Ludeung téh lain ngan sakadar wanian atawa gedé wawanén. Dina éta kecap ogé aya harti henteu jejerih ku kapeurih, henteu gampang serah bongkokan atawa papasrahan, wani mandiri. Mang Olla (S. Soemarnapoetra) dina bukuna Ki Sancang di Dayeuhmanggung, kalawan lancar ngagambarkeun kumaha ludeungna Ki Sancang, anu saréatna keur kakaburan. Dina kaayaan nyorangan tapi teu ieuh aya karep pikeun papasrahan. Sagala anu keur kaalaman, sakumaha weritna ogé, ditarima kalawan gedé haté. Teuneung. Ngarasa gedé haténa téh di antarana lantaran ngarasa ngahiji jeung alam. Taya alesan pikeun ngarasa keueung.
Kaludeung jeung kakeueung téh bisa disebutkeun salilana papasangan. Duanana dalit jadi hiji, jadi bagéan tina kahirupan manusa sagemblengna. Nu mindeng tara pati diperhatikeun mah kumaha ngadumaniskeunana. Manusa, kaasup urang Sunda, mustahil lamun ngan boga kaludeung wungkul. Kitu deui moal kudu terus-terusan ngagugulung kakeueung. Leuwih jauhna deui, kaludeung jeung kakeueung téh minangka bagéan tina kayakinan, gumulungna dina iman.
Ayeuna mah sigana nu patalina jeung kaludeung téh geus tara pati diperhatikeun. Naon mangpaatna nyaritakeun atawa ngabahas urusan kaludeung lamun méh sagala rupana bisa diurus ku pajamanan nu geus sakieu majuna. Ku beuki majuna téknologi upamana, sabagéan gedé bagbagan hirup urang téh geus dipercayakeun kana téknologi.
Naha manusa bisa jadi leuwih ludeung lantaran ngandelkeun pisan kana téknologi? Siga enya, padahal dina prakna mah teu kitu. Bisa jadi malah urangna kalah nambahan kasieun. Sieun listrik pareum, sieun tunggakan teu kabayar, sieun budak teu ditarima di sakolana anu anyar. Siga teu pira, padahal gedé pangaruhna kana kahirupan sapopoé.
Naha urang Sunda ayeuna leuwih loba kakeueung batan gedé kaludeung? Tangtu bakal moal narima kitu waé, sanajan sabenerna mah bisa jadi teu salah-salah teuing. Sangkilang dibéré alam anu héjo lémbok, taneuhna subur melak naon waé gé jadi, tapi leuleutikeunana waé aya anu ngarasa sieun teu kabeuli béas. Nu ngaranna bansos jadi andelan. Padahal mun ningali kaayaan alamna, urang Sunda mah dina hirupna sapopoé téh asa teu kudu ngarep-ngarep bansos.
Salian ti Mang Olla, anu bisa ngagambarkeun manusa Sunda anu gedé kaludeung téh Kang Saléh (Danasasmita) dina carita pondokna Ruhak Pajajaran. Judulna ogé geus sakitu sugéstifna. Ruhak téh sésa suluh anu seuneuna geus pareum tapi masih kénéh burahay panas. Ngagambarkeun sumanget anu teu pareum-pareum.
Ceuk saha kaludeung ngurangan hartina sajalan jeung majuna téknologi. Téknologi anu prakprakanana hasil akal tarékah jeung rékayasa manusa moal maju lamun henteu dibarengan ku kaludeung. Conto leutikna upamana, kaludeung nyiptakeun vaksin. Pangna urang teu bisa nyieun vaksin téh lantaran kaludeungna teu cukup. Sabalikna, geus ngarasa cukup ku ngandelkeun hasil gawé deungeun-deungeun.
Gumantung ka deungeun-deungeun téh bisa jadi leuwih gampang. Sagala rupana ngan tinggal ngahuapkeun. Teu kudu hésé capé. Sabalikna, anu digambarkeun ku Mang Olla jeung Kang Saléh dina karyana mah, sanajan pondok, ngagambarkeun manusa anu embung mun ngan sakadar dihuapan. Leuwih ngarasa agul lamun dibarengan ku prakna, ku ihtiarna.
Prak jeung ihtiar téh sabenerna jadi pancén ka saha waé, ka unggal manusa. Lantaran lamun nu ihtiarna cukup ku ngandelkeun ka deungeun-deungeun, lila-lila mah urang bakal teu boga nanaon lantaran teu bisa nanaon. Lamun ayeuna sawah urang Sunda geus kapimilik ku deungeun-deungeun, kitu deui gunung jeung hulu caina, hartina geus maju kana ngurangan pangaboga. Leuwih miskin?
Nya pasti embung ari nepi ka dibasakeunana kitu mah. Tapi lamun urang Galunggung nepi ka kudu démo lantaran alam di dinya diruksak digunasika sakama-kama, bisa dipastikeun aya sikep jeung léngkah anu salah. Biasana mah nu jadi panudinganana téh nu ngaranna pangwangunan téa, anu geus kabuktian mindeng pisan dimanipulasi, malah jadi mamala.
Mun dina mangsa kiwari urang macaan deui carita-carita heubeul, di antarana karya Mang Olla jeung Kang Saléh anu disebut di luhur téa, teu mustahil lamun bakal aya rasa ngangres. Geus aya, malah bisa jadi loba, anu laleungitan tina diri urang téh. Mangkaning, nu laleungitanana téh, teu bisa disebut lulumayanan. Nu ngaranna adat kabiasaan titinggal karuhun téh henteu sagala rupana kudu ditinggalkeun lantaran ngandelkeun teuing kana téknologi jeung pajamanan, sanajan dibasakeunana geus batan sakitu majuna.***