• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Serba Serbi

Dra. Hj. Heniyati, M.M.Pd.: Ngundakkeun Kualitas SMA 20 Bandung ku 6 Program Unggulan

Redaksi by Redaksi
20/09/2017 10:36 AM
in Serba Serbi
0 0
0
Dra. Hj. Heniyati, M.M.Pd.: Ngundakkeun Kualitas SMA 20 Bandung ku 6 Program Unggulan
377
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

SONY DSCDra. Hj. Heniyati, M.M.Pd, Kepala SMAN 20 Kota Bandung

majalahsora.com, Kota Bandung – Sok sanajan kakara 40 poé cepeng kalungguhan kepala sakola di SMA 20, tapi ieu manten kapala sakola SMA 19 Bandung téh geus tatahar nyiapkeun program pikeun ngundakkeun kualitas sakola nu kiwari dipingpinna.

Program-program nu kiwari geus lumangsung téh dingaranan “Program Unggulan Tahun Ajaran 2017/2018” nu ngawengku:

1.Sekolah Hemat Energi

Tujuananana, saur Heni, pikeun ngabiasakeun para  siswa sangkan teu sagawayah (hémat) dina ngagunakeun listrik atawa cai. “Upami SMA 20 gaduh  1000 siswa  nu tos biasa  ngahémat cai sareng listrik di sakola, mugia wé kabiasaanana éta kacandak ka bumina séwang-séwangan,  janten sarébu bumi nu hémat cai sareng listrik. Kapan éta tiasa ngahémat waragad sareng ngarojong progam hémat energi pamaréntah.” Kitu saurna. Jadi ayeuna mah para siswa téh dibiasakeun saacana marulang téh kudu mareuman lampu atawa mariksa cai nu sakirana geus teu dipake kagiatan deui. Teu langsung kitu waé barudalan ti kelas téh langsung marulang.

SONY DSCKepala SMAN 20 Bandung di poto di rohang damelna

2.Suksés UN/SMPTN

Program ieu mah sipatna akademis, para siswa kudu suhud, getol diajar sangkan di mana lulus ti sakola loba nu katarima di perguruan tinggi negeri. SMA 20 saur Heni memang ti saméméhna kénéh gé lulusanana geus “balatak”  50 % katarima di unggal perguruan tinggi negeri, tapi targét anjeunna mah, taun nu bakal datang, 70% siswa SMA 20 Bandung  lolos katarima di perguruan tinggi negeri. Terus nepi ka taun-taun saterusna persentaseuna diundakkeun  nepi ka 80-90%.

Program ieu  teu ngan ukur ditujukeun pikeun kelas XII tapi kelas XI jeung X gé geus diasah pikeun ngudag target éta.

3.Program Sekolah Ramah Anak

Tujuan program ieu atra sangkan para siswa betah tumaninah jeung ngarasa aman aya di sakola. Ku kituna sababaraha komponén kayaning guru , TU, kaasup kepala sakolana kudu milu aub ngalaksanakeun ieu program. Jadi program ieu di antarana pikeun nyingkahan hal-hal nu sifatna kasar(kekerasan), caritaan nu kurang merenah dipahing pisan jeung sarana prasarana sakola gé diusahakeun teu matak nyilakakeun ka para siswa. Cindekna sakola téh imah nu kadua pikeun para siswa.

sman 20 bandung gb 10-majalahsora.comHumas SMAN 20 Bandung, Dra.Hj.Euis Sopiah

4. Sekolah Berbasis Riset

Siswa  SMAN 20 diarahkeun sangkan jadi juru talungtik (peneliti) bari waragadna murah tapi hasilna gedé mangpaatna pikeun masarakat. Upamana dina palajaran kimia siswa ditugaskeun  leuleutikan nalungtik baso nu ngandung borak (pikeun ngawetkeun mayit) ku “tusuk gigi”. Prakprakanana tusuk gigi dibalur ku koneng laju dicolokkeun kana baso, lamun warna “tusuk gigi” robah jadi beureum eta tandaning baso ngandung borak. Matak pibahlaeun pikeun kaséhatan.

5.Literasi/ Budaya Maca

Unggal poé  saméméh siswa asup ka kelas,  siswa sina ngaraji quran jeung maca buku naon waé bebas nu sakirana gedé mangfaatna pikeun nambahan pangaweruh, tempatna gé bébas rék di kelas atawa di pendopo. Dina program literasi, saur Heni,  aya siswa kelas XI  nu geus mampuh maca 1000 buku. Jadi di SMAN 20 mah sakabéh pangeusi sakolana  dibudayakeun kudu loba maca buku, “Mugia ku ayana budaya maca ieu pangaweruh para siswa sareng guru janten nambihan. Malih kahoyong mah  kapayunna tiasa jaranten panulis atuh, margi salah sawios ciri intelektual téh kapanan tiasa nyerat,” kitu harepan kapala sakola nu kungsi nyuprih élmu di Manajemen IKIP/UPI, entragan ‘79.

SONY DSCDra. Heni, M.M.Pd., Kepala SMAN 20 Bandung nuju kordinasi sareng wakasekna

6. Sekolah Berbasis Lingkungan (Adiwiyata)

Tujuanana sangkan sakola jadi éndah asri pikabetaheun. Ku kituna ulah hélok lamun pareng ulin ka SMA 20 Bandung buruanana pinuh ku tutuwuhan produktif jeung hidroponik, kayaning léngkéng, buah, jeung bungbuahan liana sedengkeun kangkung jeung bayem ngajajar meni saleger dina wadah paralon.

sman 20 bandung gb 5-majalahsora.comSakola hejo lembok ku Tutuwuhan

Préstasi SMAN 20

Préstasi SMA Negeri nu pernahna kalereun Masjid Istiqomah Jalan Citarum Bandung  ieu memang lain bantrak-bantrakkeun. Humas SMA 20 Dra.Hj. Euis Sopiah nembrakkeun catetan prestasi antara 2015-2017 ka Sora da lamun ditulis sakabéhna mah matak méakeun kaca/halaman ku loba-lobana préstasi, piala ngajréngjréng di rohangan tamu geus teu kaitung.

sman 20 bandung gb 3-majalahsora.comSarana perpustakaan

sman 20 bandung gb 7-majalahsora.comKagiatan di kelas

Di antara préstasi  Internasional – Nasional dina  taun 2015-2017 téh, di antarana; Altaf (kelas XI IPS 2 ) juara ka-3 Tenis Lapangan Nasional, Tasya Wamantasya (kelas XII IPA 4) juara ka-2 Competence English, Moh. Andika (kelas XII IPA 5) juara Spech Contest Bahasa Jepang, Ainindita (kelas XI IPA 2) juara  Lomba Debat Bahasa Indonesia, Prada (kelas X) ngaraéh 1 emas jeung 1 parunggu dina School Game  2017, di Singapura, jrrd.

sman 20 bandung gb 9-majalahsora.comBayem jeung kangkung hidroponik

sman 20 bandung gb 6-majalahsora.comSarana ibadah

SMA 20 Bandung gé kawentar seni Sundana kawantu aya LISDA, préstasina gé lain lumayan, Tari Angsa juara ka-2 Tingkat Provinsi kitu deui tari kréasi anyarnya “Kelangan” juara ka-3 Tingkat Provinsi. Kitu deui Angklungna nyangking Juara ka-2 sa-Kota Bandung.

sman 20 bandung gb 8 -majalahsora.comSelasar seni karya siswa

Nu liana meunang pangajen dina “Sekolah Adiwiyata” nuju kana Adiwiyata Mandiri, kitu deui dina “Literasi” ngaraéh “Sekolah Berbudaya Terbaik se-Kota Bandung sarta juara ka-2 Terbaik  Sekolah Sehat dan UKS se-Kota Bandung. [Asép GP] ***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Panji Fortuna Hadisoemarto Epidemiolog Unpad Ingatkan Bahaya Penyebaran COVID-19 Di Pusat Niaga

Panji Fortuna Hadisoemarto Epidemiolog Unpad Ingatkan Bahaya Penyebaran COVID-19 Di Pusat Niaga

by Redaksi
18/05/2020 5:08 PM
Marhaban Ya Ramadhan

Marhaban Ya Ramadhan

by Redaksi
24/04/2020 10:01 PM
Mensejahterakan Guru Honorer Jangan Setengah-setengah & BOS Jangan Telat Disalurkan
Serba Serbi

Mensejahterakan Guru Honorer Jangan Setengah-setengah & BOS Jangan Telat Disalurkan

by Redaksi
11/05/2019 3:07 PM
Ridwan Kamil Titip Pada Kepsek  & Guru Kota Bandung Sekolah Jadi Tempat Nyaman Bagi Siswa
Serba Serbi

Ridwan Kamil Mengusulkan Rumah Sakit Pendidikan Unpad di Jatinangor

by Redaksi
10/05/2019 8:52 PM
Mercure Hotel Dan Dinas Koperasi UMKM Kota Bandung Kerjasama Gelar Iftar Ramadhan 1440 H & Bazar UMKM
Serba Serbi

Mercure Hotel Dan Dinas Koperasi UMKM Kota Bandung Kerjasama Gelar Iftar Ramadhan 1440 H & Bazar UMKM

by Redaksi
10/05/2019 2:55 PM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Disdik Jabar–Cadisdik VII: Pelepasan Siswa Kelas XII SMKN 7 Kota Bandung Digelar Sangat Sederhana dan “Dedi Dores”
  • TPB FSRD ITB akan Menggelar Pameran Seni Spektakuler SINARUPA 2025, Yuk Datang ke Pre-eventnya 31 Mei, di ITB Jatinangor
  • Disdik Kota Bandung: Pendataan SPMB Tahun Ajaran 2025/2026 Jenjang TK, SD, dan SMP di Kota Bandung Dibuka, Ini Linknya
  • Pengurus RT 07 Komplek GBI Touring ke Sabda Alam Garut Lewati Jalur Cijapati dan Nagreg
  • “Movement” SMKN 5 Bandung: Rayakan Karya Film Siswa dengan Pemutaran Film di Bandung Creative Hub
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In