan Jum’at bersih.

Pa Lili Suherli, S.Pd., Kepala Tata Usaha SMAN 7 Kota Bandung,  Drs. Wawan Rusweda & Drs, Muhammad Ahyar
Pa Lili Suherli, S.Pd., Kepala Tata Usaha SMAN 7 Kota Bandung, Drs. Wawan Rusweda & Drs, Muhammad Ahyar.

Patalina kénéh jeung program budaya sarta tradisi, sabulan sakali aya kagiatan gema duha, nu diiluan ku sakabéh siswa SMAN 7 Kota Bandung, nu agamana Islam. Kagiatanana di lapang ieu sakola. Para siswa ngahaja sina mekel perlengkapan sholat séwang-séwangan. Kagiatanana dieusi ku sholat Duha jeung maca Asmaul Husna. Satutas sholat Duha aya ceramah, nu ditepikeun ku praktisi nu ngahaja diondang ku sakola. Tujuanana keur méré inspirasi ka para siswa. Saperti ngondang ulama, nu nyaritakeun pangalaman hirupna nepi ka bisa jadi ulama, jrrd. Liwat sabulan sakola ngondang profesi séjenna, upamana polisi, wartawan, tentara, jsté.

Kagiatan ujian sekolah di SMAN 7 Kota Bandung, Pa Ade Saepudin, S.Pd., nu janten pengawasna.
Kagiatan ujian sekolah di SMAN 7 Kota Bandung, Pa Ade Saepudin, S.Pd., nu janten pengawasna.

Program nu kadua nya éta nata lingkungan SMAN 7 Kota Bandung. Tujuanana mémérés lingkungan sakola sangkan leuwih séhat tur beresih. Salah sahiji tarékahna nya éta nyieun taman sakola, taman bacaan, taman rohang multimedia, jrrd. Basa Majalah Sora nganjang ka sakola nu terkenal ku olah raga soft ball-na téh, katempo geus ngadeg taman sakola nu asri, pernahna dihareupeun rohang guru. Di jero tamanna aya balong, dipelakan ku rupa-rupa lauk. Salian ti éta kadengé sora cai nu ngamalir, matak nengtremkeun kana ati. Di tukangeun rohang kepala sekolah ayeuna keur diwangun taman bacaan, ngajajar bangku paragi diuk, dilengkepan ku fasilitas wi-fi. Sarua di éta taman gé aya balongna. Kahareupna mah baris mémérés buruan sakola.

Pangwangunan taman bacaan SMAN 7 Kota Bandung
Pangwangunan taman bacaan SMAN 7 Kota Bandung

Program nu katilu nya éta, nata SDM-na (Sumber Daya Manusia-na). Di antarana kucara ngayakeun diklat (pendidikan jeung latihan) keur para guru atawa non kependidikan. 

Program nu ka opat baris ngalaksanakeun gawé bareng jeung sababaraha lembaga nu relevan dina raraga ngaronjatkeun préstasi SMAN 7 Kota Bandung.

“Harepanana, mudah-mudahan kapayunna SMAN 7 Kota Bandung tiasa janten sakola pangjugjugan nu ayana di puser Kota Bandung. Salian ti étaGaduh

Pa Riki  & Pa Didin (keamanan) dipoto diburuan SMAN 7 Kota Bandung
Pa Riki & Pa Didin (keamanan) dipoto diburuan SMAN 7 Kota Bandung

préstasi nu langkung onjoy, tur berwawasan global. Pokona mah jaga tiasa janten sakola rujukan masarakat,” saur Drs. Ihin Solihin, M.Ag, Kepala SMAN 7 Kota Bandung. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • UNIBBA dan Mapala CANTIGI Bangun Kesadaran Lingkungan Lewat Edukasi dan Film “Before the Flood”
  • Ketua Pengurus YPBB Wawan Tegaskan Komitmen Transformasi UNIBBA di Dies Natalis ke-17, Dukung Program Kampus Berdampak
  • Dies Natalis ke-17 UNIBBA: Dukung Program Asta Cita Presiden Prabowo Lewat Inovasi Padi Lokal
  • Peduli Lingkungan, UNIBBA Teken MoU dengan FKP-DAS Didukung Ketua Pembina YPBB Firman B. Sumantri
  • USB YPKP Bandung Meraih Akreditasi Kampus Unggul dari BAN-PT, Ini Cerita Ricky Ketua Yayasan
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In