Sobat Sora, urang silaturahmi sareng DR. Andang Segara, M.M.Pd Kepala SMAN 25 Kota Bandung. Naon tur kumaha baé kiprah sareng program-programna dina ngaheuyeuk 1300 siswa-siswi-na, boh nu nuju dikeureuyeuh boh anu badé ditataharkeun ka payunna. Anapon program anu tos kahontal nyatana mémérés wanguan sakola, 17 rohang kelas, pleus rohang guru, rohang wakasek, rohang BP turta rohang TU. Mugia baé bulan Désémber ayeuna tiasa besét sadayana, kitu saur Pa Andang nu gepyak soméah ngabagéakeun Sora.
Ngeunaan préstasi anu geus karaéh nyatana dina widang sepak bola, juara kahiji LPI nasional taun 2012-2013, juara méngbal tingkat Kota Bandung malahan petétanana seueur kasair salaku pamaén Persib junior. Samalah dina marebutkeun Piala Jendral Sudirman Gian Zola siswa aktif SMAN 25, sarta Fébri Haryadi (penyerang) alumni ieu sakola, asup kana tim inti Persib senior.
SMAN 25 ogé kacatet sabagé LK Adiwiyatama tingkat nasional (2013) turta pamilon olimpiade akademis kebumian wawakil ti Jabar katut ka sueur-seueur deui présatasi séjénna.
Kiat-kiat Pa Kepala anu nganjrek di Sumedang ieu, taya kajaba ngembangkeun poténsi sakola kalawan dirojong ku sajumlahing elemen ti para guru, siswa turta para orang tua siswa pleus lingkungan sabudeureunana. Kadua perkara téhnik kapamingpinan anu kacida antina tutunjuk balas nunjuk capétang balas miwarang tatapina babarengan sahayeukkan umajak nyieun karya nyata turta ketak kahadéan geusan kamangpaatan balaréa hususna di salebeteun warga sakola.
SMAN 25 ogé narjamahkeun kawijakkan pemkot Bandung dina ngawujudkeun Bandung Juara anu natapakan kana digitalisasi nyatana ku wujud gawé bareng reujeung pihak nagara luar. Siswa SMAN 25 dirékrut ku pihak China geusan dididik tepi ka ngaronjang gelar S-1 anu engkéna bakal dipulangkeun deui ka Indonésia. Tangtu ngaliwatan seléksi anu nyaring peringkat béasiswa. Siswa anu geus malang-mulintang di ditu nyatana Budi jeung Ihda di School Auto Mobil (Perakitan Mobil) di Wux IT University Provinsi Nanjing ti tanggal 9 Oktober 2015. Tatan-tatan deui geusan ngiangkeun 10 siswa-siswi ka Koréa Selatan.
Program ka payunna nyatana satutas ngabahu dengda dina perangkat keras, kiwari leuwih loyog kana ngabebenah basis sakola digital. Ku kituna kacida dipersiapkeunana SDM ti para guru pangapingna. Limaan digembléng geusan ngawurkeun élmuna ka para siswa-siswi. Berekah kalulusan ti SMAN 25 tos pada mesen ku sajumlahna perguruan tinggi (ITB, Unpad, UPI, UGM tur IPB).
Ieu Pa Kepala daréhdéh anu nekenkeun pentingna pangladén (pelayanan) ka sakabéh anak didikna ngagem prinsip hirup digawé luyu jeung kamampuh, malah satékah polah tepi ka jucung. Ulah nikukur nyebut alus ceuk sorangan, da hadé jeung goté mah kumaha ceuk pangajén deungeun.
Harepan-harepan Pa Andang, anu kantos sababaraha kali nyangking layang pangajén (Juara III Guru Berprestasi taun 2008 Tingkat Provinsi, Juara II Lomba Karya Tulis Ilmiah Tingkat Nasional 2008, jrrd) miharep sangkan SMAN 25 onjoy dina préstasi nyongcolang geusan ngaladénan pangabutuh masyarakat atikan tepi ka ngahontal Bandung Juara. Heup sakieu, Sobat Sora.
**
Di antara para nominator siswa-siswi ka nagara Koréa jeung Béijing, Ahmad Rafi (Kelas XII IPA 1) nu cita-citana kuliah di manajemenisasi KA. Aprita Diah (Kelas XII IPS 4)
dina henteuna miang ka Koréa rék kuliah di Unpad jurusan Akuntansi. Mun teu jadi guru rék jadi pengusaha anu suksés. Dini Marini (Kelas XII IPS 4), harepanana geusan babari dina ngamalkeun pangaweruh dina dunya kapagawéan. Dina teu lolosna ka Koréa, teu masalah da paguron di urang gé teu éléh mangprang. Kiatna ti awal kelas 12 geus dikurangan ulin jeung kagiatan-kagiatan gaplah. Aya ogé nominator keur iangkeuneun ka nagri Béijing; Annisa (IPS 3) jeung Chelsea (IPS 3) nu harayang neuleman sastra Koréa atawa bisnis Internasional. Kiat awal nyatana nguapayakeun keurseus bahasa nagara anu rék dianjangan engké. Heup sakieu. [MS]***