Dra. Euis Purnama, M.Pd, Kepala SMKN 3 Kota Bandung
Léngkong – Saban taun tren lulusan SMP nu nuluykeun sakola ka SMK beuki kadieu beuki ngaronjat. Nu jadi margalantaranana program SMK Bisa téa. Nya éta basa taun 2009, nu ditabeuh ku Menteri Pendidikan harita Bapa Bambang Sudibyo. Tujuanana sangkan nu kataji asup ka SMK bisa satata jeung peminat ka SMA, pokona mah teu disapirakeun deui. Nepi ka ayeuna slogan SMK Bisa, nu gambarna jempol masih dipaké.
Loba peminat nu ngadaftar ka SMKN 3 Kota Bandung
Saprak program SMK Bisa suksés, promosi SMK beuki mengguliat. Loba SMK nu nyieun rupa-rupa kamonésan. Di antarana di Kota Bandung aya SMKN 4 nu bisa ngarakit laptop SMK, di SMKN 8 nu nyieun mobil Buggy, motor bahan bakar gas, alarm motor nu dikadalikeun maké HP, SMKN 12 nu bisa nyieun pesawat udara swayasa, jeung réa-réa deui.
Sri Devi, ti SMPN 2 Bojong Soang nu katampi di SMKN 3 Kota Bandung ngalangkungan jalur préstasi, harita dijajap ku Pa Hasan Danial apamana
Lamun nyorang ka hareup, pangabutuh SDM (Sumber Daya Manusia) di Indonésia hususna bakal leuwih kompetitif. Komo ayeuna mah nyanghareupan MEA (Masyarakat Ekonomi Asean). Ku kituna lulusan ti SMK téh loba nu merelukeunana. Samalah saméméh lulus gé geus loba nu katarima gawé. Perusahaanana gé lain perusahaan nu bantrak-bantrakkeun.
Drs. Suryana, Waka. Kesiswaan ngawilujengkeun ka siswa nu katampi di SMKN 3 Kota Bandung jalur préstasi
Hal di luhur téh ayeuna karasa ku SMKN 3 Kota Bandung, nu aya di Jalan Solontongan No. 10 Kelurahan Turangga, Kecamatan Léngkong. Jurusanana aya administrasi perkantoran, akuntansi, pemasaran, usaha perjalanan wisata jeung multimedia. Taun ajaran 2016-2017 baris narima 720 siswa keur kabéh jurusanana.
Dra. Nining Rohana, guru akuntansi nuju nampi sepuh siswa dina kagiatan PPDB jalur non akademik
Dina PPDB taun 2016 peminat nu daftar ka SMKN 3 Kota Bandung ngaliwatan jalur non akademik terus ngaronjat, kurang leuwih aya 594 pendaftar. Ngawengku jalur rpm/teu mampu 529 urang nu daftar, kuotana ukur 143 siswa, jalur préstasi 58 urang nu daftar nu katarima ukur 37 urang, undang-undang guru tina kuota 22 siswa nu daftar ukur 7 urang, alatan kitu nu jalur undang-undang guru mah katarima kabéh. Nu inklusif mah euweuh nu daftar saurang-urang acan. Kamari poé Saptu, tanggal 25 Juni diumunkeunana téh.
Dra. Hj. Tati Hadijah, guru administrasi perkantoran (acuk hideung) & Ibu Yeti H, B.c. A. k. Kepa TU SMKN 3 Kota Bandung, nuju janten panitia PPDB taun ajaran 2016-2017
Saban sakola nyekel pageuh kana Perwal (Peraturan Pamaréntah) Kota Bandung taun 2016, mangsa narima peserta didik baruna. Ayeun mah leuwih jelas aturanana téh. Pamaréntah gé leuwih soson-soson dina nyosialisasikeun ka masarakat, hususna masarakat Kota Bandung. Datana kudu valid, saperti katerangan asal sakola, surat katerangan teu mampu ti sakola asal jeung kewilayahanana, domisili, ijazah, sertifikat kajuraan asli nu bisa dipertanggung jawabkeun, jeung réa-réa deui. Lamun aya nu malsukeun baris meunang sangsi ti aparat berwajib.
Cikha Mutia, ti SMPN 51 Terbuka nu katampi di SMKN 3 Kota Bandung ngalangkungan jalur préstasi
Sanajan geus disosialisasikeun sacara walatra, masih aya waé orang tua siswa nu teu puas kana hasilna. Tapi taun ayeuna mah relatif ngurangan. Ayeuna mah geus sagala online, kabéh bisa nempo hasilna dina internet, sacara terbuka.
“Tren nu lebet ka SMK téh ti taun ka taun mingkin saé. Ibu gé sababaraha waktos kapengker diulem ku TVRI Jabar & Banten. Dina acara dialog, ngadadarkeun ngeunaan fenomena peminat ka SMK nu ngaronjat. Patalina dina hal PPDB taun 2016 ayeuna, Ibu mah muji pisan ka rengrengan Pa Ridwan Kamil, saé pokona mah. Alatan langkung tartib sareng langkung terbuka ayeuna mah. Ibu salaku Kepala SMKN 3 Kota Bandung rumaos langkung reugreug. Komo nu nganggo SKTM mah ayeuna langkung ketat,” saur Dra. Euis Purnama, M.Pd, Kepala SMKN 3 Kota Bandung. [MS]***