• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Drs.Dadang Yani Zakaria: Seja Nyambuangkeun Nama Besar SMAN 1 Bandung

Redaksi by Redaksi
15/09/2017 11:41 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Drs.Dadang Yani Zakaria: Seja Nyambuangkeun Nama Besar SMAN 1 Bandung
366
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

SONY DSCDrs. Dadang Yani Zakaria, Kepala SMAN 1 Bandung

majalahsora.com, Kota Bandung – Pikeun kepala sakola tangtu waé  lain tugas nu énténg-énténg  dina numuwuhmekarkeun sakola nu dipingpinna téh. Kudu boga rarancang nu asak jeung motékar, dibarengan ku sabar-tawakal, bari jeung loba amal, ngarah teu  taak jeung aral ngokolakeun dunya atikan mah.

Hal ieu kaalaman ku Drs. Dadang Yani Zakaria, Kapala SMAN 1 (SMANSA) Bandung nu anyar mingpin SMAN 1 Kota Bandung. Anjeunna kakarara sabulan leuwih mingpin sakola menengah nu kawentar ku alumnina nu geus jaradi  pajabat jeung artis téh, kayaning; Ganjar Kurnia, Réktor Unpad manten, Ujo P Project, Harry Roesli (suargi), jrrd. Méméhna, kepala sakola nu resep kana seni téh, kungsi mingpin SMAN  4 jeung SMAN 21 Bandung.

Tapi wondening kitu, tangtu waé Dadang gé boga jurus-jurus jetu pikeun ngamajukeun sakola nu kiwari dipingpinna. Lian ti neruskeun program nu geus aya, anjeunna dibantuan ku wakasek, guru, tata usaha tur karyawan SMAN 1,  ngararancang program nu sakirana hadé diterapkeun di sakola. Nu ahirna sabada diimeutan, sakabéhna sapuk sacara prinsif, kudu pokus heula méré lolongkrang (memfasilitasi) ka para siswa.  Katambah kiwari pamaréntah keur haneut-haneutna ngahangkeutkeun program nu ngamuat pendidikan karakter.

SONY DSCDra. Hj. Supriatin, Wakasek Kesiswaan

Pendidikan karakter téh, cék Dadang,  mangrupa program nasional nu kudu dirojong ku saréréa. “Ari penguatan pendidikan karakter tangtuna ngamuara kana tungtutan kurikulum, di mana éta kurikulum téh aya opat kompetensi nu ditungtut bisa nepi ka para siswa. Tuntutan kompetensi  nu ka-1. Siswa kudu loba syukuran kana sagala ni’mat nu parantos dipaparinkeun ku Alloh SWT (Habluminalloh). 2. Siswa kudu bisa milu aub (sosialisasi) jeung masyarakat (habluminannas), kumaha carana sangkan siswa bisa ngajénan ka sepuhna, ka guruna, kitu deui ka adi jeung lanceuk entraganana di sakola. Tah nu ka-3 kakara kognitif (pangaweruh) sarta nu ka- 4. Kaparigelan (keterampilan),” pokna.

Tah penguatan pendidikan karakter ieu tangtu waé cék Dadang téh, kudu didarmabaktikeun kana wangun program-program gawé nu geus nyampak. Sok komo jadi kacapangan di SMAN 1 Bandung. Upamana waé “pangajian”, kahareupna tangtu bakal leuwih dihangkeutkeun deui sarta “dipoles” sangkan kaala mangfaatna ku para siswa. Kitu ogé potensi siswa bakal terus dikali, laju kreatifitasna bakal dikamalirkeun kana wangun kagiatan gedé nu geus aya di SMAN 1 Bandung. Salah sahijina dina hajat gedé SMAN 1 Bandung, nya éta  Fiesta Boom, nu lumangsung tilu taun sakali tur aya pukuat pakaitna jeung penguatan pendidikan karakter nu kudu dirojong ku saréréa.

SONY DSCDra. Hj. Ida Romdoniati, Wakasek Humas

Fiesta boom ieu, nurutkeun Wakil Kepala Sekolah Widang Kesiswaan, nya éta Dra. Hj. Supriatin, mangrupa kagiatan akademik, program gawéna OSIS, nu memper-memper Pasar Seni ITB. Lumangsung tilu taun sakali. Nu dipintonkeun dina acara kasabit téh, teu ngan saukur ti pihak luar baé, tapi sakabéh kréatifitas tina program éskul nu aya di SMAN 1 Bandung gé dipagelarkeun, sangkan siswana lega luangna (pangalamanana).

Nu dipintonkeun utamana seni jeung kagiatan sosial boh di masarakatna  atawa di sakola, saperti program sosial ka para siswa RMP (Rawan Melanjutkan Pendidikan, aya 220 siswa) nu mémang butuh bantuan.

Seja Ngahangkeutkeun Deui Budaya Sunda

Nalika SMA 1 Bandung dikokolakeun ku Disdik Kota Bandung, di ieu sakola nu pernahna di Jalan Ir. H. Djuanda, Dago téh, geus maneuh saminggu sakali aya “MILATINA”, nya éta pagelaran seni Sunda dina acara Car Free Day Dago, nu dirintis ku sababaraha urang kepala sakola di Bandung. Nu ngeusi acarana gé lain siswa SMA waé, tapi SD, SMP jeung SMK gé milu aub ngamumulé kasenian-kabudayaan Sunda. Ngan waé ti saprak dicekel ku propinsi, éta kagiatan téh kateug.

SONY DSC

Drs. Wahria, M.M., Wakasek Sarana

“Tah engké ka payunna mah insya Alloh baris dihangkeutkeun deui. Badé diadumaniskeun sareng pagelaran rutin nu tos aya. Nya supados teu bosen mah dua minggu sakali atuh lumangsungna. Tangtos waé kalayan idin ti Pa Ahmad Hadadi,  Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jabar. Da ti Kepala BP-3 Wilayah IV, nya éta Pa Dédé Amar mah, tos nyatujuan, kantun nangtoskeun waktosna,” kitu cék Dadang téh.      

SONY DSCDra. Rosi Rahayu, M.M., Wakasek Kurikulum       

Dina tungtung obrolan, Dadang ngaharewos ka Sora . “Sangkan siswa janten pinter téh gampil ayeuna mah, kantun mencét hapé android, browsing dina google. Kitu deui ahlak prilaku siswa, tos kaasah ti TK dugi ka SMP, karakterna tos kabentuk. Tapi upami aya siswa nu badeur, bengal, bedang, basangkal, nya kedah tiasa-tiasa ngalelempengna. Margi pami guru kirang tiasa ngalelempengna mah tiasa-tiasa ngabeletok potong,” kitu cék kepala sakola nu soméah tur hadé ka sémah téh, mungkas wangkongan. [Asép GP]***

 

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Pendidikan Enam Bulan di OTC Bali YPKP Bandung, Mahasiswa Langsung Magang ke Luar Negeri
  • Prioritas Program PAPS di SMKN 1 Cimahi untuk Mencegah Anak Putus Sekolah dan Harus Tepat Sasaran
  • SMA Telkom Bandung Dipercaya Masyarakat, Murid Baru Tahun Ajaran 2025/2026 Hampir 100% Terpenuhi
  • Kata Kepala Disdik Jabar Purwanto: PAPS Jadi Langkah Strategis Cegah Anak Putus Sekolah
  • PKM Sekolah Pascasarjana Universitas Negeri Surabaya Hadirkan “Botol Bicara”, Jawab Tantangan Inklusi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In