Ibu Dikdik Euis Khotimah, S.Pd, Ketua Dharwa Wanita Persatuan unit pelaksana Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi
Cimahi Tengah, majalahsora.com – Sababaraha waktu nu kaliwat, poé Kemis 26 Januari 2016, Dharma Wanita Persatuan unit pelaksana Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi, ngayakeun kagiatan pertemuan rutin antara para pengurus jeung anggotana.Ibu Tata Wikanta, garwana Asisten Pemerintah Daérah Kota Cimahi, salaku tamu ondangan
Tempatna di Aula SMPN 3 Kota Cimahi, nu pernahna di Jalan KPAD Sriwijaya. Eta acara kasabit téh digagas ku Ibu Euis Khotimah, S.Pd, (garwana Pa Dikdik, Kapala Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi), salaku ketua Dharma Wanita Persatuan unit pelaksana Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi.
Ibu Tita Mariam. S.Pt., M.M., Kepala Bidang SD Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi
Acarana dijejeran Penguatan Istri ASN (Aparatur Sipil Negara) Menuju Ketahanan Keluarga Melalui Dialog Kesehatan Reproduksi Wanita, Masalah dan Pencegahannya. Nu jadi narasumberna nya éta dr. Nogi E. Prasetyo, Sp.Og, ti unit kebidanan Rumah Sakit Cibabat Cimahi. Dimoderatoran ku Ibu Susi Budiwati, M.Pd., Guru SMPN 8 Kota Cimahi.
Ibu Sunengsih Yunus, garwa Kepala SMPN 3 Kota Cimahi
Méméh prung kana acara dialog, aya pintonan lagu ti para guru sarta seni tari Sunda ti siswa SMPN 3 Kota Cimahi. Acarana diluuhan ku Ibu Tata Wikanta, salaku garwa ti Asisten Pemerintah Daérah Kota Cimahi, Ibu Tita Mariam, S.Pt, M.M., Kepala Bidang SD Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi, Ketua Dharma Wanita SMPN 3 Kota Cimahi nya éta Ibu Sunengsih Yunus, Kepala Sekolah SD nu wanoja, garwa Kepala Sekolah nu pameget, kitu ogé nu SMP, jrrd. Mun dijumlahkeun mah aya kana 200 urang.
Pintonan tari ti siswa SMPN 3 Kota Cimahi
Mangsa nincak kagiatan dialog, dr. Nogi, ngadadarkeun materina. Ku anjeunna dijelaskeun rupa-rupa panyakit nu bisa narajang para wanoja. Di antara kanker servik, tumor payudara, jrrd. Nu jadi marga lantaranna téh, gaya hidup jeung kaayaan lingkungan nu kurang hadé. Kayaning kurang olah raga, setres, pola makan sarta pola tidur nu teu séhat, polusi udara jeung salian ti éta.
Ibu Susi Budiwati, M.Pd, Guru SMPN 8 Kota Cimahi nu janten moderator & dr. Nogi E. Prasetyo, Sp.OG, salaku narasumber ti Unit Kebidanan RSUD Cibabat Kota Cimahi
dr. Nogi E. Prasetyo, Sp.OG., nuju ngadadarkeun materina
Ibu Sri Rahayu, M.M., Kepala SMPN 8 Kota Cimahi nu jadi pembawa acarana
Nuju serius ngabandungan materi nu di dugikeun dr. Nogi
Ibu-ibu Dharma Wanita Persatuan unit pelaksana Disdikpora Kota Cimahi
Sangkan nangkal éta panyakit dipiharep para wanoja kudu rajin mariksakeun diri ka dokter, keur pencagahan dini. Salian ti éta kudu ngaleukeunan pola hidup nu hadé, ulah setres, rutin olah raga, nuang katuangan nu saimbang tur séhat, saperti sayur jeung buah sarta istirahat nu cukup.
Para Kepala SMP Negri Kota Cimahi
“Alhamdulillah, acarana lumangsung lancar, ieu téh acara silaturahmi nu rutin sareng dina rarag miéling Hari Ibu, antawis para pengurus sareng anggota Dharma Wanita Persatuan unit pelaksana Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi. Tinangtos kanggo silih pikawanoh tur ngaraketkeun tali silaturahmi. Salian ti éta aya élmu nu tiasa kaala, sangkan Ibu-ibu Dharma Wanita téh kedah langkung ngeuh kana miara kaséhatanana, utamana kaséhatan reproduksi. Hatur nuhun ka sadaya pengurus sareng anggota Ibu-ibu Darma Wanita unit pelaksana Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi,” saur Ibu Dikdik Euis Khotimah, S.Pd, salaku pupuhuna.
Ibu Dikdik Euis Khotimah nuju masrahkeun layang pangajén ka dr. Nogi, Sp.OG
Kagiatan door prize, Dra. Wiwin, W, M.Si Kepala SMPN 5 Kota Cimahi (nyepeng mic) nuju ngumunkeun nu kénging hadiah ti Pa Dikdik Suratno Nugrahawan, Kepala Dina Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi
Dina panungtung kagiatan, ditutup ku acara babagi door prize. Jumlah hadiahna aya kana genep puluh kado, nu diundi. Nu kabirunyungan mah nu meunang keretas undian nu aya dina handapeun korsina. Salah sahiji door prizena pamasihan ti Kepala Dinas Pendidikan, Pemuda dan Olah Raga Kota Cimahi, nya éta ti Bapa Dikdik Suratno Nugrahawan. [MS]***