Drs. Tedi Hermato, M. M.Pd, Kepala SMAN 1 Cikancung
majalahsora.com – Pelaksananan poé kadua UNBK SMA taun 2017 (11 April 2017), ngujikeun pelajaran matematika. Méméhna poé Senén 10 April 2017 kamari, ngujikeun mata pelajaran basa Indonésia. Eta téh kaalaman ku siswa kelas XII SMAN 1 Cikancung, nu ayeuna keur sibuk nyanghareupan UNBK, poé katilu jeung kaopat.
Di sakola nu dipingpin ku Drs.Tédi Hérmanto, M.M.Pd., kacatet aya 292 siswa nu ngiluan UNBK nu munggaran dilaksankeun di SMAN 1 Cikancung téh. Jolna ti tilu jurusan, nya éta jurusan Bahasa aya 40 urang, ti jurusan IPS aya 145 urang sarta ti jurusan IPA aya 107 urang.
“Alhamdulillah pelaksanaan UNBK dinten kahiji sareng kadua di SMAN 1 Cikancung téh bajalan lancar. Teu aya masalah,” saur Pa Tédi, ngalangkungan sambungan telepon.
Kagiatana UNBK-na dibagi tilu sési, isuk-isuk, beurang jeung pasosoré. Jumlah rohanganana aya lima. Jumlah komputerna aya 100 siki. Jumlah serverna aya tilu katambah cadangan hiji. Pengawas silangna guru ti SMAN 1 Nagrék, kira aya 15 urang. [MS]***