Turun tina taksi, kuring asa-asa rék ngaléngkah asup ka gerbang téh, da kudu ngaliwatan heula penjagaan nu dijaga ku satpam. Sieun ditanya, rék balik deui téh piraku. Geus ngahaja jauh dijugjug anggang ditéang, pasti bakal handeueul sagedé gunung. Geus apal kana adatna Jaja, kacipta manéhna bakal ngawékwék nyarékan ka kuring, ku naon ngamomorékeun kasempetan nu boa keur kuring mah éta téh panungtungan panggih jeung Kang Ilyas.
Ngadon reg eureun di handapeun tangkal mahoni. Satpam nu keur piket nyérangkeun ti kajauhan, rarasaan bangun mureleng. Moal kitu aya kacuriga. Ah, meureunan rarasaan sorangan wé. Kuring inget ka omongan Jaja nu peuting tadi datang ka imah.
“Nyanggakeun panglayad kanggo tuang rama, Abdi gaduh picarioseun penting,” cék manéhna.
Jaja, nu ku kuring geus dianggap adi pituin, biasana loba seuri jeung heureuy, peuting tadi mah paromanna alum, milu sedih. Kuring ukur kunyem, cipanon nu geus saat, nyalangkrung deui dina kongkolak, asa rék bedah mapay pipi. Geuwat nyokot tisu nu aya dina méja.
“Ngeunaan naon, Ja?” Kuring nanya bari nyusutan cipanon.
“Perkawis Kang Ilyas,” cék Jaja halon.
Ngadéngé ngaran manéhna, haté ujug-ujug nyeblak. Panggih jeung Jaja haté kuring beuki kasuat-suat. Wawuh ka Kang Ilyas téh pedah baé manéhna dunungan Jaja. Sanajan lain dokter maneuh nu ngalandongan Apa, tapi Kang Ilyas téh salah sahiji dokter nu aya pakuat-pakaitna jeung panyawat Apa. Sababaraha kali kuring panggih jeung manéhna. Nya ti Jaja, kuring remen nampa salam nu manjang jadi silaturahmi jeung Kang Ilyas.
“Selamat siang,” cék hiji sora, sihoréng éta satpam nu tadi, geus nangtung di gigireun bari ngahormat. Manéhna nanya ku basa Indonesia, aya kaperluan naon kuring ka dinya.
“Saya keluarga tenaga kesehatan yang mau diberangkatkan tugas,” témbal kuring arapap eureupeup. Éta satpam langsung unggeuk tuluy nuduhkeun jalan ka beulah kalér. Enya baé, nepi ka dinya téh geus loba jelema ngagimbung. Kuring culang-cileung néangan Kang Ilyas. Kumaha néanganana? Dedegan petugas kesehatan kabéh ampir sarua kitu, da maraké seragam.
“Wayah!” cék sora lalaki ngagebah bari nepak leungeun kuring. Dilieuk téh, geuning Jaja? Mani atoh, jadi aya batur pakumaha néangan Kang Ilyas.
“Tos kapendak, Ceu?” Jaja nanya bari mésem. Kuring molotot. Éra parada, asa diseungseurikeun, jaba keur loba jelema. Tapi da boa, maranéhna teu engeuh. Jaja seuri leutik tuluy ngabalieur, api-api néangan Kang Ilyas.
Tadina mah kuring téh teu sudi teuing ari kudu nepungan Kang Ilyas di dieu. Kaimpleng basa geletuk Apa pupus, kuring keur meujeuhna bingung, sedih, handeueul, sagala rasa pagaliwota dina jero dada. Langit ngadak-ngadak asa rék runtuh. Kuring butuh leungeun keur kumareumbing, nulungan haté nu kabulen ku rasa tunggara. Kahayang mah, éta leungeun téh nu Kang Ilyas, tapi kuring ukur ngimpi. Sugan aya manéhna nyampeurkeun ka rohangan, ieu mah euweuh pisan. Kadéngé baé omongan manéhna basa panggih panungtungan.
“Hapunten. Akang teu acan tiasa nepangan sepuh Maé,” cék Kang Ilyas basa kuring nanyakeun ka manéhna, yén kungsi jangji rék mileuleuheungkeun kuring ka Apa sareng Ibu. Sedihna haté harita teu bisa kagambar. Nepi ka imah tuluy baé muru kamar, nyuksruk dina bantal. Kahayang mah meungpeung aya kénéh Apa, bagja temen upami anjeunna tiasa nyaksian sakaligus ngawalian kuring nyandingkeun Kang Ilyas. Kuring boga tékad rék ngajauhan manéhna.
Teu ngabibisani, Kang Ilyas kungsi ngajak ka kuring sababaraha kali ka balé nyungcung, ngan waktuna teu pas waé. Apa pulang anting ka rumah sakit. Salaku anak, salami Apa nu aya di Bandung téh pan ngan kuring nu bisa ngagulanggaper anjeunna. Lanceuk-lanceuk mah ngumbara di kota séjén.
Dua minggu ti harita Apa lebet ka rumah sakit, panyawat jantungna karugrag deui. Apa teu tiasa kulem, adug lajer nyepengan dadana nu kiwa, bangun nu sesek. Saur dokter, jantungna kedah baé dioperasi. Kulawarga badami, kaputusan saréréa ngidinan Apa dioperasi. Tariking takdir, operasi Apa gagal, dugi ka ngantunkeun alam dunya.
Tamu murudul ti suklakna ti siklukna nu ngalayad ka Apa, da dihenteu-henteu ogé kapungkur Apa téh kalebet inohong nu dipihormat ku balaréa. Kuring rét deui, rét deui kana lawang panto. Sugan jeung sugan Kang Ilyas datang, tapi nu dianti-anti téh teu embol-embol acan nepungan kuring atawa kulawarga. Éstuning pleng les, teu béja teu carita. Ari kuring rék nanyakeun kaayaan manéhna kana telepon atawa Whatsapp, piraku. Salaku awéwé asa teu boga harga diri.
“Ceu, antosan di dieu atuh nya? Wios, Kang Ilyas ku abdi badé dipilarian,” cék Jaja bari amitan. Kuring unggeuk tuluy nganuhunkeun. Asa teu sanggup tuda néangan Kang Ilyas, ngurilingan lapang nu sakitu gedéna, kawas néangan jarum dina jarami.
Panon nuturkeun Jaja ka mana ngaléngkah. Katempo ti kajauhan manéhna nelepon, tuluy leumpang deui muru ka tempat nu rada jauh. Sajeroning nungguan, inget kana omongan Jaja nu ngayakinkeun kuring yén kudu pisan nepungan Kang Ilyas.
“Wayahna Ceu, tepungan Kang Ilyas,” cék Jaja.
“Keur naon Ja, manéhna gé teu inget-inget acan ka Ceuceu nu keur kapapaténan,” cék kuring tatag. Jaja teu béakeun omongan tuluy ngolo kuring.
“Ieuh, bilih Ceuceu hoyong terang mah,” cék Jaja. Derekdek manéhna nyaritakeun kaayaan nu sabenerna. Harita basa Apa rék dioperasi, kuring kabagéan ngemitan, kulawarga nu séjén can daratang. Kuring aya perlu rék nyokot obat nu Apa ka apoték. Kabeneran aya Jaja di dinya, nya kuring mihapékeun Apa ka manéhna. Sabot kuring kaluar, cenah aya Kang Ilyas nepangan Apa.
“Kang Ilyas jangji badé mileuleuheungkeun Ceu Maé, tapi hanjakal kedah nohonan tugas nu kacida abotna,” cék Jaja bari melong ka kuring. Ngadéngé béja kitu ti Jaja, kuring bati olohok. Aya atoh, aya kagagas. Hayang ceurik, emut ka Apa.
“Tapi, naha mani taya béja pisan ka Ceuceu, Ja?”
“Kang Ilyas gaduh kasieun. Namina ogé tugas di daérah tebih, teu terang bakal kumaha. Utamina masalah yuswa,” témbal Jaja tatag. Kuring ngahuleng.
Ngong sora sepéker ti beulah ditu, aya béwara yén sakabéh tenaga kesehatan kudu geus siap apél di lapangan jam 10.00 WIB. Kuring ngarérét kana arloji nu meulit dina leungeun. Dua puluh menit deui. Duh, Kang Ilyas can datang kénéh baé.
Geus teu genah cicing. Nénjo kulawarga batur nu keur sosonoan, loba nu silih akeup jeung kulawargana tuluy dipoto babarengan. Ieu haté mani kumejot, hayang geura panggih jeung Kang Ilyas. Ari rék ngaléngkah néang manéhna, bisi nyampeurkeun ka dieu. Lamun teu ditéang, bisi waktuna kaburu béak. Antukna ngahuleng. Ngarérét deui kana arloji, saparapat jam deui. Ah, mending ditéang, bisi kaburu apél mantén. Karék gé saléngkah, ana gep téh aya nu nyekelan leungeun kuring ti tukang.
“Maé!” cék hiji sora halimpu nu remen dédéngéeun dina ceuli kuring. Éta sora rada hah héh hoh. Kuring malik ka tukang. Bréh, paroman Kang Ilyas mani marahmay, sanajan beungeut kasépna dipapaés ku késang renung, meureun balas lumpat muru ka tempat kuring.
“Kang Ilyas,” cék kuring ukur wasa nyebut ngaranna.
“Hapunten Akang,” cék Kang Ilyas, paromanna ngadak-ngadak jadi alum.
“Ku naon Akang mani teu wawartos ka abdi badé tugas tebih,” cék kuring. Omongan kuring nu ngaburudul teu kebat da kaburu biwir, ditungkupan ku curuk manéhna. Ramo kuring dicekelan pageuh. Manéhna neuteup mani anteb tuluy nyusutan panon nu carindakdak.
“A Ilyas!” Ujug-ujug kadéngé aya sora awéwé ngageroan. Kuring jeung Kang Ilyas ngalieuk ka nu lebah datangna sora. Éta awéwé ujug-ujug nyeledek, misahkeun leungeun kuring jeung Kang Ilyas. Manéhna tuluy ngagabrug ka Ilyas teu sirikna digaléntoran.
“Aa! Ih, mani téga teu ngawartosan badé angkat téh. Jaba mani sono Emay mah tos lami teu tepang sareng Aa!” Cék éta wanoja, bari tuluy nangkeup deui mani pageuh.
Nénjo kaayaan kitu, tangtu baé kuring reuwas kacida. Rey, beungeut téh asa karérab meureun katempo ku batur mah beureum asak bakat ku ambek. Saha éta awéwé téh? Teu boga sopan pisan! Kabogoh Ilyas kitu? Boa-boa salila ieu ngaleungit téh akon-akon, lain pédah aya tugas tapi bobogohan jeung éta awéwé! Dasar lalaki teu bisa dipercaya! Batin kuring ngocoblak.
“Muhun, May, ih, ieuh, isin ku nu sanés,” cék Ilyas bari ngaleupaskeun tangkeupan éta awéwé, tuluy ngarérét ka kuring.
“Ah, Aa. Pan sono atuh, jaba badé dikantunkeun lami.”
Ngadéngé omongan éta awéwé mani ogo, ieu dada beuki ngagolak jeung peurih karasana. Teu sangka Kang Ilyas bet midua haté. Keur naon atuh datang ka dieu ari kuring rék diéra-éra mah? Jalma nu ditéang téh sihoréng kabogoh batur? Nu kitu téa mah Si Jaja, ngadon ninitah nepungan manéhna. Teu antaparah, kuring buru-buru ngajéngkat rék lumpat.
“Maé badé ka mana?” Kang Ilyas néwak leungeun kuring. Ku kuring diképéskeun. Teu didéngé tuluy baé ngabéngbéos. Kang Ilyas ngudag, satékah polah leumpang sajajar jeung kuring.
“Maé! Punten, dangukeun heula kasauran Akang. Dangukeun heula, Geulis!” Kuring kalah lumpat satarikna, ngajauhan manéhna. Bakat ku sieun kaudag, panon kuring balangah antukna suku tikudawet. Awak ngoléang, tapi karasa aya nu nyanggap.
“Sing atos-atos Ceu, bilih geubis! Nya badé ka mana atuh?”
Sihoréng Jaja.
“Jaja, manéh mah kacida! Jauh-jauh Ceuceu ka dieu ngadon meunang kaéra!”
“Kaisin naon ari Ceuceu, ujug-ujug bendu?”
“Tuh! Kabogoh Kang Ilyas nyusul ka dieu,” cék kuring bari nuduhkeun ka tempat nu tadi. Jaja kerung bari nyidik-nyidik tuluy ngabarakatak.
“Ceu, éta mah Maya, raina Kang Ilyas nu bungsu!”
“Leres, Maé!” Cék Kang Ilyas bari harurah-haréhoh sihoréng geus aya di gigireun.
“Maya téh calikna di Jatinangor, nuju kuliah. Hapunten, Akang tacan kantos nepangkeun bakat ku pakepuk téa ku padamelan,” cék Kang Ilyas sabada ngareureuhkeun rénghap ranjugna. Kuring melong ka Kang Ilyas. Neuteup kajujuran dina socana.
“Hapunten abdi, Kang,” cék kuring dumareuda.
Sora sepéker geus kadéngé deui, ngabéwarakeun yén para tenaga kesehatan nu rék miang geus wayahna kumpul.
“Mugia urang tiasa patepang deui Maé,” cék Kang Ilyas bari celengok nyium tarang kuring. Teu kaburu ngajawab da manéhna tuluy lumpat muru lapang. Bral, geura miang Kang. Aya kasono jeung kamelang awor ngahiji dina haté nu pangjerona. ***
P 13 Tanjung